Ku: Andang S. Argayuda
Di wewengkon pileuweungan gunung Kerinci, Jambi. Aya carita anu turun-tumurun, yén di pileuweungan Kerinci nepi ka Sei Tabir, aya pilemburan anu pangeusina maung kabéh. Anu ku urang dinya disebutna Maung Campa, mun di urang mah maung kajajadén. Teu sagawayah kawénéhan, tapi geus jadi sabiwir hiji loba jalma anu manggihan maung campa.
Basa keur ngalalana di leuweung ganggong Sei Tabir, ngeunaan maung campa sering dicaritakeun ku urang uluan. Utamana anu geus jaradi datuk, sok ngawanti-wanti lamun pareng panggih. Cenah ulah sompral, ulah suaban. Ulah niup suling wanci peuting, cenah sok didatangan ku maung campa. Dienyakeun ari hareupeun maranéhna mah, tapi dasar jiwa nu keur bedang wangkelang teu ieuh aya anu diturutkeun.
Dina hiji poé, duka poé naon. Duka bulan naon. Da ti saprak leuleuweungan ogé teu apal di poé, teu apal di bulan, pon kitu deui taun. Keur ngangkleung dina parahu, mapay-mapay Sei Tabir muru ka hilir. Leuweung geledegan anu kasorang diharudum halimun, jempling lir nyorang alam siluman. Sakapeung hahariringan, ngabeberah haté anu keur bingbang.
Lebah ngamuarana Sei Bungo ka Sei Tabir, léok parahu dipéngkolkeun ngajauhan puseuran. Na atuh teu ku hanteu, jol jeduk aya balok kai anu kacida gedéna nubruk parahu. Galéong…, gejebur parahu téh titangkub. Kerelep, awak nu teu bisa ngojay téh kalebuh kana umpal walungan anu keur motah.
Awak roroésan ngobahkeun leungeun jeung suku, tapi batan mumbul malah beuki ngerelep ka dasar walungan anu jerona teu bisa kaukur. Pipikiran mimiti gingsir. Ras ka nu jadi indung, ras deui ka nu jadi bapa. Reup peureum, batin jumerit sumambat ka Nu Ngersakeun, ka Nu Ngusik Malikeun. Alloh Robbull Allamiin.
“Ema……!. Pileuleuyan”. Dina sésa rasa anu masih kawasa, maksakeun ngajerit nyambat-nyambat nu jadi indung. Anu salila ieu dipimelang beurang peuting. Méméh les, bet asa aya anu ngarawél pigeulang bitis. Saterusna teu inget di bumi alam.
Barang lilir, sababaraha kali gigisik asa teu percaya ku tetempoan. Di hareupeun ébréh aya tangtungan awéwé geulis. Dibaju long dres tina sutra bodas, dipasieup ku karémbong bodas. Rambutna ngarumbay panjang, galing muntang. Imut ngagelenyu, dibarung teuteup soca nu iuh linduk. Matak waas.
Rét ka sisi-ka gigir, plong tetempoan jauh sawangan. Alam héjo ngémploh, tatangkalan parentul ngabérés lir meunang nata ngaréka. Kembang-kembang leuweung keur sumedeng mangkak bareukah, seungitna dumalingding nembus ati sanubari. Angin leutik humiwir ningtrimkeun lelembutan.
“Tah, geuning akang téh tos éling ?”. Aya sora halimpu nembus acining kalbu nu keur kaeunteupan ku kabingung, ngalilirkeun rasaning ati nu ti tadi asa owah gingsir.
“Ké, kapan Kuring téh jalma doraka. Loba dosa. Naha geuning bet aya di Sawarga? Kapan sakuduna mah ngagebrus kana seuneu Naraka?” Satengah humandeuar bakat ku hélok kana kanyataan, da geus moal salah deui ieu téh aya di alam sabada maot. .
“Ari kitu, uninga ti mana pami akang nuju aya di Sawarga?” Nu boga sora halimpu tumanya dibarung sorot soca nu ngagenclang hérang, sorot soca nu iuh linduh kana kalbu.
“Alam nu éndah, angin humiliwir tingtrim, tutuwuhan ngémploh héjo, kembang-kembang ambarukma nembus rasa. Tapi anu ngayakinkeun pisan mah, aya widadari anu geulis kawanti-wanti”. Moal salah, sabab ceuk katerangan ogé ciri-ciri sawarga téh siga kieu.
“Deudeuh teuing akang, kapan ari sawarga mah ayana di alam ahir, sanés di alam anu ieu. Alam ayeuna.” Widadari téh ngajawabna bet matak teu kaharti, siga anu ngahaja ngadoja kana kanyaho.
“Ké Nyai, ari kitu kuring téh sabenerna keur aya di mana ?”. Da asa kakara manggih alam siga kieu mah, ari tutuwuhan mah di leuweung panyabaan ogé patingharelung jarangkung. Ngan di dieu béda, angin karasana matak tingtrim kana ati. Kembang-kembang sareungit anu di alam dunya mah hésé manggihna, di dieu ngampar éndah siga di taman karajaan.
“Nya masih di alam dunya, Akang. Mung ieu kalebet alam nyamuni, alam anu teu tiasa sagawayah katingali ku bangsa manusa.” Nu geulis ngajéntrékeun kaayaan anu sabenerna, matak beuki hélok.
“Lamun ieu mangrupakeun alam dunya, artina Akang masih hirup?” Ngaakangkeun, da bongan manéhna nyebut waé akang. Laju nguniang cengkat, celetit nyiwit pingping sorangan. Gurubug…., awak ngagurubug banget karasa nyeri. Jadi bener geuning masih hirup.
“Hi… hi, ku naon Akang ?”. Nu geulis kalah nyeungseurikeun, siga manggihan pikaseurieun. Padahal sorangan pangna kitu téh bakat ku hayang ngabuktikeun, masih hirup ta geus aya di alam sabada maot.
“Pami ieu alam anu disebut alam nyamuni, dupi Nyai saleresna saha sareng bangsa naon ?”. Ngawani-wani manéh tumanya.
“Pami palay uninga, hayu atuh urang ka lembur Abdi. Tuh ti deu katingali témbong gelor, di léngkob sisi walungan Tabir.” Nu geulis teu daékeun ngabéjakeun ngaran ogé kaayaan dirina, kalah ngajak lumantung bari nuduhkeun lemburna.
Tuturubun mapay jalan satapak duduaan jeung nu geulis, haté koléar simbar teu puguh rasa. Saumur hirup asa kakaraeun manggih nu geulis siga kieu. Lembur panuduhan nu geulis ébréh témbong runggunukna, imah-imah aralus tur wareweg. Siga karajaan di jaman baheula. Anjog ka gapura dibagéakeun ku rombongan awéwé ngarora tur gareulis, kabéh pada sideku ngadon ngahormat ka nu geulis.
“Wilujeng sumping, Putri!” Kabéh nyebut putri, teu nyangka sacongo buuk geuning nu geulis téh putri raja. Paingan mani rancunit alus rupa hadé wanda. Tapi anu pangkagétna pisan mah, sakabéh anu ngahormat tur ngucap salam ka putri, bet sarihungan. Naha bangsa nanahaon?
Leumpang beuki jauh ka jero lembur anu raresik tur éndah katempona, jalan anu disorang mangrupakeun jalan gedé.. Leumpang angger pagéndéng jeung nu geulis. malahan mah asa beuki adek. Unggal aya imah anu kaliwatan ku anéhna loba daging sato ngabugigag di buruan, getihna masih ulaweran. Beuki hémeng, beuki teu kaharti naha ieu téh keur aya di mana. Bakuna jiwa jeung pangrasa kacantu ku kageulisan anu aya gigireun, jadi teu wani loba tatanya.
Srog deui ka gapura anu leuwih alus tur tohaga, dua gulang-gulang tapak deku ngahormat nu geulis. Nu duaan ieu ogé sarihungan, matak beuki hélok.
“Wilujeng sumping Putri Intan Baiduri, mangga dilajeng margi diantos ku tuang rama di istana”. Beu, jadi bener ieu anu gigireun téh putri raja di ieu karajaan. Kalayan ngaranna tadi disebutkeun ku gulang-gulang, cenah Putri Intan Baiduri. Kajawab sakabéh pananya tadi ka nu geulis téh.
Lebah péngkolan aya imah alus, nenggang. Panasaran reg ngarandeg, panon ngarérét ka lebah buruan imahna. Bréh aya sababarah urang wanoja gareulis keur marebutkeun daging, tina sungutna ulaweran getih beureum. Horéng anu keur diparebutkeun téh daging uncal anu masih atah kénéh, pada ngorowot. Siga maung keur ngadahar mangsa boroannana.
“Laillahaillalloh. Allohhu Akbaaar”. Teu karasa jol ngucap tahlil jeung takbir. Na ari riyeg, bumi alam ngadadak oyag lir kagibegkeun ku lindu anu kacida rongkahna. Séooooor…. angin ngaguruh lilimbungan, tangkal jarangkung pating pelenoy siga rék peunggas.
“Aduh cilaka Engkang, karajaan teu nampi kana kasumpingan salira. Engkang kedah énggal kaluar ti ieu karajaan. Pibalaieun,” nu geulis hariweus-weus. Nitah buru-buru mulang, Tapi pan teu apal di jalan.
“Kang énggalkeun, teu aya deui waktos. Abdi teu rido pami Engkang kacilakaan, énggal geura angkat.” Deui-deui nu geulis téh hariweus-weus bari ngajujurung, kudu buru-buru kaluar ti éta tempat.
“Atuh angkat téh, angkat ka mana ?. Pan Akang mah teu apal jalan”. Kalah ka bingung nu teu panggih jeung tungtung. Ti tatadi ogé sangli, teu apal di kalér jeung kidul. Duka keur aya di mana, duka di mendi.
“Luncat Kang, tah kana jungkrang nu éta”. Nu geulis nitah luncat kana jungkrang nu lungkawing, teu katempo dasarna da poék ku pepedut. Atuh batan nurut mah kalah ngarengkog, da asa piraku kudu ngaragragkeun karep kana jungkrang anu teu katempo dasarna.
“Kaaaang… pileuleuyan”. Sanggeus ngucap kitu, nu geulis ngababuk tonggong bari semu didorong. Atuh koléang…, awak kumalayang nyorang jungkrang nu lungkawing. Jungkrang nu teu katempo dasarna. Blus ka nu poék, jeduk asa nubruk nu keunyal-keunyal. Les teu inget di bumi alam.
Barang lilir langsung rarat-rérét ka sakuriling bungking, geuming leuweung geledegan. Rét kana waruga, horéng keur nyangsaya dina akar kai gedé sisi walungan Tabir, teu jauh ti tempat kajadian waktu tikelebuh. Sei Tabir anu tadi keur ngagulidag banjir, geus ngorotan teu cara tadi. Awak ngalungsar dina kikisik, bari ngumpulkeun deui lelembutan anu asa tingaleun di nagri maung.***
# mangsa ngalalana di Sei Tabir taun 1976
katerangan:
Puriding Puringkak Kasarung ka Nagri Maung karyaAndang S. Argayuda kantos medal di Manglé nomer 2773.