Nasution Co

Hirup téh gening loba saruana batan bédana. Sarua ngaran, sarua deuih pamakéna. Tungtungna sok salah jelema da marukana keur aya urusan jeung manéhna. Enya éta pisan nu kaalaman ku kuring basa salah numpak ojég.

Di terminal Leuwipanjang, ojol boh Grab boh Gojek ngagimbung di sababara titik. Anu panglobana mah ngariungna téh di halteu nu aya tulisan ‘Terminal Leuwipanjang’. Ari keur beurang mah rada carang da mémang loba nu ngadarogan. Ari peuting mah teu sirikna ngajajar. Jadi sok samar nu mana nu keur nungguan jeung ngajemput téh.

Kacaturkeun ti Leuwipanjang kuring deuk ka ITC Kebon Kalapa. Poé Ahad pukul salapan. Nu pesen mah kacirina jarang. Da teu kaur ngadago jol disampeurkeun. Kuring gé gercep. Teu lila langsung nyangut.

“Di palih mana A’?”

“Di halteu nu aya seratan Leuwipanjang,” cekéng téh.

“Mangga, abdi di payun nu aya huruf N. nopol…”

Teu kudu ditulis pelat nomerna mah. Ngan nu sidik ditémbal kitu mah kuring gancang leumpang ka hareup. Jol aya nu nanya, driver dirompi hideung, buukna rada jabrig.

“Kang Édi, badé ka ITC?”

Kuring unggeuk. Laju nuturkeun. Teu ditempo heula pelat nomerna da sidik nyebut ngaran uing jeung tujuanana sarua.

“Ka mana Lur?” Tanya driver hiji deui. Kawas keur ngadagoan orderan.

“Ka ITC, hayu ah.” Cenah bari ngasongkeun hélem ka kuring.

“Sarua atuh…” ceuk driver nu maké motor Beat. Beat kaluaran heubeul.

Teu papanjangan. Kuring tumpak kana motor Beat kaluaran anyar. Laju nempo maps dina aplikasi.

“Saéna nganggo jalur mana nya Kang?”

“Mana wé teu langkung,” cekéng téh. Kuring rada kerung sabot ningali dina maps, motor téh teu maju. Padahal geus ngageuleuyeung.

Rada curiga téh, aya deui pesen nu asup.

“Kang di palih mana? Abdi di payuneun huruf N, nganggo motor Beat nopol…”

Kuring teu nyebutkeun nopolna. Komo nyebit kana mérek motorna mah. Langsung waé ku kuring ditanya driver nu keur ngaboncéng kuring. “Punten dupi Akang sareng Héndra Sobarna?”

“Abdi mah Héndra Wiguna, Kang. Héndra Sobarna mah nu naros tadi,”

“Oh atuh lepat Kang. Nu nampi orderan mah namina Héndra Sobarna,”

“Oh kitu! Aduh kedah uih deui, untung teu acan tebih,” motor gancang ka katuhu, nimu bélokan langsung muter.

“Hapunten Kang. Lepat abdi…”

“Muhun wios. Duh ku tiasa sami kieu nya, da abdi mah nu pesen téh atas name Édi ka ITC,” témbalna téh bari seuseurian.

Motor téh muih deui. Nyampeurkeun ka driver nu keur ngadagoan di hareupeun huruf N. manéhna bangun nu geus curiga.

“Tah ieu Héndra Sobarna mah. Aduh hampura salah mawa penumpang,”

“Paingan wé. Tuh Si Bapa itu gé bangun nu keur ngadagoan,” ceuk si driver Beat heubeul. Bapa jakét coklat nyampeurkeun. Langsung naék. Kuring pindah motor.

“Tiasa kieu nya Kang?” kuring masih bingung.

“Sering kieu téh Kang,” pokna téh diselang ku seuri. “Numawi abdi ngawartoskeun pelat nomer gé supados henteu pagentos, héhé.”

“Muhun Kang da wengi sok wegah nitenan pelat nomer téh. Disanggap wé nu ngajak téh.”

Kuring jeung driver seuseurian. Mani ku sarua. Éta ngaran kuring jeung tujuan. Duh, ngan pédah kuring mah ngora kénéh, Édi nu hiji deui mah geus kolot.***

 

Édi Sugandi

Kasomalang, Subang