Énténg bangga boga pacabakan jadi tukang ojég on line téh. Loba oge pikaseurieun jeung pikasieuneunana.
Kawas malem Senén harita, ampir pukul sawelas bérés nganteurkeun panumpang. Ceuk pangrasa geus cukup poé ieu mah. Targét panumpang ogé geus leuwih ti biasana. Bérés nutup orderan, HP dipareuman. Méméh mulang nyimpang ka ATM bari sakalian meuli keur boroeun budak jeung indungna. Dua péngkolan deui nepi ka imah, di hareup aya nu ngajanteng bari ngulangkeun leungeunna. Motor dilaunan. Tangtungan nepi ka nu keur ngajanteng, lalaki ngora kénéh maké jékét hideung leungeunna nu sabeulah teu kaciri kawas nu diasupkeun kana jero jéketna. Ceuk pikir tiriseun meureun pedah pepedut kandel. Beungeutna teu pati écés katutupan topi nu rada dilelepkeun. Reg motor hareupeunana.
“Ka pengkolan saté, Mang!” pokna.
“Badé wangsul abdina, Kang! Ka pengkolan saté mah kedah balik deui atuh.”
“Moal lila atuh, Mang!”
Éléh déét jeung watir kana warugana nu semu langlayeuseun. Clak manéhna di tukang. Motor rada ngarieg karasa beurat, tapi beuki lila asa beuki ngahampangan, nu diboncéng ngahéphép. Teu kungsi sajam nepi ka nu dijugjug. Méméh turun karasa manéhna ngasupkeun leungeun kana saku jékét.
“Mang, ongkosna di asupkeun kana saku jékét tah,” pokna bari turun, tuluy ngaléos asup kana gang nu poék. Sabada nganuhunkeun belenyeng wé mulang.
Geus tengah peuting datang ka imah téh, dibagéakeun ku kamelang pamajikan. Manéhna hariweusweus cenah tadi bada asar aya nu tabrakan motor jeung treuk lebah péngkolan saté. Nu tumpak motor maot sapada harita samalah leungeunna buntung kagiles ku treuk.
“Akang pikamelangeun, di telepon teu diangkat waé,” ceuk pamajikan mungkas caritana.
Haté ngalenyap, ras inget cikéneh ngaboncéng panumpang anu sabeulah leungeunna disumputkeun kana jero jékétna. Rumpu-rampa kana saku jékét, karasa ongkos ojég nu tadi disesepkeun ngajendul, dikodok dikaluarkeun. Pamajikan molohok ningali kuring ngaluarkeun keupeulan daun kiasem garing tina saku. Aya duit dua ratus nyelap dina sela-sela daun garing.
Pamajikan beuki nyempod waktu kuring nyaritakeun sora panumpang rada ngirung.***
Pangalengan – Iis Karyatie