Nasution Co

Gara-gara Sarakah

Ku Aulia Rahayu

 

Kudu buru-buru dieusian ieu mah! Awak karasa geus teu ngeunaheun. Leumpang asa ngoléang. Sirah bareurat, jaba héhéaban. Beunteung karasa murel—ti tatadi hayang sao’oeun wé, ongkék. 

Maenya salatri mah? Meuni ngadégdég kieu tuda, pan tadi lohor teh geus dahar. Piraku geus lapar deui, jiga nu teu dahar dua poé waé.

Kriiiinnggg!!!

Geuwat ngodok saku. Pamajikan nelepon.

Masker di kana beuheungkeun.

“Ya…, heueuh… heueuh…” halis rada naék. “kumaha?!”

“Mu-muhun kamari téh…” 

“Teu jelas ah… sok kumaha? Ulah rurusuhan atuh nyariosna.” rada nyereng, kabawa pangaruh ku awak anu karasa pasiksak. 

Tuur nyorodcod, gék dina bangku.

“Muhun, kamari wengi…”

“Naon kitu?”

“Wengi téh kira-kira tabuh sabelasan lah, dipayuneun bumi aya nu gagasrukan duka naon, meuni gandéng. Badé ditingal, sieun. Ngadedempés wé di kamar.”

“Waahh…”

“Muhun. Tah tadi basa énjing-énjing muka panto, si Dede nimu bungkusan kérésék hideung saageung peureup, dipayuneun panto. Saha nya nu nyimpen di dinya, nya?”

“Kérésék naon? Naon cenah eusina?”

“Duka, teu wantun ah mukana gé….”

Kerung. “Oohh…, nya engké ditingal atuh ku akang.”

“Tah saméméhna, dua dinten ka pangker di—luar—lebah dapur meni gandeng sada nu gegesrukan kana témbok.”

“Waahhh…”

“Muhun…”

“Naon ceunah?” 

“Iihh.. duka?”

“Éntog meureun?”

“Didangukeun téh, sanés da.”

“Halig!”

“Iiihh….”

“Éta muringkak teu?”

“Komo wé. Ngahéphép, diharudung simbut bari nangkeup budak, da sieun.”

“Ahhh… lain nanaon éta mah…” ngahaja neger-neger pamajikan. “lobakeun babacaan wé…”

“Muhun éta gé. Tapi naon nya, Akang iraha atuh uihna?”

“Soré ayeuna gé uih.”

“Muhun atuh. Kadé wé dijalanna sing tarapti, anggo masker bisi…”

“Enya.” seuri. “nya… biasa wé susulumputan tina check point, horéam lah mun kudu diInfrared téh. Tuda lain sieun-sieun teuing ku virusna, tapi reuwas wé…”

“Muhun, sok atuh nya.”

“Éééhhh enya, ari tanah nu pa Maman téh masih kénéh ditatawarkeun teu??”

“Masih, naon kitu?”

“Akang gaduh milik ageung.”

“Muhun kitu?”

“Naha ihh… teu atoh?”

Aahh… paling ge prank.”

Mareuman hapé.

Kapikiran. Lamun mah dilebah-lebah, naha bet ampir bareng waktuna antara kajadian di imah tadi peuting, jeung awak nu jadi kieu ayeuna. Panas tiris teu eureun-eureun, sarua ti peuting tadi. Irung jeung panon arateul waé, hayang sagap-gapeun nyampa—tapi pan ulah cenah ceuk dina berita gé keur usum kieu mah bisi keuna ku… iiiyy….

 Tikoro karasa nyeri balas ku batuk waé. Duh palias teuing mun…, sing jarauh kétah…

“Limabelas rébueun…, A.”

“Ohh… nuhun, bu.” kagareuwahkeun. 

Sanggeus babayar, buru-buru ka kontrakan, geus teu kuat leumpang acan sabenerna mah. 

***

Bet jiga bangsat waé. Unggal ningali polisi, atawa dinas kaséhatan nu keur ngajéngjréng di jalan haté téh kontan ngarempod. Tuda palaur mangkaning awak keur kieu. Da lamun diukur mah geus pasti suhu awak téh leuwih ti 36 darajat selsius. 

Motor sulungkar-salingker di sagigireun mobil. Tungkul bari babacaan, angkanan ngarah teu kapanggih ku polisi. Kitu jeung kitu wé sabot panggih jeung tempat check point téh.

Moal rék ngajago keur kieu mah. Tuda bakal panjang lalakonna. Gawé teu diperé— kétah lamun peré gé moal boga duit deuih—jaba lamun beunang ku polisi, atawa ku dinas kasehatan nu maregat di jalan pasti bakal dikarantina semet patlas poé mah—jadi ODP.  Jadi moal rék jajagoanan!

Alhamdulillah, ahirna mah nepi ogé ka imah. 

Nyetandarkeun motor. Muka jékét, lung kana gantar popoéan. Ngalungkeun kantong kana méja.

“Assalamulaikum…, Umi…”

“Waalaikum salam…, euleuh tos dugi ning, teu aya nanaon di jalan?” ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman.

“Ké.” bari gideug.

“Naha?” kerung.

“Akangna nuju kieu.”

Ukur melong.

“Awas, akang badé langsung ka cai, badé ibak.”

“Aya naon, kang?”

“Ké!” bari gideug.

“Bapaaa…” budak ngajorowok bari lumpat ti kamar.

“Kedap heula nya, bageur…”

“Mamaah…” budak jiga rék ceurik bari nangkeup ka indungna.

Buru-buru ku indungna diais. “Aya naon, kang?”

Teu ngajawab. Buru-buru wé ka cai. Papakéan langsung dikeueuman maké rinso. 

Dumugi ya Alloh…, naon sagala rupi hal sing jarauh ti abdi… hapunten… boh bilih abdi gaduh dosa…, Gusti… dumugi ku ibakna abdi ieu sing tiasa miceun sagala kokotor, sareng panyakit-panyakit nu nempel dina awak abdi…

Geus kitu mah brus wé mandi. Ceuk bohongna mah disabun gé meuni loba pisan, bakat ku hayang cageur nu arateul dina irung, dina biwir, jeung dina panon.

“Kang, ieu andukna.”

“Simpen wé didinya.”

“Muhun.”

“Engké Umi ulah lebet ka kamar hareup nya? Akang badé di kamar hareup heula.”

Pamajikan unggeuk. “Euuu…”

“Di mana kérésék hideung téh?”

“Di luar wé.”

Unggeuk.

Budak melong bari cirambay…

“Kedap bageur, nya.”

“Muhun, nya?” indungna ngupahan. “cuang jajan wé yu?”

Budak unggeuk.

***

Ti solat Magrib nepi ka jam sakieu teu cengkat tina sajadah. Ngadunga teu eureun-eureun. Nepi ka teu karasa ngaluarkeun cimata sagala.

“Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, nyungkeun dihapunten tina samudaya kalepatan, tina dosa perdosaan abdi, nu karaos boh nu teu karaosna, anu dohir anu batinna, Ampun Gusti… nyanggakeun sadaya-daya…”

Éta nu kaluar sangeus ngarasa geus béakeun kudu ngawirid naon deui, rumasa taya kabisa.

Noong ka tengah imah. Paingan tiiseun, da geus jam duabelas peuting. Méléngékeun panto kamar, pamajikan jeung budak geus talibra… 

Emmhh… hampura bageur, lain teu sono, moal enya bapa népakeun panyakit ka anjeun duaan, da mun enya téa mah aya nanaon, wios bapa wé sorangan nu nanggungna. 

Terus ka dapur, beuteung karasa peurih ménta eusi. 

Ké! Panasaran kana bungkusan plastik anu aya di luar téa. Buru-buru ka luar, enya wé aya deukeut pot kembang. Panasaran, dibuka lalaunan.

Bismillah…, ning? Eusina taneuh beureum.

Puringkak.

Séor, angin ngagelebug. Buru-buru asup ka jero. Karék gé nutupkeun panto…

“Kaluar siah aya kawani mah…!” sora awéwé meuni ngoncrang. Ditungtungan ku sora ngahéos, pikasieuneun.

Gebeg!

Awak kontan tingsaréak.

Tapi, gedé kapanasaran, noong dina kaca. 

Aya nu keur nonggongan hareupeun imah. Dedeganana jiga awéwé–da katingali buukna ngarumbay semet bujur.  Awakna semu herang, ririakan katojo lampu imah. Jiga sisit!

Teu lila, les…

Buru-buru ka kamar. Sabab awak beuki panas, tangka ngadégdég. 

Éta nu bieu naon? Duh Gusti… hampura Umi, hampura geulis anaking, jigana ngan semet peuting ieu hirup téh…

Buru-buru sila dina sajadah, babacaan sabisa-bisa—mun dina enyana gé kudu peuting ieu meureun rada alus ari keur diuk dina sajadah mah.

Hawar-hawar kadéngé nu seuri deui, sarua jiga tadi ditungtungan ku ngahéos. Babacaan kalah ngacapruk.

“Kaang…?” haroshos.

Gebeg!

Duh siah!

 “Kang?” panto ngarekét, lol pamajikan.

“Ampuuunn…!!!” reuwas campur keuheul—teu karasa luncat, ngagabrug pamajikan.

“Iihh… ari akang?!” pamajikan seuri.

“Teuing ah!” baeud.

“Tuda.”

“Aya naon?!”

“Aya WA tah, tapi teu aya namian. Euu…” kerung. “ari Akang tos ngalakukeun naon?”

“Naon kitu?”

Pamajikan ngasongkeun hapé. 

Eusina: “Mun sia rék kitu waé, ulah sambat kaniaya siah!” maké emot anu keur ambek jeung sirah anu tandukan meuni ngajéngjréng.

Gustiiii…

“Naon maksadna, kang?”

Eemmhh… rumasa kabawa ku hawa napsu. Loba kahayang, nepi ka nu lain hakna gé dipaksa rék dipimilik. Hampura, mang. 

“Kang?” ngaguyah-guyah awak.

Boa-boa siah kajadian nu ayeuna téh meureun lain kaserang korona-korona teuing, tapi kiriman ti…

“Muhun, akang lepat. Énjing badé sasadu, sakantenan méréskeun.”

“Istigfar, kang…”

Teu ngajawab.

“Ké…, diémut-émut ku Umi, jadi akang téh ti siang dugi ka tabuh sakieu, nyangka lamun akang téh keuna ku korona, nya?”

Unggeuk.

“Paingan atuh!”

Buru-buru léléndéhan.

“Naon, ieu?”

“Umi bobona di dieu heula nya, baturan akang…” 

“Teuing ah…, bérésan heula tuh, Umi nu reuwasna mah!” *** 08052020 

 

Katerangan:

Puriding Puringkak nu judulna Gara-gara Sarakah karya Aulia Rahayu téh parantos medal di Manglé nomer 2782.