Nasution Co

Nu Ngaréngkol dina Awak

Ku Rogayah

 

Teu katingali tanda téh, da kabeneran nyumput dina pingping beulah katuhu. Tandana mah biasa waé, ilaharna tanda nu aya dina awak, ngegebleg hideung saulas siga pulo Sumatra. Ngan nu matak anéh naha tanda nu aya dina awak téh bet robah ngaharib-harib jeung rupa oray. Ngaréngkol hideung bangun nu betah nyayang dina pingping kuring.

Mimitina mah teu dipiroséa, ah meureun kabeneran waé jeung awak kuring nu ngamimiti ngalintuhan, ngan pikiran kitu téh teu lila, da ti minggu ka minggu téh asa beuki ngécésan rupa orayna. Malah asa katémbong sisit-sisitna ayeuna mah. Reuwas lain meumeueusan jeung teu bisa ibur ka nu séjén, apan  ayana dibagéan awak nu hara-haraeun téa.

Kaayeunakeun mah mun pareng maju kapeuting téh sok asa seunggah, da karasana asa keueung. Puncakna peuting kamari, rarasaan mah asa karék gé reup, geus kahudangkeun deui da kana awak karasa aya nu nyasaran, gagarayaman jeung ngopépang. Ari geus hudang, sidik di kamar téh apan sorangan. Sabot cungelik, karék karasa palebah pingping nu aya tandaan asa nyanyautan, barang ditingali, rada ngagebeg da tanda hideung nu siga oray téh ngadadak leungit.

Antara atoh pacampur jeung reuwas. Asa cangcaya kana naon-naon nu katingali. Meunang hayang miceun tanda, ari ieu hideng leungit sorangan. Keur dina kaayaan suka bungah pacampur jeung reuwas, karek engeuh aya nu anéh di jero kamar, da geuning di palebah juru kamar aya nu ngalumuk hideung, barang disidik-siding, horéng nu ngalumuk téh geuning oray. Panonna beureum ngagebur, anteng nyerangkeun kuring samar laku.

Oray téh ngaleor lalaunan, kuring teu bisa nyingkah atawa ngajorowok, baham jeung awak asa kakonci, sanggeus deukeut oray téh tuluy asup ngaliwatan suku, les waé leungit bareng jeung awak kuring nu ngadadak leuleus taya tangan pangawasa, harita keneh teu inget di bumi alam.

Isuk-isuk  awak karasa leuleus kénéh. Inget kana kajadian nu peuting kaalaman, gura-giru ningali pingping beulah katuhu, tanda hideung nu siga oray aya ngaréngkol. Bulu punduk ngadadak tingsariak, komo barang eungeuh yén ayeuna mah éta tanda téh bet siga urat, ngaréngkolna ngagaleng. 

Lantaran kasieun nu nataku, teu ngadagoan beurang. Gura-giru kuring nepungan Mama Ajengan Basir nu biasa sok jadi pananyaan. Barang anjeunna ningali tanda nu aya dina pingping, katémbong socana rada kerung. Tangtuna aya hal nu teu ilahar di diri kuring.

Beuki yakin, waktu Mama Ajengan nitah terus mondok. “Kedah dipiceun. Ngadodoho ngadagoan waktuna!” Ceuk Mama Ajengan Basir singket. Teu bisa tunya-tanya leuwih jauh, da loba kénéh nu rék tatamba ka Mama Ajengan. Batur mah aya nu ti jauhna-ti jauhna, sukur kuring mah ukur kahalangan ku salembur, jadi teu jauh-jauh teuing.

Asa lila ngadagoan peuting téh. Sanggeus Mama Ajengan rineh ngubaran nu séjeén, tuluy nyalukan ka kuring. Nanya tékték bengék ti mimiti indung bapa nu geus taya dikieuna tug nepi ka uwa kuring nu kawentar jugala di lembur. Kuring gé apan sasatna hirup téh nurut ka uwa nu sok sanajan beunghar tujuh turunan, tapi teu diparengkeun dipercaya boga turunan, da geus tujuh palaputrana kabeh parondok umur, unggal taun pasti wae maot. Kuring tuluy dihiap, ti imah nini nu sataun katukang maot.

Cicing di imah uwa téh teu betah. Enya ogé sagala aya jeung nyampak, tapi asa teu nikmat barangdahar jeung beda siakna. Ukur kuat tilu bulan, tuluy balik deui ka imah titinggal nini. Sabot ngalamun bari mulangkeun panineungan, Mama Ajengan Basir tuluy nyauran.

Mama Ajengan tuluy ngamandian kuring, karasa cai téh tiis ngaleuwihan cai es, tiisna nyelecep nepi ka tulang, huntu noroktok teu eureun-eureun, ngan kaayaan kitu téh kasilep ku kanyeri nu nyanyautan palebah pingping. Tanda hideung nu siga oray téh robah lalaunan jadi beureum euceuy. Katembong tanda téh usik jeung adug lajer bangun nu kapanasan. 

Ari Mama Ajengan teu eureun-eureun ngaguyuran ku cai bari mapatkeun rupa-rupa doa. Tanda nu siga oray angger adug lajer palebah pingping, ngan beuki dieu mah asa beuki maju muru kana tuur, geus kitu tuluy ngaleor muru kana suku, sanggeus nepi kana palebah indung suku, eta oray téh tuluy kaluar ngajauhan bari terus pépeéréngkélan siga nu kapanasan. 

Oray hideung téh tuluy ku Mama Ajengan diguyur cai langsung. Nu diguyur adug lajer pépéréngkélan bangun nu ménta ampun, teu kungsi lila oray téh tuluy hos paéh saharita, geus kitu mah les waé oray téh leungit taya tapak-tapakna acan.

Beres dimandian pingping karasa carangkeul. Karérét tanda nu aya dina pingping téh balik deui ka asal, teu hideung ngaréngkol siga oray deui, tapi hideung saulas gambar pulo Sumatra saperti asalna deui.

Kuring jeung Mama Ajengan bareng ngucapkeun hamdalah. Asa longsong ari geus ditambakeun mah. Bari teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon, orayna paéh di hareupeun pisan. Tangtuna moal aya nu ngaganggu deui.

“Kunaon abdi téh, Mama Ajengan?” cekeng téh hayang meunang katerangan nu pasti ti Mama Ajengan Basir.

Mama Ajengan Basir nu ditaros ukur mesem, tapi teu lila teu burung némbalan, “Teu perlu dibéjér béaskeun meureun, apan hidep geus gedé jeung ngarti meureun kana naon-naon nu tumiba ka diri sorangan?!” pokna.

Kuring unggeuk.***

 

Katerangan:

Puriding Puringkak nu judulna Nu Ngaréngkol dina Awak karya Rogayah téh parantos medal di Manglé nomer 2785.