Ku: Nyi Roro
Bray, panto muka. Ngarénghap jero nénjo kaayaan rohangan sakurilingna. Aya nu ngaguruh di jero dada antara sono jeung sedih. Sono ka pangeusina, sedih ku kaayaan nu keur karandapan ku saréréa di sakuliah dunya.
Staf nu sarohangan jeung kuring téh aya dua welas urang, teu diitung manajer mah, da boga rohangan sorangan. Kaayaan nu biasana récok pakepuk ku pagawéan diselang bari gogonjakan nyieuhkeun kapusing, ayeuna mah tiiseun. Korsi nu biasa didariukkan ku batur-batur kuring, kiwari kosong. Unggal méja, nu biasana pabalatak, ayeuna rapih teu katoél-toél acan iwal ti dielapan ku pasapon.
Lain kuring teu tumut kana aturan pamaréntah pikeun cicing di imah ti saprak sasalad virus Corona mahabu. Tapi, ngarana gé kawajiban salaku pagawé, kudu tumut kana aturan perusahaan. Nya lahaola baé, indit digawé téh dilakonan kalayan ati-ati, ikhlas jeung sumerah diri kana papastén Gusti Nu Maha Suci.
Iwal ti bagéan sales-marketing geus sabulan kantor kuring ngayakeun digawé bagilir (di-shift) 2-3 poé éwang dina samingguna. Éta gé pédah baé kuring kaasup pagawé nu teu bisa sagemblengna gawé di imah, da ku loba téa barang nu kudu dipaké pikeun kalancaran pagawéan. Nu séjen mah digawé téh ukur maké notebook, kuring mah masih kénéh ngagugulung PC, jaba printer gé aya 2, acan scanner. Piriweuheun lamun kudu diringkid ungkrah-angkrih dibawa ka imah jeung ka kantor.
Jandéla dibukakeun. Lampu nu biasa dihurungkeun rakmang sarohangan ayeuna mah ukur hurung nu pas kana méja kuring sorangan. Dispénser dijetrékkeun da bisi keur digawé hayang cihaneut. Cenah mah sakadang virus téh teu resepeun lamun tikoro dibanjur ku cihaneut. AC moal dihurungkeun da sorangan ieuh kaolok-olok listrik, karunya ka perusahaan ngadon mayar nu mubadir.
Aéh, karék inget kana masker lamak nu diseuseuh basa tadi sakalian ngumbah leungeun. Tuluy baé dicokot tina kérésék. Rék ka lantey opat, ngilu moé bari ngalongokan Kiki nu geulis méncrang téa, sugan baé jadi léah haténa daékkeun jadi kabogoh kuring. Mani hésé pisan ngadeukeutanana. Lindeuk-lindeuk japati. Siga wé nu heueuh, daékeun ka kuring. Ari pas rék ditéwak hiber, ngajauhan. Ah, keun baé, kuringna nu kudu sabar, usaha satékah polah ngadeukeutan manéhna, lalaunan baé ulah gurunggusuh bisi hiberna kalah ka beuki jauh.
Teu kudu keketrok ka rohangan éta téh, da geus biasa larsup ka dinya. Panto langsung baé disurungkeun. Kuring ngadéhém, basa nénjo Kiki sorangan di rohangan keur nyanghareupan monitor. Hanjakal pisan, raray geulisna, biwirna nu ambucuy teu katénjo da dibunian ku masker. Aturan perusahaan ngawajibkeun ka sing sakur pagawéna kudu maké masker di kantor.
“Wilujeng énjing, Ki. Nyalira baé?” kuring nanya bari ngahéhéh. Padahal éta pertanyaan téh asa teu kudu ditanyakeun da geus puguh manéhna téh keur sorangan. Asa piraku deuih teu basa-basa waé mah, ciga hayam baé. Nu ditanya ngabigeu, anteng neuteup komputer.
“Néng, Neng Kiki! Ih, ditaros téh ongkoh waé!”cek kuring bari mukakeun jandela. Nu ditanya masih teu ngajawab. Siga patung, panonna nu cureuleuk neuteup kana komputer teu ngiceup-ngiceup. Ah, kudu dideukeutan sugan ieu mah. Karék gé ngaléngkah nyampeurkeun ka manéhna, kaburu hapé kuring disada. Sihoréng telepon ti dunungan buru-buru ménta dikirim file, kapaksa kuring kudu balik deui ka rohangan.
“Beuh, Ki mani teu ngawaler. Sombong! Awas, moal dipangmeserkeun deui kupat tahu!” cek kuring rada keuheul, pédah teu diwaro. Buru-buru ngaitkeun masker baseuh kana gagang jandéla, da di dinya mah katojo ku panon poé, téréh garing ambéh bisa dipaké deui engké soré keur balik. Unggal poé téh mekel masker dua siki, nu hiji diseuseuh, nu hiji dipaké.
Sajeroning ngagawéan tugas ti dunungan kuring teu béakeun mikir. Kunaon Kiki jadi kitu? teu siga sasari mani sok jeté ari diheureuyan téh. Paromanna nu marahmay, imutna nu manis, seurina gé mani rangu. Matak dédéngéeun. Ngambek ka kuring kitu? Atawa keur gering? Najan dimasker, tadi katempo beungeutna rada pias. Atawa pédah poé ieu teu mangmeulikeun kupat tahu? Kadaharan kalandepna téa. Ti sainget mah asa teu mesen kamari téh. Biasana lamun hayang dipangmeulikeun téh sok mesen heula.
Baheula, dina saminggu téh sok sakali dua kali Kiki ménta dipangmeulikeun kupat tahu keur mumuluk. Malum tuda ngarana gé budak kos, sok horéam barang asakan. Da sarua baé masak gé ari ukur keur sorangan mah asa olok, nya olok tanaga nya olok waktu. Teuing mun geus bosen meureun, Kiki tara mesen deui kupat tahu. Antukna kuring gé tara mangmeulikeun.
Dua minggu kamari, kabeneran kuring ngaliwat ka hareupeun tukang kupat tahu langganan. Ti kajauhan biasana geus ngagimbung nu ngarogrog éta gorobag nungguan giliran kabagéan kupat tahu. Tapi, harita mah euweuh jelema hiji-hiji acan. Reg, kuring eureun tuluy mesen 2 porsi kupat tahu. Implengan téh, hiji keur kuring, hiji deui keur Kiki pasti daékeun lamun dibéré kupat tahu.
“Hatur nuhun pisan, Pa. Tos kersa mésér deui kupat tahu abdi. “ cek tukang kupat tahu bari dodongkoan. Kuring ngahuleng.
“Ti ngawitan karantina wilayah nu mésér téh mung hiji dua. Biasana ramé, ayeuna mah tiiseun pisan. Tos kaical sapuluh porsi gé tos saé,”cek manéhna mani ngalengis. Kuring milu sedih, luk tungkul. Jero haté ngadunga mugia ieu sasalad saénggalna dicandak ku Nu Kagungannana.
Saacan ngaléos indit ti tukang kupat tahu, kuring méré iber heula ka Kiki kana WA. Bisi manéhna kaburu jajan ka nu séjén. Ari pék téh manéhna gé sapukeun. Untung cenah dibéré nyaho heula, tadina mah rék jajan bubur hayam nu di péngkolan.
“Har! Na, mani seueur-seueur teuing kupat tahu téh? Naék teu pangaosna?” Kiki nanya siga nu reuwaseun. Manéhna langsung nyokot piring tuluy dibagi dua, keur didahar harita jeung keur dahar beurang.
“Pangaosna mah angger, mung nu dagangna nuju tiiseun Ki, hawatos. Urang étang-étang nulung anjeunna,” tembal kuring. Kiki unggut-unggutan, tuluy nyarita yén mesen deui keur isuk. Kitu jeung kitu baé ampir unggal poe. Kaayaan kieu ku kuring dijadikeun kasempetan keur ngadeukeutan, mahugi ka Kiki.
“Har, tos ditransfer nya ka rekening!” cek Kiki bari turun tina tétécéan. Kuring bati ngahuleng, kahayang téh mani hésé pisan laksana. Manéhna embung kahutangan ku kuring, najan geus ditegeskeun yén éta téh méré. Teu éléh géléng, manéhna mayar ku transfer, alesanna téh sieun aya virus dina duit.
Nepi ka beurang pagawéan teu eureun. Bérés nu itu, datang deui nu ieu. Bari élékésékéng kuring ngagawéan tugas nu teu anggeus-anggeus. Ké sugan waktuna istirahat makan siang, rék ngahaja nyampeurkeun Kiki ka rohangannana. Ayeuna mah staf geus langka nu dahar di ruang makan, sok mawa hancengannana ka rohangan séwang-séwangan, da kudu ngajaga jarak sanajan jeung babaturan.
“Har, mihapé konci nya, pangoncikeun rohangan. Bapa balik ti heula!” cek hiji sora. Dilieuk téh geuning Pa Toto.
“Ari Bapa lebet geuning? Asa teu ningali ti tatadi,” kuring nanya bari kerung, da sainget mah Pa Toto téh kuduna mah gawé di imah.
“Poé ayeuna, giliran Bapa tugas ka bank, naha kitu Har?”
“Muhun, manawi téh Bapa teu lebet, da tadi abdi ka luhur mung aya Kiki di rohangan.”
“Kiki? Ah, Hari mah ari ka nu ditaksir téh sok deungdeuleueun baé. Pan Kiki mah giliran digawé di imah. Ngan Bapa nu asup ka rohangan éta mah.” Pa Toto siga nu hémeng, milu kerung. Manéhna teu kapapanjangan tuluy amitan da rusuh cenah ditungguan ku nu di imah.
Kuring buru-buru nga-WA ka Kiki, énya baé manéhna keur digawé di imah. Kuring ngahaja teu ngabéjaan yén aya nu siga manéhna keur diuk dina korsina. Ari lain Kiki, saha atuh? Da dedeganna nyeplés pisan manéhna ngan kahalangan wungkul ku masker.
Tétécéan ka lantai opat ditincak lalaunan. Horéam sabenerna mah nyokot masker nu geus garing téh. Tapi, da kumaha deui kuring butuh keur balik engké sore jaba dipihapéan kudu ngonci rohangan. Bisi ujug-ujug bos datang, rohangan dikonci. Geuning nepi ka soré teu datang?
Nepi ogé ka hareupeun panto rohangan éta. Kuring ngarandeg heula. Jantung beuki tarik teg-tegannana. Késang badag késang lembut ngaragajag saawak-awak sakitu ukur nyorang tétécéan nu teu pati luhur jeung wilanganna saeutik.
Ser, panto disurungkeun bari panon dipeureumkeun. Kuring embung nénjo Kiki kajajadeén sanajan geulis sakumaha geulis ogé! Inget ka omongan Ajengan Agus di pangaosan yén urang ulah éléh ku nu kitu.
Nyah, panon beunta. Suwung euweuh sasaha. Kuring ngadeukeutan méja Kiki.
“Heug, anjeun jeung kuring hirup babarengan di dieu tapi ulah silih ganggu!” cek kuring tatag ngawani-wani manéh bari rada ngajorowok tuluy leumpang muru jandéla. Masker nu geus garing dijait. Jandéla ditutupkeun deui, panto disurungkeun nepikeun ka ngagedug bakat ku tarik. Jetrék, dikonci. Haté longsong, awak karasa hampang, leumpang leuwih ajeg dina tétécéan.
April 2020
Grup Tanjung P13