Boga konsumén budak ngora ngaranna cuang sebut wé Yandi. Kasép, lucu, sopan jaba bageur budak téh. Ngalanggan ti mimiti kuliah semester hiji, nepi ka ayeuna geus gawé di hiji perusahaan nu ngokolakeun proyék pengadaan barang ka sakola-sakola. Jadi meureun kurang leuwih genep taunan wawuh téh. Kungsi ngalaman cilaka pas keur make mobil kuring, nepi ka ancur pisan. Untung jinisna salamet, mobil digantian karugianana. Taya masalah, silaturahmi angger manjang.
Kabiasaan Yandi lamun datang, sok sun tangan, nyium leungeun kalawan takjim jeung leleb, balikna ogé sarua kitu. Peta kitu téh siganma kabiasaan di imahna, ka indungna. Tara nolak kuring gé, da ongkoh geus asa ka anak sorangan wé. Baé rasa anak angkat ketemu gedé ogé.
Mangkukna mah Yandi datang jeung hiji jelema nu diakukeun bosna. Bos satengah besar nu bakal mayaran séwa mobil dua minggueun da ayeuna mah lalakonna rada jauh, rék aya proyék di Banyuwangi terus ka Bali meuntas cenah.
Umur Kang Bos asana moal jauh jeung kuring, opat puluhan lah. Jangkung gagah, kasép komaraan. Ari kuring harita ukur make daster lecek jingjet bari ditiung sahinasna.
Barang muka panto, solongkrong Yandi munjungan, cara sasari. Nyium leungeun pinuh rasa kekanakan (sugan ieu gé). Naha atuh Kang Bos ogé sarua, sun tangan mani leleb. Ambuiing, naha jadi ratug ieuhhh. Lain kunanaon, atuda asa anéh, bet nu munjungan téh umurna pantaran. Jaba kakara panggih, boa géhgéran waé pédah nempo anak buah kitu? Atawa meureun kétang, suudhona mah Si Kang Bos nganggap kuring nini-nini nu wajar waé dibéré pangajén ti budak ngora.
Pas duanana pamitan, kajadian sun tangan terulang kembali. Andayyy, aya-aya waé. Teu ngomong ka salaki mah, bisi jadi matak… hahahaha.***
Lely Moel – Bandung