Imah téh deukeut ka pasar, jadi sakapeung aya dua tilu balikan. Meuli bawang saparapat gé kolu ngingkig , jeung éndingna, lain ukur meunang bawang, tapi ogé alpuket, tiung, atawa rarawuan, alias lapar mata teu istiqomah ngajaga eusi dompét.
Kamari mah poé Kemis jam salapan ka pasarna. Pangheulana nu dibeuli téh daging sapi keur sopeun. Reg di Jongko Si Ujang. Milihan daging sisirihan, tilupuluh rébueun. Rét kana tahu, témpé, jeung kéré sapi. Mungkus deui, balanja saratus rébu lima ratus pérakeun. Saterusna titian muhibah berlanjut ka tukang bungbu, endog, sayuran, tukang jeruk, gedang, léngkéng, hayam fillet, sandal capit, léjing, panci, beuh aya ku hésé program mengencangkan ikat pinggang.
Balik ngabengkot, ramo ngagaleng nyerieun. Kuring geus dzolim ka diri sorangan, maapin Baim Ya Alloh.
Nepi ka imah reureuh sakeudeung. Balanjaan dibérésan. Ngan pas muka pelastik daging sapi sopeun, hiek kaambeu bau. Ditempo geuning aya sababarha keureut nu geus héjo. Jeung daging nu séjénna ogé kaciri sepa. Moal bener diasakan gé, kuriak malik jadi racun. Pudigdig ambek, asa di PHP ku tukang daging. Jaba balanja ti Si Ujang téh apan loba.
Daging nu geus dikumbah diasupkeun kana plastik. Gidig balik deui ka pasar. Si Ujang Daging ayeuna mah dibaturan ku pamajikanana.
Song bungkusan dibikeun, bari pok ngomong,
“Jang, geuning daging téh bau, jaba sepa, jaba héjo.”
Bungkusan dibuka, diambeuan .
“Ibu tos ngumbah daging nya, pantes bau da baseuh atuh.”
“Lain kitu Jang, dikumbah teu dikumbah ogé apan bau da mérÉ dagingna teu bener. Hayang ditukeur ku nu alus , nu moal matak.”
“Iraha Ibu mésérna? Boa tos lami.”
“Ieuh, apan kakara gé satengah jam nu kaliwat, di dieu meuli tahu, témpé ogeé kéré.” Ditembalan téh nasteung. Sebel atuda, siga lémpar daging bau sembunyi kasalahan.
“Ibu mah atuda kalah dicuci, ku abdi moal tiasa kaical deui.”
“Ujang, ari ngajual barang, komo ieu dahareun kudu nu alus, lain daging bau dijual. Sarua waé batur gé bakal komplén. Lamun Ujang embung ngagantian, heug waé gampang. Ku Ibu ditulis dina pésbuk, paingan netizen Ibu mah loba nu biasa ka pasar ieu. Paling batur moal milih jongko ieu keur meuli daging.”
Cekéng nyalsé bari panon pinuh ku ancaman. Si Ujang katara pias pamajikanana noélan.
Si Ujang gura-giru ngarawu daging nu seger, duka leuwih ti nu dibeuli. Da asa jadi ngalobaan.
“Mah, hapunten abdi, mangga digentosan ku nu langkung saé.” Pokna jol ngamamahkeun.
“Nuhun Jang, ngan teu kudu nyebut Mamah da teu boga budak geus gedé jeung kasab di pasar.” Ditémbalan teugeug.
Kuring ngaléos bari ngajingjing daging. Tapi jadi hayang seuri kareureuhnakeun ku nu nyebut Mamah.
Lely Moel – Bandung