Ku Andang S. Argayuda
Keur meujeuh gumunda manéhna téh, da karék boga anak dua gé laleutik kénéh. Geulis lain pupulasan, tapi saéstuna geulis bawana ngajadi. Awak sampulur laur tangtung, cangkéng lengkéh lir papanting. Pakulitan semu héjo carulang, mulus lemes matak tigurawil bajing.
Ngan dina getihna ngamalir tétéésan jawara, jadi sok rada bantangor tara nurut kana papagah kolot. Siga basa dicaram ngadahar cau sisina, batan nurut kalah ngahajakeun. Unggal ngadahar cau pasti anu diheulakeun téh cau anu pangsisina dina hoyaan, alesanna téh cenah nya badag nya amis. Malah mangsa rumaja mah tingkah paripolahna sok nyaruaan lalaki, kana tangkal rambutan hareupeun imahna tibang térékél taya kapaur. Mun kiwari mah disebutna téh tomboy meureun.
Dina hiji poé. Sanggeus bébéja ka kapala sakola yén manéhna moal bisa ngajar, laju pamitan ka nu jadi indung jeung bapana. Rék ka lembur salakina di Sleman, Yogyakarta.
“Pih, kadé ari keur datang bulan mah ulah ka cai wanci sareupna. Pan di ditu mah sungil kénéh, pamali”. Bapana ngawawadian. Pipih ukur unggeuk bari nyéréngéh, da kitu manéhna mah teu percayaeun kana naon anu disebut pamali.
“Muhun Pa, keun diéstokeun. Kadé wiat barudak, Pipih gé moal lami ieuh. Pagéto ogé wangsul deui”. Méméh jung, sanduk-sanduk ka kolotna mihapékeun anak-anakna.
Kaluar ti Ranca Ekek téh rebun-rebun kénéh, mobil apansa warna biru saulas ngadius mapay jalan raya anu ka Nagreg keun. Kabeneran jalan keur lowong kénéh, jadi kira wanci haneut moyan geus aya di wewengkon Ciamis. Pipih luak-lieuk ka sisi-ka gigir, pédah bapana sering nyaritakeun cenah sok ka Ciamis ngadon ngadatangan sesepuh anu linuhung ku élmu Galuh.
Kira wanci asar ahir Pipih jeung salakina anjog ka nu dituju, hiji pilemburan anu masih asri. Srog ka imahna anu masih modél kabaheulaan, témbokna masih maké batu beungeut semet wates jandéla ka handap. Cét imahna warna héjo saulas, dipapaés warna kusén ku bulu galatik. Dina téras ngajajar pot kembang anu dieusi ku rupaning kekembangan, ti mimiti kuping gajah nepi ka angkrék warna-warni gé aya.
Sup ka jero imah, Pipih ngabirigidig kukurayeun tara-tara ti sasari. Tibarang muka panto bet asa aya anu ningalikeun ti kaanggangan, bulu pundukna ngadadak rancung harudang. Sababaraha kali Pipih ngabirigidig.
“Aya naon Di Ajeng, bibirigidigan waé ?”. Salakina tumanya dina basa Sunda tapi masih logat jawa, bari panonna neuteup ka Pipih. Héraneun pédah pamajikannana bibirigidigan waé.
“Duka atuh Mas, ti saprak lebet ka rompok bet asa patingpuringkak bulu punduk. Araranéh tara-tara ti sasari”. Pipih ngajawab bari semu humandeuar, jajantungna teu pupuguh bet suntag-sentug siga rék manggih kareuwas.
Sanggeus bébérés Pipih gura-giru muru ka cai, geus teu tahaneun ku kareged hayangeun ganti pangwalun, barang srog ka kamer mandi geus kapiheulaan ku salakina. Pipih ngarérét kana jam anu ngadaplok dina témbok, geus rék mangsa magrib. Antukna manéhna milih jamban anu aya di tukangeun imah, muru ka jamban nu éta téh kudu kaluar heula ti lawang dapur.
Panonpoe mangsa reup-reupan, teu pati lila ngong sora nu adan. Pipih ngadon mandi sagala diberesihan, cai nu kacampuran getih ngalirna ka susukan nu aya handapeun imahna. Nya lebah dinya, dina galeng balong aya tangkal sawo ngarampidak. Barang cai ti jamban ngocor ka lebah dinya, juringkang tina tangkal sawo aya anu ngajurungkunung dibaju bodas. Buukna ngarumbay panjang nutupan tonggongna, kolébat anu sarwa bodas téh kumolébat muru jamban anu aya Pipih keur mandi.
“Ciak…ciak…ciaaaaaaak”. Teu pati ila aya anu ciciakan tukangeun jamban, sada sora anak hayam. Cungungung anjing babaung ti béh anggang.
“Geuning aya anak hayam wayah kieu, jaba bau hangru ieu téh. Pédah tara dipaké kitu ieu jamban téh, jadi bau hangru kieu”. Pipih gegerendengan bari terus waé ngusey ngaberesihan awakna, maklum tas naék mobil anu sakitu jauhna bari keur kaayaan datang bulan.
“Kut…kut, ciak….ciak…..ciak”. Anu ciciakan disada deui, leuwih tarik batan tadi. Pipih rungah-ringeuh, ngarasa anéh ku sora anak hayam anu disada deui tukangeun jamban.
“Duh naha anak hayam anu saha nya, karunya teuing wayah kieu can diampihkeun. Nu tatangga kitu ?”. Pipih can nyadareun kana kaayaan, tapi najan kitu bulu pundukna mah geus mimiti patingpuringkak.
“Séooooor, jeblug !”. Sora angin ngadadak ngaguruh, panto jamban ngajeblug sada dibantingkeun. Padahal tadi téh éta panto jamban dikoncikeun ku Pipih, tapi ku anéh ngadadak muka bari terus ngajeblug satarikna. Cungungung….cungungung, deui-deui sora anjing babaung mani melung.
“Asstagfirrulloh !”. Pipih ngarénjag bakat ku kagét, haténa mimiti ngageter. Jajantungna daligdug teu puguh endagna, rasa keueung mimiti datang. Tapi sanggeus kitu kaayaan ngadadak jempling, sora anak hayam anu ciciakan teu kadéngé deui. Angin anu tadi ngagelebug geus eureun, ukur patingselesep angin leutik tina sesela angin-angin.
Basa Pipih keur dianduk, hiek aya deui bau hangru nebak irungna. Puriding bulu pundukna patingpuringkak, kaludeungna ngadadak sirna. Di luar geus poék, lampu listrikna can dihurungkeun da kaburu kabelet hayang ka jamban. Anjing ti kajauhan babaung deui matak nambahan kakeueung, Jajantung Pipih daligdug teu puguh aturan, pipikiranna mimiti gingsir.
“Hi…hi…hi, hi…hi…hi”. Basa Pipih rék muka panto jol aya anu cicirihilan, datangna tina lebah panto jamban. Paralak sada aya anu ngawurkeun keusik kana hateup, cungungung anjing babaung deui.
“Tu…tu…tuluuuuuung, aya jurig”. Pipih ngagorowok ku sora anu tarik ceuk rarasaanna mah, tapi nu kedal ukur alawah-euleuweuh teu puguh.
“Hi….hi…hi, ngaya nyaon nyah anyu. Hi…hi…hi”. Aya sora ngirung dibarung ku cicirihilan, tumanya ka manéhna.
“Asstagfirrulloh aya kunti, tulungan Mas !”. Maksudna mah ménta tulung ka salakina sugan kadéngéeun, tapi da sorana siga anu kacekék ukur rarasaan wungkul tarikna téh. Saterusna bari ngayekyek Pipih babacaan, maca ayat Qursy ditarikeun.
Sanggeus sababaraha kali maca Ayat Qursy, jep jempling teu aya deui anu cicirihilan. Buru-buru manéhna ngajeuwang anduk anu tadi morosot alatan ku kacida reuwasna, méméh muka deui panto ngarérét heula ka lebah juru. Ana bréh aya anu keur ngajanteng maké baju singsarwa bodas, buuk panjang ngariringkik nepi kana bujur. Beungeut pias kanyos. Mata celong. Irung ponghék gorowong.
“Hi…hi…hi, hi….hi..hi. Monong nyieun-nyieun nyah anyu, ngula nganyang nginum nu meunyeum. Hi…hi…hi”. Kunti kalah siga anu ngahajkeun, cicirihilan bari ngomong hayang nginum nu beureum sagala. Maksudna mah hayang nginum getihna Pipih anu keu datang bulan.
Pipih ngadadak sasah, bari alawah-euleuweuh siga nu siwah manéhna undur-unduran kana panto. Satengah ditubruk panto langsung muka, gura-giru lumpat ngajauhan jamban. Ceuk rarasaanna mah lumpat téh tarik, tapi kanyataanna mah ngusey wé kawas aya anu muntangan.
“Hi…hi..hi, hi…hi…hi”. Kunti nyeungseurikan siga anu manggih kabungah, anjing babaung deui siga nu surti yén harita keur ngandar jurig awéwéna.
“Jurig nyingkir, sétan nyingkah. Ulah ganggu ka kaula, jung ka ditu ka sabrang ka Palémbang”. Pipih gegerenceman mapatkeun jangjawokan paméré ninina basa manéhna keur leutik. Saterusna Pipih kumarayap muru ka jero imah, rarasaannana geus teu puguh catur keuneun. Soak béak karep.
“Nyinying nyah anyu, nyong ngamanya-manya. Ngula nyono”. Kunti nyaan siga nu bébéakan ngopénan Pipih, bari ngomong kitu kunti téh kumalayang luhureun Pipih. Siga anu pupuasan.
Barang keur kitu, keletrék aya nu mukakeun panto. Lol salakina Pipih ngelol, barang rét ka bojona.
“Di Ajeng…, ku naon ?”. Pipih dirawu terus digénjang dibawa leumpang muru ka jero, barang salaki Pipih ngarawu bojona les kunti téh ngiles duka teuing kamana. Sigana balik deui ka tempat cicingna, tangkal sawo luhureun susukan.
“Kang Mas, a…a..aya kunti !”. Pipih pegat-pegat cumarita ka salikan, bari leungeunna tutunjuk ka palebah tadi kunti ngopénan manéhna. Salakina ngarérét ka palebah panuduhan Pipih, teu aya nanaon.
“Kunti…… Ah Di Ajeng mah sok aya-aya waé, kunti di mana ?”. Salakina satengah teu percayaeun, da sakitu didelongan ka unggal juru imahna ogé bet teu aya nanaon. Terus Pipih téh disina istigfar, bari teu pohoeun méré cai hérang sagelas.
“Sumpah Mas, Pipih téh teu bohong ieuh. Tadi diuudag kunti, iy sieun Mas”. Pipih sababaraha kali ngabirigidig, sanajan geus ngucap istigfar leuwih ti tilu kali angger waé rupa kunti téh katempo waé kumalangkang dina hihideung panonna.*** Haréwos ti urang Ranca Ekek, Bandung