Nasution Co

Getih Bari dina Catetan Buku Diary

Ku: Evi Sulastri

Gegebegan ti keur dina mobil kénéh, saban suat-séot nikung saban gijleg beus ngagéléng renjulna batu arès atawa legokna tumbu coran. Sok komo mangsa nyéak meuntasan ambalan jungkrang, rarasaan lenyap deui lenyap deui haté. Runggunuk bungur gugunungan, galengan pepedut, katut ka gayabag méga hideung lir utusan sanghiyang pati nu keur ngintip keun siah keun siah. Enya éta gé éndahna mah éndah. Piraku panan kasebutna gé rombongan pelesiran para guru dina tungtung taun. Ari nyanyabaan ayeuna lain joré-joré. Lantaran leuwih lampar ti biasa meuntas kabupatén. 

Kira bada Asar tepi ka pamondokan. Palebah gerbang palataran wangunan agréng, dipapag panyambuangna rupa-rupa kembang di patamanan. Ari pernahna di lamping pasir nyengceling. Tapi sok sanajan kitu pernahna stratègis pisan. Paliliwatan jalma nu rék pelesir ka Talaga Warna jeung Batu Pandang di Atas Negeri Awan. 

Rombongan dariuk heula nungguan dibagi kamar. Geus meunang konci, rombongan lakaki méngkol ngatuhu. Rombongan awéwé ngalèok ka beulah kénca tapi da teu jauh. Sur-ser lelenyapan angger kababawa balukar lewang honcéwang nénjo jungkrang nu gurawés. Atuda abring-abringan dina punduk gunung, aleut-aleutan dina cungcurungan lamping. 

Sup asup ka kamer nomber 215 cetrék bray, katara rohangan nu sok sanajan lega tapi èstu barérés jeung pasilitas kumplit. Lèngkah suku asup ka jero, tapi bet asa dipapag hawa geueuman, cebrék, tiis. Asa aya aura nu teu ilahar. Ah rarasaan wungkul meureun balas capé lalampahan na mobil cikènéh.

Ti sareupna kénéh hujan ngecrek hujan bodas téa. Berekah keur nu barutuheun mah. Tapi pikeun kuring jeung rombongan mah hujan ngecrek tèh jadi hahalang pikeun lalampahan isuk mapay tempat wisata. Sok sanajan hawa tiis, angger awak hareudang. Kudu maksakeun mandi ieu mah, gerentes téh.  Keur  jongjon gogosok ana séor téh angin tarik pisan. Kadèngè sora nu ngageblugkeun  panto kamar siga aya nu nutupkeun. Teu cukup ku kitu, aya deui nu ngageblig di pipir. Keur kitu hawar-hawar kadéngé deui sora awéwé nyikikik ditéma ngabangingik.

Réngsé mandi lampu kabéh dicaangkeun ngarah leuwih caang. Ngahaja méh teu keueung teuing. Beu nanahaon ari éta? Sageuy lah lamun nepi ka geugeumeueun téh, kalah wè kasebut wahana pariwisata Pucuk Awan di Atas Angin nu mashur garentes téh . 

Keur nahan pikasieuneun sora panto diketrok, barang dibuka aya awéwé keur ngajanteng. Kuring unggeuk, song manéhna ngasongkeun érmineral. Sora awor tadi leungit. Merelek heuay dug saré. Berekah teu ngadéngé deui nu anéh nepi ka isuk. 

Poéan ka dua, langit lénglang siga nu ngajurung kanu rék lumaku. Rombongan antay-antaayan mapay dina rawayan tambleg lamping pasir. Kabéh pada-pada bungah. Lalaki boh awéwé nyarélfi taya nu kaliwat. Teu sirikna saban léngkah pating jaleprét. Lebar cenah moment di Negri Atas Angin, can karuhan isuk géto bisa kasorang deui jaba haratis panan. Kabéh tempat wisata dipapay euweuh nu kaliwat, balik ka pamondokan kira wanci sareupna.

Sanggeus waktuna istirahat jandéla ditutup, panto ngahaja digeblagkeun. Wegah buka tutup. Babaturan larsup kénéh. Teu kanyahoan  awéwé nu kamari datang deui jugjug nyolonong asup. Teu punten teu seuri teu rengkuh. Bédana  ayeuna mah maké papakéan saragem pamondokan warna héjo nu rada lahak. Heug buuk sataktak dirumbaykeun.

Awakna seungit malati, kulit umyang konéng katojo cahaya lampu bet siga cahayaan. Leumpangna digitek-gitek nanggeuy baki diluhurna ditumpangan gelas eusian  jus. Jus diteundeun luhureun bangku leutik, ngan anéh neundeunna satengah dibeubeutkeun. Gelenyu imut ngan teu lila tuluy kucem, panonna buburialan siga nu rék neureuy. Biwir amucuy disidik-sidik siga getih ngabulaéh. Kuring gigisik bisi salah tétémpoan. Pok ngawanikeun nanya. 

 “Ulah sareng ambek atuh Nèng! 

Ku kuring diheureuyan, manéhna manyun tuluy ngaléos.             

 Kakara rék reup saré, sora panto aya nu ngetrok, barang dibuka  awéwé nu tadi. Ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. Pok ngomong

“Abdi Ningrum,” cenah.  

“Dian,” ceuk kuring. 

Uplek ngobrol wangun nu hayang diajak ngobrol. Sagala dicaritakeun, diselang ku nyakakak tapi anéh cakakakna mantak kukurayeun. Sakapeung paromanna bangun alum. Teu karasa dibarengan ngobrol wanci geus jam salapan, manéhna amitan.

Kira jam dua belas peuting, karék ngaleyap kageuingkeun ku sora selop nu leumpang. Gancang ngintip tina kaca bari nyingkabkeun hordèng. Héran sora aya ari jelemana teu katempo. Teu lila aya panto ngagerèt dibuka di kamar nomer 214 tuluy asup. Anéh ngadon asup ka kamer éta? Kapan di dinya euweuh eusian, gerentes tèh bari nutupkeun rérégan lalaunan.

  “Euh…boa-boa…?” Cetrék lampu nu caang dipareuman diganti ku lampu nu caangna reyem-reyem. Angkeuhan ngarah teu katempo ti luar tuluy unggah kana kasur bari memener simbut rék nuluykeun deui saré. Tapi keukeuh teu daékeun reup kabayang kumaha mun asup ka kamer kuring, heug ngadon mukakeun simbut. Selang sabaraha menit diganti ku sora plok-plakna nu nyeuseuh. Teu lila sora nu ngusey mandi bari ngahariring kadéngéna halimpu, kadéngé deui sora troktrak ngumbahan wadah.

Panasaran hayang nempo. Sabot malik, reuwas ka dua kalina. Suku katuhu hideng mundur. Hareupeun aya tangtungan wanoja ngora pakéannana sing sarwa bodas ngagapuy nutupan keuneung marengan selengseng bau menyan niruk irung. Kuring manggut bari awak mépéd kana témbok, méré jalan bisi rék ngaliwat. Taya jawaban ukur nyingklakeun buuk nu ngagebay ngarungkup pundukna. Bréh wanda kageulisanna tapi édas mantak ginggiapeun nempo biwir awéréhan getih. Manéhna ukur ngarenyu laju tungkul, biwirna sepa, kitu ogé meureun imut dipaksakeun. Kuring babacaan sabisa-bisa jirim sakedapan ngaleungit. Taktak karasa aya nu nyekelan barang dirérét keur ngelél bari metot leungeun. 

 “Baturan Ningrum!” pokna bari calangap.

“Ulah ngaganggu kuring! Apan urang téh béda alam!”  ceuk kuring.

Nu muranténg tungkul. Katara sirahna gigideug horoshos ménta tulung. Kuring terus babacaan. Manéhna undur-unduran ngajauhan ngahiji reujeung cahaya reyem-reyem. 

Beretek lumpat tibabaranting. Atuh jalan titincakeun teu katempo. Akibatna awak ngagalèong, saterusna ngagedebut. Suku tiparieus. Kapaksa hudang ingkud-ingkudan. Tepi ka kamar néangan balur. Saban laci dibukaan. Lebeng teu ka panggih. Kalah manggih buku kuleuheu. Disidik-sidik buku diary. Panasaran dicokot. Jilidna pinuh ku kekebul. Disidik-sidik, dibulak-balik taya nu anéh. Mimiti dibukaan lembaran kertasna. Kosong euweuh tulisan nanaon. Saheulaanan buku ditutupkeun, ngurutan heula suku.  Ana blak aya tulisan anu diisarahkeun ku tulisan dina buku kuleuheu kasabit. Bubuka tulisana mah, biasa wé kumaha ilaharna nulis dina buku diary. Dimimitian ku tanggal, tuluy aya tulisan  nu unina kuring salaku awéwé normal hayang kacida boga turunan, sababaraha kali ngalaman kaguguran malah dokter aya nu monis mandul. 

Beuki panasaran dibaca deui. Allah Maha Welas, siklus ménstruasi ngadadak elat. Beuteung bet eusian tayohna. Kuring bisa ngandeg. Alam dunya caang narawangan.  Ngan èdas bébéja ka salaki kalah teu narima. Di sangka kuring salingkuh jeung ngancem sagala kudu tés DNA. Beuteung ngabeukahan. Nincak ka salapan bulanna. Harita téh poé Saptu. Di imah ukur gulak-giluk sorangan. Salaki keur digawé. Inget kénéh harita tabuh sabelas beurang basa beuteung karasa mules kawas nu hayang bubuang, tapi diheujeunkeun teu daék baé brol. Deregdeg ka bidan nu deukeut. Brol orok lalaki mulus, salamet. Orok  tetep teu diaku. Keun baé nu penting orok bisa salamet. 

Lembaran kertas dibuka deui. Kuring tetep panceg hayang ngagedèkeun budak. Kasangsaraan tuluy manjang, orok milu disiksa dipecut ku tali pamecut kuda nepi ngagarempeng. Malah awakna disundutan ku kuntung roko. Kituna manéhna teu sadar  perbawa inuman keras. Jerit orok beuki tarik kalah beuki rosa tanagana. Botol bir   dipeupeuskeun. Popotongan botol nu songhék ditancebkeun kana dada orok.

Naon maksudna buku ieu? Naha aya hubungan jeung kajadian salila ieu? Panasaran, kuring muka deui lembaran tukangna. Tipepereket nahan sieun, angot barang ngadéngé aya nu ceurik bangun kanyenyerian. Bulu punduk asa carengkat. Cenah na diary ditulis: Budak langsung maot sapada harita lantaran loba teuing kaluaran getih. Geus kitu takdir diri kuring sarua dirogahala sapada harita. 

Kuring bener-bener kasima ku eusi buku. Peuting beuki simpé, hujan girimis nambahan keueung.  Kadéngé sora, asa deukeut asa jauh noélan ceuli kuring.  Kuring nangtung pikeun ngeureunkeun rasa kapanasaran. Nya di dinya kuring ngayakinkeun diri aya mahluk di pamondokan. Kuring néangan…ngajenghok waktu disatukangeun lomari, katangen tulang-tulang nu patulayah. 

Ieu kitu sora awéwé nu remen datang dina waktu hujan ngaririncik? Kuring ngarindat ka buku diary, buku geus boloboran getih bari.  Buku diary neundeun misteri. Dilieuk deui bet ngaleungit satutas sora nu adan di masjid sabudeureun pamondokan. Kasieun ngadadak jadi leler. Kuring buru-buru hudang bari jumarigjeug muru kamer nyampeurkeun kamar babaturan.

Panto kamar babaturan teu dikonci bus abus nyampeurkeun nu keur gégéléhéan. Rét kana siceu tunjangeun ranjang. Gebeg! Reuwas lain dikieuna. Na diary téa aya luhureun siceu.

“Dan, itu!” Kuring nunjuk. Biwir ngan ukur wasa lemék kitu.

“Aya naon? Éta panon mani molotot kitu jiga nu reuwas,” Dadan nyarita.

“Itu!” Kuring nunjuk kana luhur siceu tempat diary téa ngagolér. Teuteup mah dibalédogkeun ka tempat nu séjén.

“Naon ih taya nu anéh, ieu mah ukur koran kamari,” cenah bari nyokot koran, pék diasongkeun ka kuring.

Kuring ngabirigidig, tapi kituna terus ditéma ku istigfar. Bray tetempoan normal.

“Jam sabaraha cenah urang cek out ti dieu?” kuring nanya. 

Haté kumejot hayang balik.          

Campaka, P-13

 

Katerangan:

Seratan PURIDING PURINGKAK nu judulna Getih Bari dina Catetan Buku Diary karya Evi Sulastri parantos medal di Manglé no. 2775.