NYIEUN KALÉNDER
Ahir taun ieu, Apé boga bisnis anyar. Nyieunan kalénder nu ngamuat foto-foto nu pesenna. Ari nu sok noron unggal taun sok mesen teh biasana Yudi, ngan ayeuna mah sanggeus 3 taun noron pesen, manéhna bangun hare-haré.
Apé: “Yud, geus nyiapkeun foto-foto keur kalender anyar?”
Yudi: “Moal nyieun taun ayeuna mah,”
Apé: “Naha? Lebar atuh tilu taun nyieun kalénder jeung kabogoh di dinya.”
Yudi: “Geus pepegatan jeung si manéhna gé. Maenya uing majang foto olangan da lain deuk nyalég.”
Adad Miqdad
Kalipahapo, Bandung
GANTI TAUN
Geus maneuh Oji jeung Jaja mah mun ganti taun téh sok ngomongkeun résolusi. Taun 2020 gé sarua duanana ngomongkeun deui.
Oji: “Ja, naon résolusi manéh taun baru téh?”
Jaja: “Bosen uing mah résolusi waé.”
Oji: “Cik naon waé résolusi manéh téh?”
Jaja: “Résolusi hayang boga motor, angger wé kana angkot, paling alus kana Gojék.”
Oji: “Terus naon deui?”
Jaja: “Résolusi hayang kawin, boro-boro kabogoh gé can boga waé.”
Oji: “Résolusi manéh mah da moal cumponan lantaran hiji.”
Jaja: “Naon tah?”
Oji: “Manéh henteu digawé. Meuli motor jeung kawin téh da kudu ku duit. Teu cukup ku résolusi!”
Jaja: “Aéh, heueuh nya!”
Udi Suwardi
Cimahi
KULKAS
Mang Adi jalan-jalan ka dayeuh dibaturan ku mang Pépén rék meuli kulkas.
Sup ka toko kulkas, kabéh kulkas nu aya didinya dibukaan pantona.
Sa enggeus euweuh deui kulkas nu encan dibukaan:
“Yu ah néangan toko nu séjén!”
“ Naha ? Barieukeun pédah réa teuing modélna?”
“Lain barieukeun deuleu”
“Naon atuh?”
“Ruksak kabéh, euweuh anu tiis jerona,!”
Abah Téa
DAKWAH
“Dina urusan ngélingan manusa, da’i éléh ku supir beus kota ”
“Naha ?”
“Lamun da’i dakwah, hadirin nundutan, malahan saré”
“Lamun supir beus kota ?”
“Lamun supir beus kota ngebut, panumpang istigfar bari ngadu’a”
Abah Téa
PANGARUH NGARAN
Profesor nuju nguliahan mahasiswa:
“Ngaran jelema gedé pangaruhna kana nasib”
“Contona prof?”
“Ngaran pa Damiri”
“Kumaha?”
“Lamun indit ka Jawa Tengah pasti padamoro”
“Wah”
“Lamun indit ka Betawi pasti padaméré”
“Di Betawi pa Damiri jadi beunghar atuh nya?”
“Enya! Malahan ayeuna geus boga usaha beus Damri”
Abah
45 MENIT
Profesor nuju nguliahan mahasiswa:
“Nepi ka iraha ogé maén bal mah moal obah ti 45 menit”
“ Naha prof”
“45 menit téh dumasar kana jumlah bola anu aya di lapangan”
“Sanés mung aya hiji bola na prof?”
“Ari 2 bola anu dibarawa ku 22 pamaén teu diitung kitu?”
Abah
NALANGSA
“Bobogohan welasan taun, tempo rek diajak kawin kalah tuluy menta pepegatan!”
“Saha tea?”
“Kabogoh uing. Eh, popotongan ayeuna mah meureun!”
“Bae atuh, eta teh ngelingan ka urang!”
“Ngelingan kumaha ari maneh?”
“Enya, matak ngajak pepegatan oge pasti aya nu salah di urangna. Mun teu beungeut ancur nya eusi loket nu lepet!”
Iwan Taryudin – Bogor
BOGA KABOGOH
“Neng, boga kabogoh mah ulah ka nu kasep!”
“Nya naha, Kang?”
“Soalna lila-lila mah pasti ngagorengan. Apan tidak ada yang abadi di dunia ini mah!”
“Ari kitu kedah ka nu kumaha atuh Kang? Ka nu beunghar?”
“Ulah oge ka nu beunghar. Soalna lila-lila mah pasti ngamiskinan!”
“Har, ari kitu kudu ka nu kumaha atuh, Kang?”
“Kudu ka nu siga akang. Sok sanajan ayeuna kurang kasep jeung kurang beunghar, engke mah pikasepeun jeung pibeunghareun.”
“Heum…”
Iwan Taryudin – Bogor