Ku Amelia Sukarya
Wawuh munggaran ka manéhna téh dina dunya maya, tina facebook. Diwanohkeun ku Kang Iyan, beubeureuh maneuh haté kuring. Cenah mah manéhna téh guru olah ragana basa Kang Iyan keur SMA. Tapi ayeuna geus jadi pengusaha suksés.
Satutas pertemanan dina facebook dikonfirmasi, laju nga-inbok. Manéhna aya rencana rék pelesiran ka Hongkong, nagara tempat kuring bubuara. Ménta sangkan daék jadi pemanduna. Satutas meunang ijin ti Kang Iyan, kuring nyanggupan.
Nepi kana waktu nu geus dijangjikeun, kuring mapag ka Bandara Chek Lap Ngok. Ngahaja datang téh rada awal, sangkan nyalsé. Nungguan téh ukur bisa di terminal beus ayeuna mah, lantaran aya aturan anyar nu mapag teu meunang asup aréa bandara. Teu bisa bari ngopi cara sasari. Sanggeus méh sajam ngalelentuk, tring, sora HP disada. WhatsApp ti manéhna.
“Di palih mana?” eusi WA-na.
“Ieu, caket beus nomer 11,” Kuring ngajentrékeun. Susuganan langsung nyahoeun.
Teu kungsi lila manéhna kaluar ti aréa bandara. Kuring nyidikkeun ti tempat nungguan. Nelek-nelek ka nu karék datang. Taksiran mah umurna lima puluh taunan. Ngan kawasna pédah pinter mapantes diri matak teu katingali kolot. Basa kaluar tina panto, buukna nu pulas pérak ririaban katebak angin, asa gagah katingalina. Geus rada deukeut, kuring nangtung. Tuluy imut, nandakeun yén kuring nu mapagkeun téh. Dibales imut deui ku manéhna. Imutna mani kareueut. Geus pahareup-hareup, langsung kuring ngenalkeun diri.
“Nepangkeun, abdi Yani. Rerencanganana Kang Iyan,” pok téh, bari ngajak sasalaman. Ajrih da umurna méh saumuran jeung Bapa.
Ukur imut bari ngusapan buuk.
“Badé ka mana heula, Pa? Langsung ameng atanapi cék in heula ka hotél sakatenan nitipkeun barang?”
“Cék in wé heula, sakalian nitip barang supaya teu ridu,” témbalna.
“Tong nyebut Bapa, asa karagok. Mending Akang wé, leuwih akrab,” ceuk manehna deui.
“Mangga, Pa, éh, Kang,” témbal téh rada éra, da kuring nu jadi karagok nyebutna.
Manéhna ngabarakatak bangun ngeunah naker.
Ngahaja néangan hotél téh nu deukeut jeung panganjrekan kuring. Aya kana sapuluh menitan ti apartemen téh. Sangkan mun rék jangjian teu jauh teuing nyampeurna. Regal River Side, hotél nu ngeunaheun, pernahna di sisieun walungan Shing Mun.
Réngsé cék in jeung neundeun babawaan, laju ngawadang di léstoran anu teu pati jauh ti hotél. Diajak ngawadang di hotél téh manéhna embungeun, pajar hayang langsung wanoh jeung kaayaan di Hongkong. Karék panggih sabaraha menit geus teu karagok deui jeung manéhna mah. Kakagok téh langsung leungit, da manéhna resep heureuy. Kuring mindeng seuri nepi ka cimataan, kagugu ku rupa-rupa banyolanana.
Salila saminggu nganganteur ulin ka tempat-tempat wisata anu kajojo. Ti mimiti Patung Budha Tian Tan, tuluy ka Budha 10 Rebu. Teu kaliwat ka Ocean Park, dituluykeun ka The Paek nepi ka Cheung Chau. Taya anu kaliwat hiji ogé tempat wisata téh. Naék tram mapay-mapay puseur dayeuh. Naék karéta gantung ngurilingan Lantau Island. Kungsi naék beus pariwisata ngurilingan dayeuh dilakonan.
Basa di Cheung Chau, nyimpang ka tempat nu ngaranna Gembok Cinta, hiji témbok tempat para rumaja ngagantungkeun gembok. Saméméhna éta gembok téh ditulisan ngaran manéhna jeung pasanganana, cenah mah sangkan jucung tepi ka balé nyungcung. Teuing bener henteuna mah, ngan nu jelas mah éta tempat geus rimbil ku rupa-rupa gembok nu digantungkeun.
“Akang badé nurutan?” pok téh ka manéhna. Nanya kitu téh sabab nyaho yén manéhna cenah keur léléngohan satutas pepegatan jeung pamajikanana.
“Moal ah, isin geus aki-aki kikituan. Akang percaya kénéh ku du’a,” pokna bari seuri.
“Sok wé Enéng, bilih badé ku abdi dipangmésérkeun gembokna.” Nyarita kituna téh bari ngaléos meuli gembok.
Nu tadina moal ogé, kuring jadi nurutan, da dipangmeulikeun gembokna. Gembok ditulisan ngaran kuring jeung ngaran Kang Iyan, laju néangan tempat nu rada lowong. Barang rék digantungkeun, ana kecemplung téh murag kana kamalir nu ledok. Teu dipulung deui da geuleuh. Manéhna ngehkey nepi ka cimataan. Kuring bangkenu, api-api ngambek, padahal mah hayang seuri ogé nempo pamolah manéhna. Kataji geus aya umuran tapi gayanya matak pikabetaheun batur mun babarengan.
Saminggu téh teu karasa dibawa pelesir terus mah. Saméméh mulang, manéhna ngajak makan malam di réstoran Star Seafood, minangka nganuhunkeun cenah. Diuk di lanté dua, bari nyawang kaéndahan kota Shatin, walungan Shing Mun. Walungan nu ngembat ti Distrik Shatin nepi ka Tai Po, laju ngamuara ka sagara China bagéan kidul.
Sapanjang sisina dihias ku lampu-lampu warna-warni, tingkaretip lir bentang di langit. Symphony of light, ceuk manéhna mah. Suasana nu éndah sabenerna mah. Jeung sakuduna mah kuring bungah. Ngan teuing ku naon haté teh bet marudah. Basa pelayan nyuguhkeun menu anu geus dipesen, lapar téh teuing ngahiang ka mana.
“Naha sapertos nu teu raraos?” ceuk manéhna basa kuring cicing waé, teu noél kadaharan.
“Ah henteu, mung duka ku naon asa areungap ieu téh,” témbal téh. Bingung néangan alesan.
“Lebet angin panginten? Hayu atuh urang wangsul wé.”
“Hayu,” teu talangké ngahayukeun.
Bérés babayar, manéhna ménta pelayan pangmesenkeun taksi. Kuring dijajap nepi ka lobi apartemén, manéhna mah ngabiur deui muru ka pangrerebanana.
Rebun kénéh kuring geus miang, néang manéhna ka hotél. Kamari geus jangjian rék ngajajapkeun nepi ka bandara. Ti hotél nyarter taksi muru ka bandara. Kurang leuwih sajam ka bandara téh. Cukup waktu pikeun ngawangkong, mapalérkeun haté nu marudah basa keur peuting.
“Hatur nuhun tos kersa diririweuh, ieu hatur lumayan kanggo kenang-kenangan,” pokna bari mikeun bungkusan leutik.
“Ih, teu kedah répot-répot, abdi kedahna ogé anu nganuhunkeun. Wareg dijajanan, wareg nébéng jalan-jalan.”
“Pokona mah kedah ditampi. Mun teu ditampi abdi bendu.”
Manéhna maksa nyeselkeun bungkusan kana tas. Teu bisa kumaha, bungkasan kapaksa ditarima.
“Iraha uih ka lembur?” pokna deui. Teuteupanana asa anteb.
“Taun 2020,” témbal téh. Luk, tungkul. Teu kuat nempo paneuteupna.
“Geura uih, diantos di Bandung. Akang wangsul heula nya,” nyarita kituna bari celengok nyium embun-embunan.
Aya nu béda dina sorot panonna, sorot nu teu kawas sasari. Teu cara basa anyaran panggih. Teu cara basa keur reureujangan salila saminggu ka tukang. Manéhna indit muru panto bandara. Kuring nganteur ku paneuteup nepi ka kalangkangna ngaleungit di lebah panto bandara.
Nepi ka apartemén, kado dibuka. Eusina ngaburilak kasorot lampu. Asa ditonjok jajantung, panon bati molohok ngembang kadu. Teu nyangka ku eusi kado. Geuning ali nu ku kuring dicobaan basa nganteur manéhna ka toko emas, meuli emas keur barudakna.
Sabot ali diajaran, HP ngirining disada, tanda aya WhatsApp asup. Basa ditempo téh ti Kang Iyan. Kang Iyan nanyakeun Pa Danang geus mulang acanna.
Haté bet ngadadak ngambang, basa ras inget kana jangji jeung Kang Iyan. Jangji tanggal 10-10-2020, rék mungkas mangsa papacangan.***
Hongkong, Désémber 2019.
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2764.