Roy Rukmana
Teu karasa jorélatna mangsa, lajuna waktu téh, nya, A Ling. Januari ngurunyung deui, bari geus katompérnakeun. Dituturkeun ngeprisna hujan, lirihna angin. Enya, pan hujan pangbagéa, ngabagékeun taun anyar. Anu sok disebut pabaru, pabaru Cina, atawa Imlék téa.
Hujan lain sahujan-hujanna, tapi hujan anu mawa berekah pikeun sakumna anu kumelendang di alam dunya. Boh keur tutuwuhan, sasatoan, komo deui keur jalma siga urang, nya?
Enya sotéh jadi mamala caah jeung banjir, éta mah polah urang-urang kénéh. Leuweung bet digunasika, dibabad tatangkalanana bari jeung teu dipelakan deui. Pasir jadi bulistir, dikerukan ku béko, minda rupa jadi villa jeung perumahan. Lahan pertanian jeung kebon-kebon disulap jadi pabrik-pabrik industri. Atuh di kota, trotroar dibetonan, kamalir ditutupan. Ku kaniaya, nya?
Aéh, inget kénéh henteu? Basa urang diuk di bangku sakola. Mudah-mudahan teu forget, ah. Pan harita kamu téh murid anyar, pindahan ti SMA séjén basa keur kelas dua, kelas sabelas lamun ayeuna mah.
Mimiti asup ka kelas pada nyalurakan. Teuing, teuing ku naon bet haliwu, basa kamu ngenalkeun diri di hareup. Pédah kulit konéng umyang kitu? Atawa pédah mata anu sipit? Atawa ngaran anu béda ti nu lian. Ah, duka teuing. Ngan nu puguh harita téh pada ngémprakan. Deudeuh teuing.
Asa teu percaya, harita bet daék diuk sabangku jeung kuring. Enya kuring, Nunung Iteung téa. Aéh…, Nunung Nuriah kétang. Pada ngalandih Iteung téh pédah kulit sayah mah hideung pan. Hideung ti kudrat katambah sok kapoé. Apan osok ngarit jeung moé paré. Ha-hah … Ma’lum urang lembur, tapi hayang nyuprih pangarti ka dayeuh. Saur Bapa: peupeuriheun kolot ukur bisa maca jeung nulis wungkul, cik anak mah sing aya undakna atuh, Nyi! Tah kalimah éta pisan anu jadi panyumanget diajar téh.
Sabangku jeung kamu mah énak, da. Enya… Tara cocéng uang jajan, unggal ka kantin teu weléh dipangmayarkeun. Kalan-kalan nalangan urunan kelas atawa moto-kopi pelajaran. Pokona mah bageur… Ari kuring? Paling gé ngabéjaan keur ulangan. Aéh, bit! Kitu gé lamun kamu méré kodeu, teu bisa ngerjakeun. Anu pangmindengna mah ngajaga kamu tina arocésna Si Yoséf, Si Iwan, Si Amir jeung Si Yuda. Dasar playboys Cap Dua Cula, teu kaop aya anu rancunit, pasti wéh rabeng ngahélaran. Dasar pikacu, pikacuaeun. Aheu.
Enya, nya. Resep, basa sok latihan degung jeung rampak sekar. Kamu nakol jenglong, kuring mah jadi penjaga gawang, alias tukang goong. Ari rampak sekar, kawih kameumeut téh anu kieu téa reff-na téh:
Diraksukan kabaya
nambihan cahayana
dandosan sederhana
mojang Priangan ….
Cik, naon judulna? Pasti inget kénéh lah. Pavorit pisan pan.
Sakapeung sayah mah sok éra. Aya ku bageur-bageur teuing. Béla téh lain di kelas wungkul, tapi nepi ka imah. Najan teu mindeng gé, tapi karasa kanyaahna ka kulawarga kuring. Inget kénéh basa rék lebaran, kungsi mangmeulikeun sarung keur Bapa jeung mukena keur Ema. Teu kaliwat kuéh kaléng jeung orsonna, malah ngeupeulan kuring. Alhamdulillah, nuhun Gusti.
Kiwari. Najan teu méré angpau, teu ngirim dodol jeung kuéh karanjang. Kahéman kamu karasa kénéh. Nyangkaruk jeroning kalbu, nyangkéré dina haté, matri dina ati sanubari Hampura, sayah teu bisa malesna, nya.. Nuhun, nuhun pisan kana kanyaahna. Di mana waé kamu ayeuna, sing séhat, jauh balai parek rejeki.
Gong xi fa cai, A Ling!
Sukaluyu, Januari 2020
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2775.