Nasution Co

Balébat Ngajorélat

Carnyam Déni Riaddy

(Bagéan 1)

Jumaah, April 2017. Sanggeus bajoang leupas tina macétna jalan jeung néangan tempat parkir di sabudeureun Alun-alun Rangkasbitung, ahirna mah bisa asup ogé ka buruan Pendopo Multatuli, Rangkasbitung, Kabupatén Lebak.  

Pendopo Multatuli bada magrib, geus pinuh ku nu rék nyakséni acara Séba Baduy. Ceuk Kang Héndi, nu jadi panata acara ti pihak Pamaréntah Daérah, dina telepon nyebutkeun yén urang Baduyna sorangan gé nu milu ieu Séba teh teu kurang ti 2.000 urang. Mun téa mah nu ngadareugdeug jeung kabéh panitia nu aub kana ieu acara aya sarébu jalma wé, jadi aya kurang leuwih tilu rébu jalma nu tumplek di Pendopo Multatuli téh.

Séba téh ritual seserahan atawa nyérénkeun hasil tatanén jeung hasil bumi séjénna ti masrakat Baduy, sarta laporan sagala rupa kajadian salila sataun nu geus kaliwat di sabudeureun Gunung Kendeng, tempat matuhna urang Baduy.

Anu disérénan hasil tatanén ku Urang Baduy téh aya dua pamingpin. Kahiji, nu disebut Ibu Gedé, nyatana Ibu Iti Octavia Jayabaya salaku pamangku jabatan Bupati Lebak, tempat ngageugeuhna Suku Baduy. Nu kaduana Bapa Gedé, atawa Bapa Rano Karno, Gubernur Banten.

Basa kuring asup ka buruanana, pinuh ku jalma nu maraké baju hideung. Sakanyaho kuring, urang Baduyna sorangan aya nu sok maké baju hideung-hideung, éta tandana pikeun urang Baduy Luar. Sedengkeun urang Baduy Jero mah pakéanna téh bodas-bodas. Ieu mah ngandung harti kaom patapa.

Dina riungan jalma di Pendopo, lolobana mah nu maké baju hideung-hideung. Tapi kuring moal kapalingan. Mana urang Baduyna mana nu ngahaja datang rék lalajo acara Séba Baduy. Sabab kangaranan urang Baduy mah pan teu maké calana panjang atawa pangsi hideung. Kolot budak gé sarua dicalana pondok. 

Enya, Kang Héndi nu ngabéjaan rék aya acara Séba téh. Jadi tadi soré gé ngahaja miang langsung ti pagawéan. Teu ka imah heula. Urang kantor maréntakeun kuring sangkan bisa ngaliput kagiatan salila lumangsung acara nepi ka réngséna.

Bari nyoléndangkeun kaméra dina taktak, datang téh langsung néangan Kang Héndi. Teu susah, mungguhing inyana mah aya di tukangeun panggung. Enya pan tukangeun panggung téh aya rohangan husus keur panitia pelaksana. 

“Kumaha séhat, Kang Hén?” ceuk kuring basa geus panggih jeung Kang Héndi.

“Alhamdulillah, Ka. Tapi nya kieu kami mah, keur riweuh. Hampura mun teu bisa nyugemakeun panarimaan kami, Ka Asép!” Kang Héndi mamandapan.

“Tenang wé, Kang. Dima’lum pisan atuh. Kang bisa ménta tulung lah, hayang ngobrol jeung Ibu Gedé puguh,” ceuk kuring bari ngaluarkeun roko. Sut disundut. Dikenyot sakenyot.

“Lin rék nepungan Bu Iti, Ka? Ja teu meunang bari udud atuh. Sok pareuman rokona, tuturkeun kami. Urang langsung wé ka jero. Da geus dicaritakeun ka Ibu gé, rék diliput jeung diwawancara ku Ka Asép,” Héndi nyoroscos. Teu burung dituturkeun ogé ku kuring sanggeus miceun heula roko kana asbak gedé nu aya di gigireun panto asup.

Saenyana, sanggeus ngaliwatan rohangan nu rada lega, aya panto asup. Héndi ngetrokan heula panto, terus asup. Lain rohang gawé Ibu Bupati sigana ieu mah, da katempona siga rohang istirahat atawa rohangan keur nyalsé. 

Dina korsi aya sababaraha urang nu keur nyanghareupan méja panjang bari aya cikopi ngebul kénéh. Saha-sahana mah teu pati diawaskeun, mungguhing konséntrasi museur ka Bu Iti.

“Bu, ieu Ka Asép, wartawan ti Jakarta nu dicarioskeun tadi siang téa,” Kang Héndi ngawanohkeun kuring ka Ibu Iti nu harita keur ngobrol duka jeung saha. Kuring sasalaman. 

“Sok nya Ka Sép, bisi rék ngawawancara Ibu mah der wé. Aya waktu satengah jam deui ka acara dimimitian,” ceuk Kang Héndi deui, “Kami mah rék nyiapkeun heula acaara, Ka.”

Teu lila. Ukur saparapat jam wawancara réngsé, da mémang perluna gé kutipan sababaraha kalimah. Geus réngsé mah kuring gé amitan ka Ibu Iti. 

“Engké mun geus réngsé acara, omat ulah waka balik nya, Kang! Urang ngariung heula bé di dieu bari ngopi,” Ibu Iti mapadonan.

“Mangga, Bu, Insa Alloh,” témbal kuring. Laju nangtung rék ka tukang bari terus ka luar angkanan téh. Méh gampang ngaléngkah, nya kuring mundurkeun korsi. 

“Kang Asép?” ti kéncaeun jol aya nu nanya. Dilieuk. 

“Aéh geuning aya Lis di dieu? Tos lami?” cekéng téh. Gap kana leungeunna. Sasalaman. Ngahaja rada lila nyekelan leungeunna. 

“Abdi mah ti dinten Rebo, Kang. Ngiring miang ti Kadu Ketug.” 

“Baruk! Atuh ngiring mapah ti Baduy nya?” kuring nanya bari rada kerung.

“Muhun, Kang. Mung ngiring mapahna mah da teu tebih. Paling tilu kiloan lah. Éta hoyong nyarengan Ayah Mursyid mapah. Akang nembé sumping nya?”

Dijawab ku unggeuk.

Jemling sakedapan. 

“Lis, tambih geulis waé.” 

Rey pipina beureum, katurug katutuh lampu di jero rohangan kelir konéng, lain maké lampu néon biasa.

“Akang mah,” manéhna luak-lieuk ka kénca-katuhueun, bisi jadi puseur perhatian. Enya pédah asa lila sasalaman téh da. Kuring ogé nurutan luak-lieuk, yakin euweuh nu merhatikeun mah laju ngaharéwos ka Lis, “Akang sono, Lis! Urang teraskeun ngobrolna di luar yu!” 

Leungeunna dibetot. Lis nuturkeun tukangeun.

Di luar, hawa karasa ngahéab. Sigana pangaruh loba teuing jalma. Kuring jeung Lis ngahaja néangan tempat nu rada kosong tukangeun panggung. Enya can cacap ngobrol gé kaburu aya béwara ti panitia, cenah acara rék dimimitian. Angkanan téh tenang wé da acara di Banten téh masih lila. Aya kénéh waktu, pan isukan gé nyambung ka Sérang.

Sup ka gigireun panggung, pamandangan nembus nepi ka pendopo bagian pangtukangna. Rébuan urang Baduy saregep. Diuk sila bari taya sora sakecap-kecap acan. Éstu jempling pisan. Di téras pendopo nu aya di tukang, jeung di gigir kénca katuhu ogé pinuh ku sémah nu datang ti suklakna-ti siklukna. Sora kaméra patingjaleprét. Lampu kilat kaméra patingburinyay. Loba ogé nu ngadokuméntasikeun ku kaméra hp.

“Lis, antosan heula di dieu nya! Akang badé motoan heula,” bari nuduhkeun tempat nu kosong katuhueun panggung. 

“Ulah lami nya, Kang! Abdi diantosan,” cenah. 

Dijawab ku unggeuk.

Motoan jalma sakitu réana, bari sikepna nu saragem. Sila. Matak resep. Éndah pijadieunana gé geura. Urang Baduy nu saragem maké baju bodas di baris panghareupna nepi ka baris katilu. Ka tukangna nu maraké saragem hideung, diuk dina karpét beureum bari aya lampu latar tukang bodas semu bulao. Teu karasa motoan gé. Rérés motoan ngincig deui ka tempat Lis nungguan. 

“Akang, mani lami ih!” pokna semu ogo. Enya kitu ogo? Ah boa kuringna nu gé-ér. 

Kuring seuri, “Punten rada lami, tuda resep motoan objék nu kieu mah.”

“Abdi mah badé ngalih, nongtonna ka tengah pendopo nya, Kang,” cenah deui.

“Manawi téh badé maturan Akang di dieu? Aéh muhun tadi téh diantosan nya. Sareng saha kitu angkatna ka dieu?”

“Sareng pun lanceuk, Kang. Itu aya nu calik di tengah. Caket tihang,” cenah, bari nuduhkeun curukna. 

Panon kuring gé nuturkeun panuduhna, “Nu sareng murangkalih?”

“Muhun. Pun anak hoyong terangeun Séba,” walonna.

“Naha sanés nyarios ti tadi atuh. Mangga. Sok atuh bilih kabujeng dikawitan acarana. Punten sakali deui nya, manawi téh nyalira tuda.” 

Lis malibir mapay sisi. Panon kuring ogé nuturkeun léngkahna. (lajengkeuneun)