Carnyam Déni Riaddy
(Bagéan 3)
Ongkoh mah kataji ku gaya téatrikalna dina maca puisi, ieu mahasiswi wawakil ti Jawa Barat téh geus pasti aralus pose-pose potona. Éksprésif pisan. Matak kaméra téh teu eureun motoan manéhna.
“Mahasiswi ti paguron mana éta téh, Kang?” ceuk kuring ka Dadan, sastrawan moyan ti Bandung
“Nu mana, Kang Sép? Nu bieu maca puisi?” pokna kalah malik nanya.
“Enya,” témbal téh.
Dadan seuri konéng.
“Akang teu kenal kitu?” Kang Hadi nu nyambungan mah.
Kuring godeg, “Saha téa? Ti Paguron mana?”
“Tinggaleun jaman atuh. Kéla geura urang sina ka dieu nya,” ceuk Dadan bari terus ngagupayan si mahasiswi. Nu digupayan nyampeurkeun.
Sanajan tadi motoan manéhna maké télé, tapi da asa leuwih jelas ti kadeukeutan. Geulis saliwatan gé. Pangawakan jangkung lenjang. Kulitna beresih jeung seger. Irungna bangir. Dina biwir aya ngagedat bulu ipis siga kumis. Beuki deukeut diteuteup beuki seukeut. Mun nempo paromanna mah ceuk taksiran kuring harita, siga geus aya umuran. Ah tapi da mahasiswa mah teu katalian ku umur.
“Téh Lis, ieu nepangkeun, Kang Asép, wartawan ti koran Jakarta. Nyariosna ku basa Sunda wé, da anjeunna gé urang Sunda,” ceuk Dadan. Kuring unggeuk bari song ngajak sasalaman.
“Kang Sép, ieu Téh Lis. Sanés mahasiswa Téh Lis mah, tos doktor titélna gé. Anjeunna mah dosén di Paguron Bandung Raya,” Dadan nerangkeun. Kuring ngaregepkeun.
Adan Asar, nu démo alistirahat. Sabadana adan aya nu ka luar ti jero pager gedong DPR, ngabéjakeun cenah aya wakil rayat nu baris narima wawakil nu ngadémo. Diwatesanan paling loba sapuluh urang.
Unggal daérah diwakilan ku saurang. Yogya, Semarang, Surabaya, Medan, Ujung Pandang. Nu ti Bandung mah hasil gempungan dadakan dipilih Lis nu jadi wawakilna.
Wakil nu sapuluh urang téh dijajap ku patugasna ka jero gedong, diamprokkeun jeung wakil rayat. Kuring gé milu asup ka gedong DPR maturan wawakil nu sapuluh urang.
Dina émprona gempungan wawakil nu démo jeung wakil rayat, hoghag ramé ogé. Ku karancagéan dina ngaluarkeun unek-unek ogé jeung katapisan ngajawab rupa-rupa pananya ti wakil rayat, teu salah mun Lis jadi béntangna di DPR.
Tabuh lima soré, nu démo ngabubarkeun karep. Mulang ka lemburna atawa ka kampusna séwang-séwangan. Mahasiswa jeung para inohong nu ti Bandung ogé sarua pada mulang maké beus rombongan. Lis milu kana beus rombongan, ninggalkeun kapanasaran. Nyésakeun kahariwang.
Mun harita teu éra ku sobat-sobat jeung babaturan mah, ku hayang teuing ngobrol lila jeung Lis téh. Betah kénéh. Ngan nya kitu lah, bisi pada ngagareuhgeuykeun, karunya ka Lis-na. Kuring onaman euweuh dina rombongan jaba boa iraha tepungna deui gé. Lis mah pan sarombongan jaba sakitu lilana di perjalanan. Tuh pan, nepi ka poho rék ménta nomer hapéna gé.
Girimis geus euweuh sésana. Jalan gatot Subroto nu arah ka kulonkeun geus mimiti macét. Waktuna bubar kantor. Mawa motor éstu halon. Teu diudag-udag ku laporan. Wawancara nu démo asana mah lengkep, mahasiswa, para guru basa daérah, sastrawan jeung budayawan daérah ogé beunang. Pon kitu deui hasil tina pasamoan jeung wakil rayat geus karuhan. Jeung nu pasti mah loba poto Lis-na kaméra téh.
Orokaya sajajalan mawa motor téh bari jeung ngalamun sagala. Coba mun panggih jeung Lis téh sapuluh taun ka tukang. Coba mun manéhna can kawin. Coba mun… Aéh naha siga budak ABG waé ieu téh. Pikiran kumalayang teu puguh. Mémang kuring téh saha? Manéhna téh saha?
Aya untungna ‘na motor bari ngalamun, jalan nu sakitu macétna jadi teu karasa lila. Ngan reuwas kareureuhnakeun wé basa lamunan keur manteng, lebah pasar Palmérah aya angkot ngaléok ka sisi. Sigana mah rék nyokot panumpang. Untungna wé geus deukeut ka kantor. Jadi reuwasna teu kateterusan.
Sup ka rohangan, gura-giru ngaréngsékeun laporan kajadian nu lumangsung di gedong DPR bieu. Sajam geus rérés. Tara-tara ti sasari. Téréh nulis laporan téh, da biasana mah dilaé-laé. Dead-line tabuh 7, ngirimkeun laporan mah biasana dikurangan wé sapuluh menit.
Rasa panasaran masih kénéh minuhan sirah. Panasaran saha Lis téh. Sabada réngsé nyieun laporan, kuring nyobaan mayar kapanasaran. Komputer dibuka, sup kana google. Laju ngetik ngaranna: Lis!
Lis. Lengkepna Dr. Lis Héryani M. Hum. Dosén Universitas Bandung Raya (UBR). Budayawan ogé sastrawan. Karangan sastrana boh puisi, carpon atawa wanda fiksi lianna dimuat dina koran jeung majalah nu sumebar di tatar sunda ogé nasional. Buku nu geus dijieun leuwih ti sapuluh. Aya antologi puisi, kumpulan carpon, novelét, novel jeung kumpulan éséy situs-situs budaya Sunda. Ogé aya sababaraha buku mata kuliahna, sigana mah. Boga kalungguhan dina rupa-rupa kagiatan sosial, utamana nu nyoko kana sastra jeung budaya Sunda. Kitu ceuk profil dina blog-na.
Lulus sarjana jeung pasca sarjana ti UBR jurusan Bahasa jeung Sastra Sunda. Program Doktoralna diteruskeun di Leiden, Walanda. Sabada ngaréngsékeun kuliah doktoralna, Lis mulang deui ka Bandung. Ngajar di UBR, almamaterna. Ieu mah beunang niron tina riwayat hirupna nu aya dina Wikipédia.
Sup kana kaca pésbukna, bruhbréh saha babaturanana, saha sobatna, jeung saha gaulna. Kumaha sapopoéna jeung kumaha kaayaan kulawargana. Dibolak-balik ditempoan album potona, asa taya hiji-hiji acan nu keur dipoto bareng jeung salakina. Aya sotéh poto keur jeung lalaki. Budak lalaki kira-kira umur opat belas taunan. Pantesna mah sapantaran barudak SMP. Nyoba dipapay dina instagramna, sarua baé. Euweuh hiji-hiji acan nu dipoto jeung salakina mah.
Mun nempo kana kaayaan tina médsos mah, Lis téh sigana hirup nyorangan. Boga budak hiji-hijina, lalaki. Asa bakal gedé harepan kaya kieu mah. Susuganan wé urang leukeunan. Kétang, dipikir-pikir, bet asa pijajauheun geuning dibandingkeun jeung kuring mah. Lah jeun teuing, kuma engké wé…
Isukna kuring nyobaan ngontak Lis ku cétingan pésbuk. Da euweuh deui alat séjén, lian ti ngamangpaatkeun nu aya mah. Cétingan gé teu lila, ukur nanyakan tabuh sabaraha peuting nepi ka imah? Aya nu jajap teu? Kana naon ti pool beus ka imah? Jeung sakalian nanyakan imahna dimana. Ukur sakitu-kituna cétingan téh, terusna mah ngobrol dina WhatsApp!
Tilu poé mah teu sirikna asal inget nga-WA Lis téh. Teuing jam sabaraha-sabaraha, pokona teu pegat koneksi. Teu pegat silaturahmi jeung Lis téh. Jeung ongkoh deui manéhna gé teu wanieun nyaram. Ngajawab WA kuring tara diengkékeun. Paling ukur kacék waktu samenit dua menit dina elatna ngajawab téh. Kacindekanana: Nya harepan kuring beuki gedé.
Lamunan kagareuwahkeun ku nu uluk salam ti hareupeun imah. Pa RT nyampeurkeun bari memekel payung. Aya naon deui yeuh? Ah paling gé kétang nagih iuran bulanan. Saenyana.
Girimis geus lila raat. Pikiran mah masih kumalayang ka awang-awang. Nyampeur Lis, rék diajak ulin, atawa lalajo pilem, atawa dahar wé nu ngeunah. Pokona mah nu matak sugema jiwa raga. (lajengkeuneun)