Carnyam Déni Riaddy
(Bagéan 4)
Gunung Halimun nu nyumputkeun hirup-huripna rahayat sésa jaman Pajajaran, beuki atra belegbegna. Nagri nu nyumput dina poékna halimun taya lian Kampung Adat Ciptagelar, nu umurna leuwih ti genep abad. Rahayat kampung Ciptagelar nu aya di wewengkon Désa Cicémét, Kacamatan Cisolok, Sukabumi, ngajauhan tina sipatning gumebyarna kahirupan modéren kiwari.
Wanci pecat sawed, kuring anjog ka Kasepuhan Adat Banten Kidul nu museur di Kampung Ciptagelar. Sanajan kasebutna pageuh kana adat karuhun, warga Ciptagelar teu weléh soméah ka sémah nu ngahaja datang. Kitu nu ku kuring karasa harita.
Imah Gedé nu jadi puseur kagiatan masrakat adat, harita mah geus pinuh ku rombongan ti mana-mendi. Rombongan off-road boh mobil atawa motor keur ngalobrol hareupeun Imah Gedé. Ditilik-tilik mah bangun nu ngahaja nyieun pager bitis. Rombongan séjén daratang maké pakaian hideung-hideung bari diiket.
Kuring ngahaja ngagabung jeung rombongan mahasiswa nu karék datang. Tina jakét almamaterna mah kabaca rombongan mahasiswa Universitas Bandung Raya. Teu salah. Lis nu jadi pupuhu rombongan, leumpang panghareupna. Teu bina ti kumendan nu keur mingpin prajurit ka médan laga.
Kuring gura-giru leumpang ka hareup, maturan Lis nu aléwoh nerangkeun itu ieu ka mahasiswana.
Apaleun kuring aya di katuhueunana, nyéh imut. Matak kayungyun ku imutna.
“Tos lami sumpingna, Kang?” cenah.
“Kirang langkung satengah jam kapengker lah. Lis mah nembé dugi nya?”
“Muhun. Tadi supir élf-na ngahaja nyandak jalur Pelabuhan Ratu teras Sukawayana. Numawi rada lami di jalanna,” jawabna.
“Akang gé tadina mah badé ngabantun jalan Parungkuda, teras ka Pelabuhan Ratu. Resep jalur ieu mah, sanaos tebih tapi sajajalan tiasa meulah leuweung nu cenah ieu jalan sapanjang salapan kilo téh didamel ku warga mung tilu dinten. Unggal jalmi kénging jatah ngawangun jalan saméter pasagi.”
“Muhun Kang, abdi mah resep ku luar-léorna jalan ka dinya téh. Teu anéh pami tatangkalan arageung sajajalan, teu aya hiji ogé nu dituar salami ngadamel jalan téh. Ku ageungna tatangkalan, sigana teu aya sorot matapoé nu tembus kana taneuh.”
“Janten Kang Asép nyandak jalur mana tadi téh?”
“Akang mah ngabantun jalan sanés, nu ngalangkungan Kampung Sirnaresmi. Hoyong énggal dugi. Hoyong énggal tepang sareng Lis.”
“Akang mah. Pan sok tepang dina WA ogé.”
“Bénten sareng tepang langsung, Lis. Kantenan ayeuna mah janten aya rasa sono nu nyaliara.”
“Aslina?”
“Muhun.”
Hirup kumbuh masarakat Ciptagelar museur kana paré. Sanajan ukur panén sataun sakali, dina émprona mah boga dualas ritual nu aya gantar kakaitanana langsung jeung paré. Teu anéh, basa kuring jeung rombongan mahasiswa nu diasuh ku Lis diangkir ka Imah Gedé, di jero geus disampakkeun sangu nu ngebul kénéh dibaturan ku lauk wader, sayur nangka, jeung olahan leunca nu nyampak ngaleuya luhureun amparan. \
Ukur aya dina tungtung paneuteup éta dahareun nu sakitu lobana téh, angkanan mah engké wé mun tugas geus réngsé. Taktagé kuring jeung rombongan mahasiswa langsung ngadeuheus ka Abah Ugi, nu geus nungguan. Uluk salam ngobrol minangka bubuka jeung silih wanohkeun.
“Sadérék sadayana, kaleresan dina rombongan urang aya Kang Asép, wartawan ti Jakarta nu ngahaja badé ngawawancara Abah. Regepkeun naon nu ditaroskeun ku Kang Asép jeung naon nu jadi waleran ti Abah,” Lis miheulaan ngabéjaan mahasiswana saméméh wawancara. Sursor cikopi nu ngebul kénéh maturan kuring jeung rombongan lianna.
“Bah, pami masarakat Ciptagelar ngagem agamana naon tah?” kuring ngahaja muka pertanyaan ngeunaan agama. Sab bisi engké keur nyukcruk leuwih jero, aya kaitan nu teu payus jeung masalah agama.
“Nya Islam lah. Masarakat Ciptagelar mangrupa masarakat kasundaan nu satia kana ageman Islam ti kangjeng Rosul Muhammad SAW. Santun, kalem, iklas, ogé ngarojong rupaning wanda. Tauhid, jadi hiji sumber tata niléy masarakat kasepuhan. Silokana kieu; mipit amit, ngala ménta, nganggo suci, mangan halal jeung ucap kalawan nu sabenerna,” walon Abah.
“Ké pami ageman masarakat nyoko kana ajaran Rasululloh SAW., aya sawatara jalmi nu nyebatkeun Nyi Roro Kidul gaduh peran penting dina hirup kumbuh masarakat Ciptagelar. Janten naon peran Nyi Roro Kidul nu saleresna dina hirup kumbuhna kasepuhan atuh?” ceuk kuring deui.
“Nyi Roro Kidul pikeun kahirupan kami mah lain tokoh sasaha. Sabenerna mah ukur siloka nu ngawariskeun mandat karuhun sangkan ngajaga daérah pakidulan Jawa. Sab wilayah pakidulan Jawa mangrupa jantungna puseur dayeuh. Mun wilayah pakidulan ruksak, maka moal manggihan cai beresih, hasil tatanén moal aralus jeung moal kapanggih deui kahirupan nu merenah.”
“Kahartos, Bah. Lajeng, dina tata kelola masarakat Ciptagelar, saha baé nu ngabantos Abah salami ieu?”
“Aya nu disebut Rorokan Jero, Paninggaran, Pamakayaan (nu tugasna nangtukeun iraha kudu melak paré jeung tatanén), Panghulu, Bengkong atawa mantri sunat, Maparaji ogé petugas husus widang kasenian.”
Nalika umurna nu masih ngora kénéh, karék 37 taun cenah, tapi perbawana karasa matak tingtrim. Teu salah mun Abah Ugi jadi hiji figur nu dijadikeun sesepuh. Sagala naséhatna, piwurukna ogé élmu pangaweruhna nu ditepikeun mingkin kukuh pengkuh ngabeungkeut masarakat adat. Moal aya masarakat Ciptagelar nu ngajual tanah atawa ngarempak adat. Naon nu ditepikeun ku Abah Ugi ka masarakatna, bakal éstapét ditepikeun deui ka kulawargana. Kitu saterusna. Turun-tumurun dumasar kana dédéngéan, tetempoan, pipikiran, omongan jeung réngkak paripolah.
Sanajan bahan tulisan geus cumpon kabéh, sabenerna mah masih kénéh resep ngobrol jeung Abah Ugi téh, tapi nya kitu téa kuring kudu sadar diri. Sémah, boh warga Ciptagelarna sorangan nu hayang nepungan anjeunna geus ngantay, boh sémah nu ngahaja datang ti jauhna ku rupa-rupa kaperluan.
Bérés wawancara, kuring jeung rombongan mahasiswa mah langsung amitan ka Abah. Méméh ka luar ti imah Gedé, diajak heula ngeusian peujit. Sangu nu pulen kacida jeung seungitna moal aya duana. Paréna diala ku étém, ditutu dina jubleg terus dipasak dina hawu maké suluh. Pédo élom.
Rencana mah rék mulang poé, da laporan ditungguan di kantor. Tapi sigana moal bisa, pan jalan sakitu tarahalna. Ongkoh sakalian wé refreshing. Ciptagelar katelah ogé éndah pamandanganana. Nempo surupna matapoé nu kaluar antaré naker tina sela pasir bari disuguhan imah panggung jeung sawah di handapeunana. (lajengkeuneun)