Carpon Iwan M. Ridwan
Eunteung jero kamar diteuteup anteb. Eunteung tèh batur anu pangsatiana keur Violani mah. Cenah eunteung mah teu kungsi papalingpang jeung dirina, jeung kereteg hatèna. Teu kungsi nyeungseurikeun dirina dina mangsa cumalimba. Teu kungsi ngarenghik pareng dirina manggih bagja.
Kitu deui mun seug keur baluweng cara harita. Eunteung anu bisa marengan bari nèmbongkeun rasa jiwa sakumaha nu aya dina dirina. Enya kitu dangdanan kieu tèh nyamunikeun kaceuceub ka jalma sèjèn? Gerentesna bari nitènan tangtungan jirimna anu mèh teu katèmbong saha-sahana. Bandana-bis anu nyamunikeun beungeutna disidik-sidik. Ukur sapasang panon anu tèmbong, dipencrong anteb pisan. Dina gurat lawon kayas anu mentang handapeun panonna, mangpirang kalangkang jeung kecap tingkolèbat, sawarèh ngeundeuk-ngeundeuk sawarèh deui maseuk ngawewegkeun hatèna.
“Teu langkung Violani. Umi mah moal ngahalang-halang badè nganggo niqob atanapi nganggo jilbab wungkul ogè. Anu penting mah ulah kabuka orat sareng sing tiasa ngajagi diri. Jeungna deui sagala rupa ogè pan kumaha niatna,” ceuk indungna basa Violani ngaluarkeun gamis anu sasetèl jeung cadarna, tipeu bandana-bis.
“Geuning pulas kayas, ari sugan tèh badè pulas hideung meles,” indungna pok deui bari ngarongkong kana baju anu dikaluarkeun ku Violani.
“Saè nya Mi? Pan Ola mah seneng warna pink, Mi,” pokna.
“Tangtos. Komo upami dianggo ku hidep mah. Tèrang waè kana anggoan anu saè mah,” indungna semu ngagonjak bari mimiti ngèbrèngkeun gamis nu anyar dibukana.
“Omat ulah saukur milu gagayaan. Keur naon awak dibunian ari angger dipamèr-pamèr mah, komo meus-meus diposting dina mèdia sosial mah,” pok deui Indungna teu welèh mapatahan.
“Ah Umi mah mani kitu, isin atuh Mi ayeuna mah,” tèmbalna.
Èra cenah ayeuna mah èksis waè dina mèdia sosial tèh. Ayeuna mah geus ngarasa sawawa. Geus lain deui Violani anu remen sèlfie di tempat-tempat unik tur pikaresepeun. Geus tara nyieun video boomèrang komo muka deui aplikasi lipsing mah bet asa ku matak èra parada. Hirup tèh teu salalawasna jadi budak alay cenah.
“Kadè Nèng Viola tèh kacandakkeun ku kelompok radikal, Ceu Haji. Manglebarkeun ku geulis sareng pinterna,” ceuk tatangga nu keur ngariung tukang sayur hareupeun imahna. Kadèngè kituna tèh basa Violani amitan ka indungna rèk indit ka kampus, bari geus rada jauh kadèngèna ogè.
“Ah piraku teuing atuh, Ceu, Nèng Violani mah teu aya jeujeuhan kitu ti sepuhna,” nu sèjèn nèmpas.
“Ih cenah ayeuna mah keur loba kelompok anu nyumebarkeun ismeu tèroris, Ceu,” pokna deui.
“Ah naon kaitanana pakèan jeung tèroris atuh?” ceuk nu sèjèn deui.
“Éta geuning ayeuna keur jadi sabiwir hiji, geunjleung dipasualkeun dina tivi-tivi,” tèmbalna deui.
“Lah mani didèngè teuing atuh, Ceu. Da anu makè dasi jeung jas ogè can tangtu tukang korupsi, kitu deui nu makè rok mini, can tangtu manèhna tukang ngajual diri,” ceuk nu saurang deui panjang lebar. Kawasna mah mangmèlakeun ka Violani dumèh hareupeun indungna.
“Tah leres, Bu, kitu pisan,” ceuk Indung Violani nyatujuan kana omongan tatanggana.
“Tah kitu, Bu,” ceuk nu sèjènna saur manuk bari nunjuk ibu-ibu anu boga kacuriga ka Violani.
“Enya ogè nya. Naha abdi tèh mani bodo atuh,” nu keur marilihan sayuran tèh saharita saleuseurian.
Violani ngarahuh. Bandana bis tèh diudar talina. Lalaunan diturunkeun. Bray beungeutna tèmbong dina eunteung. Aduhareupan jeung dirina. Panineunganana euntreup deui dina kajadian sèjèn basa dirina can makè cadar. Di jero kelas harita tèh.
“Sigana pami nuju tuang buah naga tèh, damis Violani mah janten beureum nya, tembus pandang,” Si Izul batur sakelasna semu ngagonjak.
“Enya ngan lamun nginum kopi, bakal hideung meureun,” tèmbal baturna. Atuh di kelas tèh ramè.
“Violani mah moal bisa dicoco reungit nya damisna tèh,” ceuk Si Izul deui.
“Naha?” tèmbal nu lain.
“Enya atuh da karèk ogè euntreup, reungit tèh tisolèdat mantèn bakat ku lemes jeung lèsangna èta damis,” pokna. Kelas anu keur ngadago dosèn tèh beuki ramè.
“Ah jujur wè, maranèh bogoh nya ka Violani,” Laras mèla ti dituna mah sangkan nu ngagaronjak eureun.
“Ih moal kumawantun atuh kedah saingan sareng Persidèn Mahasiswa mah,” celengkeung deui Si Izul kawas anu tacan sugemaeun. Ger atuh barudak lalaki pada-pada ting corowok samalah aya anu tatalu kana mèja leutik katuhueun korsi tempat diukna.
Beungeut Violani dumadak asak. Aya nu panas ngahèab tina jero dadana. Ngagolak tepi kana embun-embunana. Bèja ti mana? Èta kekecapan tèh kawas gelap anu ngageleger tengah poè èrèng-èrèngan. Dirina sama sakali teu rumasa deudeukeutan jeung Gan-Gan, Prèsidèn Mahasiswa. Kungsi sotèh harita dina kagiatan seminar basa dirina jadi ketua pelaksana remen kordinasi jeung Gan-Gan nguruskeun sawatara keperluanana ka pihak lembaga, sarèngsèna kagiatan mah Violani teu kungsi babarengan deui. Èta ogè pan teu paduduaan, sok dibaturan ku nu sèjèn, Laras, Nunik. Samalah jeung Si Izul.
Enya kitu anu diomongkeun ku Si Zul tèh, gerentesna basa Violani ngaleupaskeun bandana-bisna. Lain teu hayang boga papacangan cara batur. Komo bari jeung anu mikaresep ka dirina tèh lain jalma biasa-biasa, kaka tingkat anu pinter, hadè rupa jeung hadè hatè. Violani norowèlang jero hatèna. Samalah Gan-Gan tèh kungsi diundang jadi panyatur dina televisi nasional jeung radio pikeun madungdengkeun perkara aksi mahasiswa jeung Prèsidèn Mahasiswa ti kampus sèjèn. Manèhna bèbèja ka Violani basa rèk miangna ka Jakarta. Teu boga curiga naon-naon, meureun hayang ngabèjaan wè. Violani ogè nyaho teu saèutik mahasiswi anu tingkulinting narèangan lawang hatè Gan-Gan sangkan bisa nyirekem di jerona. Tuh Irsyanti, Nanay jeung Jovaria anu nèmbongkeun talajakna hayang kataksir ku Gan-Gan. Tapi naha enya malah dirina anu jadi panineunganana?
Kapanasaranan hatèna tèh horèng kajawab satutas sababaraha kali Gan-Gan nga-whatsapp bari ukur nanyakeun hal-hal anu teu penting tur sifatna pribadi. Mimitina mah dirina teu welèh ngajawab naon anu ditanyakeun ku Gan-Gan, tapi kabehdieunakeun bet ngarasa teu genah. Saban dirina ngabalesan tèh sok tuluy kapapanjangan ngobrolkeun itu-ieu. Lila-lila bet aya kalewang dina hatè Violani. Lewang inggis kahudang rasa anu can sakuduna tumuwuh pikeun jalma anu tacan jadi mahromna. Leuheung basa mun manèhna langsung balaka ka indung bapana bari teu lila tuluy mihukum dirina, najan masih karuliah ogè teu matak jadi sual, ceuk pikirna.
Gan-Gan lain jajaka munggaran anu ngagedoran hatè Violani. Ti saprak kelas hiji Aliyah ka Violani geus rèa nu balaka. Tapi dirina remen mikir. Karèrèaan anu papacangan tèh malah tigebrus kana lampah salah. Saèutik pisan samalah teu kungsi kadèngè ku dirina anu papacangan mawa kana jalan anu leuwih hadè, ningkatkeun prèstasi akademik upamana. Geuning ceuk bèja anu remen kabandungan boh dina mèdia masa boh internèt, rèa anu miceun orok hasil tina pergaulan anu katalanjuran. Enya nu barobogohan tèa, laleutik kènèh ogè rèa anu cenah dumasar kana silih pikacinta. Rèa ogè anu silih telasan pati atawa bunuh diri balukar kanyenyerian. Nu matak sok rus-ras ka lebah dinya Violani mah mun seug aya nu ngajak hahadèan tèh. Lain teu boga kereteg cenah, da hatè mah sarua rupana. Sarua dijieun tina daging sakeupeul. Gampang katoèl jeung gampang neundeun ngaran jalma anu sikep jeung paripolahna pikayungyuneun. Gampang kabeulina. Tapi sakumaha solèhna lalaki ari geus paduduaan jeung nu lain mahromna mah teu burung dibaturan ku nu katiluna, sètan tèa. Tug tepi ka danget ayeuna aya kana welasna jajaka anu hantem sèsèlèkèt mukakeun panto hatèna, tacan kungsi aya nu diunggahkeun.
“Èta tèh lantaran kamu geulis teuing, Ola,” ceuk Laras bari ngagonjak. Ngobrol kituna tèh teu kahaja basa ngariung di kantin jeung pada batur kuliahna. Bongan harita ditanya ku Laras ngeunaan pangalamanana.
“Ah maenya aya paribasa geulis teuing Laras mah,” Violani nèmpas.
“Siga anu tara ngaca kamu mah. Sakitu raray siga meunang nginjeum ti pangeusi surga. Penyair puitis ogè moal bisa ngadèskripsikeun, niatna nyieun puisi jadina malah surat cinta geura,” Laras beuki norowèco.
“Deuh. Diaminkeun wè sugan enya jadi pangeusi surga. Tapi da ari kitu-kitu teuing mah kacida atuh, Ras,” Violani ngarahuh. Ari Laras mah malah seuseurian nènjo Violani siga anu kesel ka manèhna tèh.
Dina eunteung, Violani nyidik-nyidik deui beungeutna. Anu disidik-sidik tèh ayeuna mah beungeutna anu geus teu kahalangan ku salambar lawon kayas. Ngahuleng saendeng-endeng. Enya kitu dirina tèh geulis teuing. Geulis teuing tèh kumaha? Hatèna pinuh ku patalèkan. Ceuk pangrasana mah teu bèda jeung batur. Halis nya di dinya pernahna dina luhureun panon. Irung nya lebah dinya luhureun biwir, ditepungkeun ku ruruncang. Pakulitan anu cenah ceuk batur hèjo carulang, apanan galib rupa kulit sarupa kitu mah. Samalah loba kènèh nu sèjèn ogè anu leuwih bodas, leuwih beresih. Nya naon atuh anu ngalantarankeun rèa lalaki anu kapèngpèongan ku dirina. Teu di mana teu di mendi. Saban anu nènjo dirina teu welèh nuturkeun ku paneuteupna. Samalah rèa anu tuluy ngahèroan bari nuturkeun. Rungsing keur dirina mah. Tong boroning jalma saliwat atawa lalaki anu reugeujeug, lalaki anu sakuduna leuwih boga adab jeung tatakrama ogè kawas anu teu bisa naha gedur kairutna ku dirina. Sok hayang ngageroan dirina, padahal taya hal anu penting. Nu matak sakapeung mah manèhna ngarasa teu jongjon iinditan. Nya ti dinya dirina panjeg rèk nyumputkeun naon anu jadi kapunjulan anu dititipkeun ku Pangèran dina dirina. Sugan jeung sugan ku cara kitu mah teu rèa anu uluksalam kana jero hatèna.
“Pantes kamu mah makè cadar tèh, mèmang sakuduna sih ceuk saya mah. Hukumna gè wajib meureun,” Laras nyarita deui basa munggaran panggih jeung Violani anu geus makè cadar.
“Sebel ah Laras mah kitu waè nyarios tèh,” Violani semu judes. Atuh Laras mani ngabarakatak.
“Hayu atuh Laras nganggo, mèh abdi aya rèncang,” sambung Violani.
“Ah, saya mah teu dicadar gè teu loba nu ningalikeun, La. Teuing lamun makè rok mini mah meureun matak jadi pusat perhatian,” pokna ditungtungan ku seuri.
“Ih, wani kitu?” Violani semu reuwas.
“Henteu atuh, kè bisi ditanya geus milu perang di mana, Palèstina, Iraq, Suriah atawa Afganistan? Èta dina bitis aya urut pelor.”
“Ngacapruk ah.”
Duanana uplek ngobrol kawas anu bungah. Tapi sanggeus sababaraha lila pok deui Laras nyarita anu daria.
“Tapi ditingali-tingali tèh, kamu makè cadar asa jadi leuwih geulis, jadi leuwih pikaresepeun lalaki geura. Suwèr,” gap kana hapè tuluy sèlfie paduduaan. Duanana nyidik-nyidik.
“Tuh pan kamu mah siga modèl èndors,” pok deui Laras anu nyarita. Violani mah teu nyarita sakemèk-kemèk acan.
“Upload I.G ah nya, caption-na ‘bersama artis hijrah, mantul, mantap betul’,” Laras ngerewek hapèna anu keur dicekel ku duaan.
“Ulah atuh Laras, kè abdi disangka….” Violani teu kebat ngomongna lantaran di tukang aya nu uluk salam ka maranèhna.
“Waalaikum salam,” duanana mèh bareng ngajawabna.
Nu uluk salam tèh nyampeurkeun ka hareupeun Laras jeung Violani. Horèng Gan-Gan. Teuteupna kawas anu hookeun. Panonna teu ngiceup-ngiceup, ngan teu lila kituna tèh, luk tungkul bari tuluy nanya.
“Violani?” cenah semu kumeleter.
“Muhun, Kang,” tèmbal Violani halon.
“Pangling nya, Kang Gan,” Laras milu nèmpas. Nu ditanya teu nèmbalan.
Kaayaan kantin anu sakitu ramèna tèh karasana ku hatè Violani mah rèhè combrèk. Komo ku Gan-Gan mah, nu aya tèh kawas ukur manèhna jeung Violani anu pada-pada ngabigeu. Kecap-kecap anu ilaharna rantuy dina saban pentangan inget duanana dumadak maluguran. Nu karasa ukur keteg jajantungna anu ku maranèhna keur satèkah polah dipondah.
“Ola,” sora indungna ngagebahkeun panineungan Violani sababaraha poè katukang. Lol indungna ti jero kamar.
“Ummi, mani reuwas. Aya naon, Mi?”
“Tuh di payun aya tamu, saurna mah badè mendakan hidep,” Indungna nungtunViolani kaluar ti kamarna.
“Saha, Mi?” Violani nanya, kituna tèh bari ngarawèl bandana-bis anu ngalumuk dina kasur.
“Duka da sareng sepuhna. Saurna mah rèrèncangan hidep di kampus.”
“Istri?” Violani panasaran. Rap bandana-bisna dipakè deui.
“Pameget. Mani kasèp.”
Brèh. Atra anu keur dariuk dina korsi hareup tèh salah saurangna Gan-Gan. Sontak hatè Violani ratug tutunggulan kawas sora dulag malem takbiran.
Bandung, 8 November 2019
Bandana Bis nyaèta salah sahiji rupa cadar anu model panutup beungeutna dikaput sisina makè bisban atawa pita, dina bagian luhureun panon makè tali. Ari makèna dibeungkeutkeun ka tukang kawas bengker.
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2765.