Nasution Co

Banjir Taun Baru

Ku Gan Gan Guntara

Boga pagawéan anyar ngajaga kolam renang di Jakarta. Matak taun baruan ayeuna mah ngahaja budak jeung pamajikan téh diajak ulin ka Jakarta. Lian ti rék diajak ningali kembang api di monas téh, rék tuluy dibawa ngojay di kolam renang tempat kuring gawé téa. Haratis teu kudu mayar ari budak jeung pamajikan sorangan mah.

Pasosoré, saméméh ningali kembang api ka monas téh, kuring sakulawarga tuluy balanja alat-alat renang. Ngahaja meuli nu rada alus, ngarah awét jeung pastina bakal mindeng dipakéna, da apan kuring ayeuna mah gawé di kolam renang. Najan di lembur loba wahangan, angger waé béda resepna geuning ari ngojay di kolam renang mah.

Sabada peutingna ningali pésta kembang api ampir nepi ka jam dua subuh, nepi ka imah balik ti monas téh dugsek. Isuk-isuk hudang ogé kabeurangan, jam genep kurang saparapat pamajikan karék ngageuing. Atuh kuring jeung budak buru-buru ka cai. Budak jeung pamajikan meuni gojéh rék dibawa ngojay téh, padahal isuk-isuk kénéh (ma’lum di Jakarta, hawana panas, isuk-isuk oge geus bayeungyang), baju renang nu anyar meuli kamari geus diparaké.

Atuh kuring ogé kapaksa maké baju renang ti imah kénéh, da maenya teu guyub jeung anak pamajikan. Sanggeus siap sagalana, gura-giru kuring sakulawarga muru kana mobil. Barang mobil ka luar ti imah, rada kagét da geuning jalan téh macét jeung horéng hujan. 

Beuki kagét deui da geuning lain waé hujan jeung macét, tapi Jakarta téh banjir. Rék mundur teu bisa, maju ogé sarua kapenet, da banjir téh geuning ampir laput mobil sédan mah. Antukna mobil téh ngagojod. Mandeg-mayong antara norobos banjir kalawan resiko mobil paéh di tengah-tengah atawa cicing waé ngadagoan cai saat.

Sabot ngadagoan cai saat nu teuing iraha saatna, rék ka anak pamajikan nu ti imah mah sumanget rék renang. Rét ogé kana baju renang nu diparakéna, kaasup ku kuring, bet tuluy seuri sorangan. Komo barang aya polisi nu keur nartibkeun jalan nanya, “Mangga atuh Pa, badé ngojay mah kantun ka luar tina mobil,” pokna bari ngaheheh.

Kuring seuri konéng. Pamajikan mah baeud. Ari budak mah keukeuh hayang guyang jeung ngojay dina cai banjir nu beuki dieu téh asa beuki ngaluhuran. “Pa, ieu kan tos nganggo acuk renang. Hayu atuh kaluar, urang ngojay siga itu,” ceuk budak bari tutunjuk ka nu keur ngadorong motor nu ampir laput. Katingalina téh resepeun budak mah ningali nu kitu téh. Emh… abong budak.***

 

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Manglé No. 2764.