Ngadatangan hiji kagiatan mah geus biasa. Atoh wé bisa tepung jeung masarakat. Angot mun acara budaya mah. Siga acara budaya di Kawali, Ciamis.
Reueus hirup jeung huripna Sunda téh masih pada miara. Atuh sumangetna gé nikel. Meureun baning ku sumanget, jadi wéh kasamaran.
Di perjalanan ti Bandung ka Kawali, kuring ngahaja teleponan heula jeung Kang Uu Rukmana. Resep panggih di acara budaya jeung Kang Uu mah. Da geus sahaté jadi teu asa-asa ngedalkeun kamandang. Ari teun Kang Uu mah masih di Cicaléngka. Ari kuring geus nepi Nagrég.
“Sigana mah kuring bakal leuwih ti heula nepi,” cekéng téh.
Salila dina perjalanan anteng ngwangkong. Da kabeneran kuring mawa balad ti Komisi X DPR. Keur ngagarap program pembauran budaya, jadi acara di Kawali cocog dina metakeunana.
Mobil ngalaunan. Kaciri aya umbul-umbul. Meureun ieu acara téh. Simbol budaya Sunda kuat. Nya mobil téh asup wé ka parkiran. Jrut turun. Kuring jeung balad leumpang ka acara.
Panata calagara ngabagéakeun. Diuk pangharepna. Kuring rarat-rérét. Ka mana Kang Uu? Gerentes téh. Ningali kana jam mah mémang acara can dimimitian. Ngadagoan wé bari haté mah geus teu kuat hayang geura guneman. Panasaran, ah dikontak wé.
“Atos lebet Kawali. Sakedap deui dugi ka lokasi,” témbalna téh.
Reugreug ari kitu mah. Lantaran asa cuang-cieung. Da taya nu wawuh. Ari nu wawanohan mah loba. Nu hayang popotoan jeung ngajak ngobrol.
“Bu, mangga dihaturanan kanggo biantara.” Ceuk salsaurang panitia mani rengkuh.
Kuring nangtung. Ngarérét heula. Haté mah ngagerentes, “Naha Kang Uu can embol waé?” Keun sugan datangna waktu kuring keur biantara.
Der kuring biantara. Éh nu ditungguan téh aya nelepon.
“Ceu Popong nuju di mana?”
“Ieu nuju biantara.”
“Biantara di mana? Ieu abdi tos dina panggung ngawangkong jeung si cépot.”
Luhur panggung… gigireun si cépot… Gusti boa salah panggung! Geus biantara mah kuring nanya ka panitia. “Dupi Kang Uu tos aya?”
Ditanya kitu téh panitia hulang-huleng bangun nu bingung.
“Leres kitu anjeunna badé sumping ka acara budaya?”
Kalah beuki kerung. Ari pok téh manéhna nyarita yén éta téh acara kelurahan.
Hayang seuri bari semu isin. Muhun, muhun wé. Gék dieuk deui. Laju ngaharéwos ka babaturan, ngajak balik. Gentak baé indit.
Sajajalan seuseurian. Duh Gusti ku dikersakeun salah ngadatangan. Mana jauh kénéh deuih ka Kawali téh. Elat mantén kaya kieu mah. Enya wé nepi ka lokasi téh pukul sabelas. Lokasi nu asli ieu mah. Da aya Kang Uu nuju calik na panggung, jeung aya si cépot di gigireunana.
Panitia pada ngabagéakeun. Tuluy waé langsung dihiap ka panggung. Salam jeung Kang Uu, laju biantara.
“Aya nu uninga naha Ceu Popong dongkapna elat?”
Hadirin rempeg ngawalon henteu.
“Ceu Popong téh tos biantara. Ari ku Kang Uu ditelepon, Ceu nuju di mana? Diwartoskeun nuju biantara. Ari ceuk Kang Uu téh, biantara di mana? Ieu abdi tos na panggung! Har! Paingan wé rarat-rérét, ngagerentes, mana Kang Uu…”
Ger téh hadirin seuseurian. Duh Gusti singhoréng sasab.
*)Pangalaman Ceu Popong ditulis ku Yadi Karyadipura. Dimuat di Mangle no.2758