Émilia Pardo Bazán
Sabaraha umur kuring harita? Sabelas atawa dua belas? Asana mah tilu belas taun. Sabab mun kurang ti sakitu mah mureun kaitung bolon nu can nyaho di cinta. Tapi kurang gé bisa jadi, da cenah jajantung urang Pakidulan gancang asakna; mun enya jajantung nu kudu disalahkeun dina urusan kieu patut.
Sanajan teu inget peresis iraha kajadianana, kuring inget pisan kumaha mimitina éta cinta munggaran ngarandakah.
Saban uwa istri angkat ka garéja, kuring sok asup ka kamarna, ngadon mukaan laci lomari uwa nu eusina ngéntép rapih. Laci-laci téh lir museum, di jerona loba barang-barang langka tur arantik nu nyambuangkeun seungit purba jeung ahéng: aya kipas candana nu nyeungitan kaén linen, bantal jarum satén nu pulasna geus laas ku mangsa, sarung tangan rajut nu dibungkus keretas tisu, sababaraha gambar santo, pakakas ngaput, tas buludru nu di hareupna aya gambar sulam tarompét, rosario gading jeung perak nu nambru di juru, ku kuring sok dikucumel heula tuluy diteundeun deui dina tempatna.
Dina hiji poé nu asa cikénéh, di juru laci pangluhurna, di antara tumpukan kerah-kerah rénda heubeul, kuring nempo barang nu ngagurilap. Ragamang leungeun nyasaran rénda nepi ka kusutna. Tuluy nyokot nu ngagurilap téa. Singhoréng potrét nu dilukis dina gading, panjangna kurang leuwih 7 sénti, pigurana pulas emas.
Harita pisan cinta munggaran téh ngarandakahna. Sorot panonpoé nu moncor tina jandéla murag kana potrét, potrét nu bangun hayangeun ngajleng kaluar tina poék laci tuluy ngadatangan kuring. Potrét hiji awéwé nu kacida geulisna, geulis nu saméméhna ukur aya dina impian.
Awéwé dina potrét téh umurna kurang leuwih dua puluh taunan: lain parawan jekékan, lain rumaja putri nu kakara mangkak, tapi awéwé sawawa nu geus sampurna kageulisanana. Geura: beungeutna ngajantung cau, biwirna nu pinuh keur engab seuri, matana ngagiler ka sisi, gadona beulah lir ditojos ku curuk Cupid. Rarangkén buukna ahéng tapi nyari: buuk nu galing muntang téh patumpuk nutupan tarang, tuluy aya untunan nu ngajurungkunung luhureun sirahna. Rarangkén gaya heubeul, dibedol ka luhur tina tonggong beuheung, atuh lemes kulit beuheungna nu seger ngora beuki katémbong. Gadona nu beulah mingkin atra.
Ari modél bajuna, kuring teu nyaho naha awéwé baheula kaleuleuwihi dina urusan dangdan, atawa naha pendéta baheula leuwih gedé hampura batan ayeuna? Sigana mah alatan pendétana balageur, lantaran tujuh puluh taun ka tukang, kaom wanoja sok ngarasa dirina umat Nasrani nu toat, nu pamohalan mungpang aturan agama nu utama. Ngan upama jaman ayeuna aya awéwé nu maké baju cara awéwé nu di jero potrét éta, tangtu jadi omong balaréa, sabab ti cangkéng nepi ka taktak, awakna ukur ditutupan ku lapisan kaén ipis nu bororaah nutupan, kalah mingkin némbongkeun dua gunung salju nu ngagurilap digulantungan kongkorong mutiara. Katambah bari semu nu agul, manéhna némbongkeun sapasang leungeunna nu montok siga leungeun Dewi Juno. Kétang, ukur sabeulah nu témbong dina potrét mah, lain sapasang, leungeunna keur ngeupeul saputangan rénda.
Nepi ka ayeuna, kuring sok hélok kénéh mun inget pangaruh potrét éta ka diri kuring, nepi kaleleban, nepi ka asa eungap ku nénjo potrét wungkul ogé. Kuring mindeng nénjo gambar awéwé geulis. Mimindengna mah dina koran atawa dina lukisan nu aya di rohang makan, atawa dina étalaseu toko, réa pisan beungeut awéwé geulis nu pangawakanana sampulur tur andalemi, matak narik ati. Sanajan kitu, potrét awéwé nu kapanggih dina jero laci uwa, lian ti geulis téh nenggang ku rénghapna nu alon tur hirup; saolah-olah lain pédah nu ngalukisna jago, tapi lantaran éta awéwé mémang aya di kieuna, mangrupa getih jeung daging. Kulitna nu mulus lir haneut ku getih, biwirna nu engab némbongkeun huntu nu nyacas bangun enya ngajak seuri, katambah udat buukna alamiah naker, pulas cokelat, galing muntang, ririaban palebah tarang.
Cindekna kuring yakin, potrét téh lain ukur gambar tironan, tapi mangrupa kalangkang jelema hirup nu kahalangan ku kaca. Ieung. Potrét dikeukeuweuk bari ngahégak. Haneut awéwé dina potrét lir nepi kana biwir kuring, ngagalura jero sakabéh urat.
Keur anteng kitu, ujug-ujug kadéngé sora léngkah di luar. Uwa mulang ti garéja! Kadéngé jegoh batukna, gesruk sampéanana nu digusur alatan éncok. Kuring geuwat ngasupkeun potrét kana tumpukan baju, nutupan laci, lumpat muru jandéla kamar, tuluy nangtung di dinya api-api teu boga dosa.
Uwa lebet bari aduh-alah. Hawa tiris di luar nganceuhkeun panyawat salésmana. Barang ningali kuring keur nangtung hareupeun jandéla, soca uwa cahayaan, anjeunna laju nyampeurkeun bari nepak, naroskeun naha kuring geus mukaan laci cara sasari. Kuring cicing teu ngajawab.
“Kéla, kéla, Uwa mawa ieu keur Ujang, pasti kabita,” émbohna bari ngaluarkeun bungkusan keretas tina kantong. Dina jero keretas goréhél tilu atawa opat siki peremén nu narapel kana kuéh. Geuleuh nénjona gé.
Rék teu geuleuh kumaha. Ku nempo saréat uwa istri gé geus matak ruy-rey, komo dibéré peremén urutna. Geus rempo pisan uwa téh, waosna teu nyésa sapotong-sapotong acan, socana surem pikasieuneun, di luhur lambeyna nu kucem ngabaris kumis ipis dalapan senti, huis jadi dina tarang, tenggekna ngagayot siga beuheung kalkun. Kuring gideug. Teu, teu kabita. Harga diri jeung kalalakian kuring asa dicacampah. Bari maksakeun, kuring némbal, “Alim, alim peremén Ujang mah.”
“Naha alim budak téh? Tara-tara ti sasari. Pan biasana gé sok rampus?”
“Ujang sanes budak!” kuring ngagorowok bari jéngké sangkan katempo leuwih jangkung. “Ujang teu resep peremén!”
Uwa neuteup, paromanna antara kayungyun jeung semu nu hayangeun seuri, tuluy sigana teu kaampeuh, barakatak téh bangun raoseun naker, ngehkey nyeungseurikeun kuring nepi eusi bahamna nu pikagilaeun téh tembong kabéh. Uwa akey-akeyan, gado jeung irungna méh baé tepung, gurat lambeyna ilang, karijut dina damis jeung socana nambahan jadi leuwih ti salosin, mastaka jeung salirana eundeuk-eundeukan. Liren ngabarakatak sotéh pédah gohgoy, batuk campuh jeung ceuleukeuteuk, ciduh uwa crut-crét kana beungeut kuring. Bakat ku éra jeung gila, belenyeng kuring lumpat ka kamar mamah, ngadon mandi ku cai jeung sabun bari pikiran mah terus nganteng ka awéwé nu dina potrét téa.
Nya ti saprak harita pisan kuring bogoh ka awéwé dina potrét téa. Cinta munggaran. Saban uwa angkat ka garéja, kuring asup ka kamarna, muka laci, nyokot potrét, tuluy teuleum dina sagara lamunan. Saban gurat beungeutna diteuteup, kuring kapéngpéongan ku matana nu leuleuy neuteup kuring ngaliwatan kaca, kuring betah nyipta-nyipta rénghap dadana. Hayang nyium, tapi asa éra rék nyium potrét téh, bisi pajar calutak. Jadi potrét téh semet diteueulkeun kana pipi atawa diadekkeun kana dada.
Sakabéh réngkak jeung pikir ukur ditujulkeun ka manéhna; ka awéwé nu aya di jero potrét, kuring kacida deudeuh tur tarapti. Méméh asup kamar tuluy muka laci lomari, kuring sibeungeut, nyisiran, jeung mémérés pakéan heula, kapan kudu kitu cenah mun rék panggih jeung kabogoh mah.
Kuring mindeng ngawangkong jeung barudak lalaki saumuran nu agul boga kabogoh, némbong-némbong surat cinta, potrét, kembang, bari tuluy nanyakeun ari kuring geus boga kabogoh acan? Mun geus kitu kuring sok éra. Némbal téh ukur ku imut, imut nu ngemu rusiah téa, geuning. Mun maranéhna tuluy nanyakeun pamanggih kuring ngeunaan kageulisan kabogoh-kabogohna, kuring ukur jebi bari nyebutkeun kabogoh maranéhna mah goréng sopak.
Hiji poé, kuring nganjang ka imah ka imah kapilanceuk awéwé. Gareulis duanana gé. Umur kapilanceuk nu panggedéna teu leuwih ti 15 taun. Keur meujeuhna resep noong stéréoskop, kapilanceuk nu pangorana, kira-kira umur 12 taunan, ujug-ujug nyelesepkeun leungeunna kana leungeun kuring bari beungeutna semu beureum, ngaharéwos, “Ieu, masihan…”
Dina dampal leungeun karasa aya nu tiis hipu, barang dirérét singhoréng kembang eros, pleus gagang jeung daunna. Kapilanceuk téh tuluy ngaberetek bari ngadilak, imutna semu ngagoda.
Tapi kuring nu harita asa kahina, ngajorowok: “Tah, méré!”
Kitu téh bari belewer ngalungkeun kembang eros kana cukang irungna, nepi ka sapoé éta mah kapilanceuk teu eureun ceurik jeung embungeun milu ulin deui. Malah tug ayeuna gé kapilanceuk nu éta can ihlaseun ngahampura sanajan manéhna geus kawin jeung boga anak satilu-tilu.
Dua atawa tilu jam sapoé, isuk jeung soré, saban Uwa angkat, asa teu seubeuh-seubeuh kuring neuteup potrét. Tungtungna mah potrét téh dipaok tina laci, diteundeun dina saku calana, tuluy kuring abur-aburan ulin di luar, kuma baé jelema nu diuudag dosa.
Banget ku cinta, malah nepi kapikir yén potrét nu aya dina jero saku téh bisa nyakséni sagala laku lampah kuring. Pohara mantengna éta pikir, saban kuring rék gagaro, rék menerkeun kaos kaki, atawa rék naon baé nu kira-kira teu payus katempo ku batur, potrét téh dikaluarkeun heula tina saku tuluy diteundeun di tempat nu merenah. Geus kitu mah kuring laluasa milampah naon-naon nu matak éra mun katohyan ku manéhna nu aya jero potrét.
Leuwih ti kitu, lantaran potrét geus dipaok, sabataé rék naon gé asa bébas. Saban peuting, potrét diteundeun handapeun bantal. Kuring saré bari rancingeus, saolah-olah manéhna putri nu cicing di jero bénténg, kuring ponggawa tukang jagana. Atuh teu tibra da meusmeus hudang, sieun aya jelema asup ka kamar ngadon ngiwat pupundén. Tungtungna potrét téh dicokot ti handapeun bantal tuluy dibebeskan kana jero piyama, diteundeun antara kaén jeung dada, isuk-isuk sok katempo dina potrét aya tapak késang kuring dina kaca.
Saban peuting antel jeung potrét nganteur impian éndah. Manéhna, awéwé dina potrét, lain deui saukur rékaan gambar, tapi enyaan datang dina wangun jelema hirup, lungguh, daréhdéh, geulis kabina-bina, nyampeurkeun bari ngabedol ngajak kuring ka hiji karaton, tumpak karéta nu bisa ngapung. Leuleuy geudeu manéhna nitah kuring diuk dina jojodog deukeut sukuna, leungeunna nu lemes teu eureun ngusapan sirah, halis, mata jeung buuk kuring. Dina impian, kuring mangmacakeun missal atawa metik kacapi, manéhna tuluy imut bari nganuhunkeun geus dibeberah jeung dipangmacakeun. Ka dituna mah implengan romantis minuhan uteuk, sakapeung kuring jadi ponggawa, sakapeung jadi troubadour.
Alatan tarik teuing ngalamun, awak lila-lila ngorotan. Mingkin lila mingkin begang. Kolot katut uwa kaciri hariwangeun.
“Budak umur sakieu mah keur meujeuhna mesat, kudu ditalingakeun,” ceuk Bapa nu sok maca buku kaséhatan bari nengetan sabudeureun mata kuring nu hideung kurang saré; panon nu ceuleuyeu, biwir pias, jeung pangpangna mah teu ngeunah dahar.
“Sing loba dahar loba ulin, Ujang,” Bapa miwarang.
“Teu purun…” témbal kuring pondok.
Ka nu gering mah sagala ditatawarkeun. Kuring diajak lalajo téater, dititah eureun sakola, kudu nginum susu nu aya budahan. Sirah teu eureun diceuceuh sangkan saraf gancang kuat. Saban pasarandog, soca bapa neuteup kuring seukeut. Teras pananganna mapay pigeulang, ngarampa ketug jajantung. Dikitukeun téh kuring mah sok tungkul bari répéh, kajeun paéh tibatan kudu ngaku boga dosa mah.
Sanggeus sababaraha poé diubaran jeung dipapagahan, kuring bisa paduduaan deui jeung awéwé dina jero potrét. Bet jorojoy pikiran anyar. Sangkan leuwih deukeut, kuring kudu nyingkahkeun hahalang antara kuring jeung manéhna. Kuat ka ngadégdég ngabayangkeunana gé. Tapi antukna kacinta ngéléhkeun kasieun. Hiji poé, kalayan ati-ati kuring nyokél kaca potrét nepi ka goréhél wé dadasar gading. Dina gading éta potrét téh dilukisna. Basa potrét diambung, kaangseu seungit tungtung buukna. Sagala nu salila ieu diimpleng dicipta-cipta téh lir ngajanggélék, potrét téh jadi jelema di kieuna nu bisa dirawu dipangku. Leng, dunya ujug-ujug muih, kuring kapiuhan dina korsi bari ngeukeuweuk potrét.
Barang beunta, nu katempo téh indung, bapa, jeung uwa keur ngaronom. Kasieun jeung kahariwangna atra dina paroman maranéhna. Bapa nyepengan pigeulang bari teu lirén gogodeg, nyarios. “Ketug jantungna les-lesan, méh teu karampa.”
Panangan uwa nu ranggoas ujug-ujug nyolongkrong rék nyokot potrét tina ranggeuman. Rikat potrét téh disumputkeun, dikeupeul pageuh.
“Ieuh, Ujang, lesotkeun bisi ruksak!” Uwa ngagéréwék. “Kumaha mun cétna luduh? Uwa mah moal ngulah-ngulah, hempék baé rék nempo mah, tapi ulah diruksak! Lésotkeun, ulah dikeupeul kitu!”
“Bikeun wé atuh,” Mamah ngalimba. “Si Ujang keur gering.”
“Dibikeun kitu waé?” tembal Uwa. “Sambarangan! Saha nu bisa nyieun nu kieu? Samaruk kuring bisa ngora deui? Jaman ayeuna mah euweuh nu nyieun potrét lukisan siga kieu! Jieunan baheula ieu mah, uing gé jieunan baheula, geus teu siga nu dina potrét éta!”
Kuring colohok. Kepluk, potrét murag tina leungeun.
“Éta téh… potrét Uwa?”
“Geulis, nya? Nya enya atuh, awéwé umur 23 mah keur meujeuhna méncrang, teu siga awéwé umur… Duka teuing sabaraha umur uing ayeuna. Heuy deuh, poho deui!” Uwa nyikikik.
Leng. Sirah karasa beurat, méh baé kuring kapiuhan deui. Hadéna Bapa énggal nyangkéh, kuring dipangku disarékeun dina kasur, dititah nginum obat sababaraha séndok.
Teu lila ti harita kuring cageur.
Sanajan kitu kuring tara, tara asup ka kamar uwa deui.
BIOGRAFI PANGARANG
Émilia Pardo-Bazán (16 Séptémber 1851-12 Méi 1921) téh pangarang novél, wartawati, kritikus sastra, panyajak, panarjamah jeung dosén asalna ti nagara Spanyol. Bazán kawentar ku yasana ngawanohkeun aliran naturalisme kana sastra Spanyol ngaliwatan déskripsi nu napak tur réalistis. Lian ti éta, Bazán gé mangrupa tokoh féminis nu ngarojong pentingna atikan pikeun wanoja Spanyol jaman harita. Taun 1876, Bazán dilélér hadiah sastra ku pamaréntah daérah Oviedo pikeun karya ésai nu judulna “Estudio Crítico de Las Obras del Padre Feijoo” (Ésai Kritis Ngeunaan Karancagé Pastur Féijoo). Sababaraha novél Bazán nu kaasup petingan di antarana: “Los pazos de Ulloa” (1886), “La Madre Maturaleza” (1887), “Insolación” (1889) jeung “Morriña” (1889).
Carita pondok nu judul aslina “Cuentos de Amor” (Cinta Munggaran) ieu dicokot tina buku kumpulan carpon “First Love and Other Fascinating Stories of Spanish Life” nu diterbitkeun ku Dodo Press (2009), ditarjamahkeun kana basa Sunda ku E. D. Jenura.
Katerangan:
Carpon Tarjamahan ieu kantos medal di Manglé No. 2762.