Carpon Anggi Novia Dewi
Maya, cinta keur urang duaan mémang diciptakeun dina wangun nu lian. Teu kawas carita cinta bihari, antara Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen dina novel Baruang ka Nu Ngarora. Atawa teu kawas carita cinta jaman milenial, antara Dilan jeung Milea. Wangenan cinta nu urang éstu salawasna robah.
Hujan, boa kawas kitu cinta urang mah. Kalan girimis nu jadi kasang tukang romantis dina hiji drama. Kalan ngagebrét nu nyipta kaketir dina hiji jalan carita. Seuneu, boa siga kitu cinta urang mah deuih, kalan kakalicesan ngan ukur nyaangan rohang haté, kalan ngabebela lir napsu nu rohaka. Atawa boa siga taneuh, tempat di mana kahadéan tumuwuh sanajan balas ditincakan.
Maya, anjeun nya kawas kuring. Kuring gé éstu kawas anjeun. Teu kudu loba wakca, teu kudu loba cacarita. Naon nu aya dina haté anjeun, kitu pisan nu aya dina ieu haté. Taya nu disamunikeun antara urang duaan.
Anjeun nemonan kuring dina saban waktu, nepi ka sabenerna taya pisan waktu jeung rohang pikeun nyorangan. Nyorangan sakadar pikeun napakuran saban waktu nu geus kasorang.
Isuk-isuk, anjeun mangninyuhkeun sagelas cikopi. Bareng jeung nyerebungna seungit cikopi, anjeun ngagentraan pinuh ku katresna. Pabeubeurang, anjeun mawa angkleung-angkleungan dina parahu kertas ngambah lautan imajinér, tingsuruwukna lambak pasusul-susul jeung harepan nu mimiti mumbul. Sareupna anjeun mawa ngapung ku jangjang manuk dadali, mesat meulah angin jeung méga nu sumedeng hibar ku layung, laju eunteup di tempat ahéng nu can kungsi kasungsi. Peuting, urang ngararancang dahar paduduaan nu romantis, laju nongton pilem haratis, nepi ka reupna peureum dina impénan nu sarua. Impénan ngeunaan poé isukan.
Maya, layeutna urang duaan taya hartina keur ema mah. Ema kungsi nyarios, sabenerna anjeun téh wujud nyata tina dajjal. Cenah anjeun bisa robah jadi awéwé geulis tur hadé budi di hareupeun kuring, nepi ka kuring tibelat. Ngan cenah, sabenerna anjeun téh teu leuwih ti ungkluk nu bisa dibeuli jeung dicoo sakahayangna ku sing saha waé nu boga duit. Ceuk ema, anjeun téh bisa minda rupa siga londok, dina nu héjo kulitna héjo, dina nu rumeuk kulitna rumeuk. Létah anjeun nyagak siga oray, bisa nyalabarkeun omongan nu can écés bener henteuna.
Maya, sabenerna anjeun téh mahluk nu siga kumaha? Naha ema banget kitu ka anjeun? Nepi ka nyaruakeun anjeun jeung sato. Ti saprak ema nyarios kitu, kuring beuki ngarti, ema ijideun.
Maya, ema gé kungsi nyarios, anjeun bisa meruhkeun sing saha waé. Ti mimiti jalma kuat, pinter, jeung boga kawasa nepi ka jalma tuna jeung boloho. Ema mémang teu saklek nyebutkeun kuring jalma nu tuna tur boloho, tapi kuring asa kasindiran. Apan kaayaan kuring ayeuna téh masih bubujangan, sakitu umur geus 32 taun, teu boga pagawéan nu matuh, sapopoé ukur dahar, saré, udud, jeung ulin ka setatsion deukeut imah. Taya ajén nu leuwih keur tempoeun awéwé nu baris jadi pipamajikaneun.
Ngan saprak kuring panggih jeung anjeun, Maya, kuring asa dihargaan. Bungah manggih awéwé nu éstu ngan miharep kuring sakumaha ayana ieu diri. Kawilang langka awéwé kawas anjeun téh. Teu loba nungtut kudu kieu-kudu kitu. Ulah seuri, Maya, kuring lain keur ngagombal.
Kadieunakeun, ema siga nu hayang misahkeun urang. Ngatur dangka sangkan urang ulah remen teuing panggih. Kuring teu sanggup nedunan kahayang ema. Sarwa salah, kuring tangtu nyaah ka ema, ngan deuih teu bisa samanéa ngaleupaskeun anjeun.
Satuluyna kuring tumetep di dieu, Maya, marengan anjeun. Duka anjeun nu tuluy marengan kuring kétang. Mun kuring uluk salam, keketrok kana panto, anjeun tangtu bray mukakeun bari ngabagéakeun ku imut nu ngagelenyu.
Kamari ieu ema ngadongéng ngeunaan diri anjeun, Maya. Cenah anjeun téh ngan boga hiji panon tapi bisa ngincer objék jeung nyeukeutan fokus rétina nepi ka sababaraha megapixel lir kaméra canggih. Leungeun jeung suku anjeun teu kawilang jumlahna, nepi ka bisa néwak sing saha waé nu ku anjeun dipikahayang. Taya nu bisaeun lumpat nyingcet ti anjeun sabab sakalina ngaléngkah, jarak jeung waktu geus teu boga harti deui dina itungan. Anjeun baris ngudag nepi ka mana waé. Ngagunakeun tipu muslihat pikeun nu jadi musuhna. Kuring unggeuk ngarah ema eureun ngajejeléh anjeun, Maya.
Laju ema nyingsieunan, mun kuring masih kénéh babarengan jeung anjeun, bari teu nyaho waktu jeung tempat, teu miroséa ka nu lianna, ema baris misahkeun urang kalawan paksa. Ema baris ngajual anjeun, Maya. Anjeun nyaho teu, kuring hareneg ku kekecapan ema, “anjeun baris dijual!” Ema nyangka yén anjeun téh barang murahan nu bisa dijual kitu waé.
Naha ema nepi ka téga kitu hayang misahkeun urang, Maya? Naha ema hayang kuring buru-buru geura kawin jeung mojang pilihanana nu sok dipanggihan saban pangajian Ahad? Apan mun balik pangajian téh nu dicaritakeun lain matéri ti ustadna, kalah nyaritakeun polah hiji mojang nu sakitu nyaah ka sahandapeun, sopan ka sasama, tur hormat ka nu jadi kolot. Éstu lungguh timpuh, taya cawadeun, cenah.
Kuring ngan ukur bisa ngabandungan tuluy unggeuk. Kuring teu hayang pahereng-hereng jeung ema, Maya. Sieun jadi budak doraka. Ganjaranana asup ka naraka. Kuring teu wasa ngabayangkeun siksa seuneu nu ngabebela. Ahirna kuring ngaenyakeun, laju ngonci manéh di kamer.
Sapeupeuting kuring teu reup, ngajaga anjeun, Maya. Duka anjeun nu ngajaga kuring kétang, da kitu sasarina gé. Apan anjeun nu sok rajeun ngahudangkeun najan kuring angger ngaguher gé. Sumpahna gé, Maya, kuring sieun ema ujug-ujug asup tuluy ngajual anjeun.
Isuk-isuk, kuring hudang ngoréjat bakating reuwas nepi ka ieu jantung ratug teu puguh ninggalkeun wirahmana. Saawak-awak jibrug. Ema ngaguyur kuring di enggon, Maya. Bayangkeun kumaha handeueulna kuring ka ema. Saumur hirup apan ema can kungsi ngahudangkeun modél kitu. Ema bangun nu bendu kacida.
Kuring buru-buru hudang tuluy nangtung sanajan pangacian tacan kumpul gé. Cara sasari, kuring embung paréa-réa omong jeung ema. Ngaliwat ka dapur, ema geuwat nukangan. Écés dedegan ema ti pengker, didaster, rambutna semu huisan digelungkeun. Ema teu pati miroséa waktu kuring ngarérét. Ema tuluy ngagulah-galéh goréng sangu. Srang- sréng-srong cukilna ditémbragkeun kana katél lir nu keur mudalkeun kaambekna. Kuring ngan wasa tungkul bari ngaléos ka cai sabab awak mucicid kabulusan. Bareng jeung nutupna panto cai, kapireng sora brang-bréng-brong baskom jeung panci bangun nu ngahaja dipurag-puragkeun.
Ayeuna, lain ngan ukur ema nu nyerieun haté, kuring gé sarua. Teu ditawaran mumuluk-mumuluk acan, padahal goréng sangu geus diambengkeun dina méja. Padahal salila ieu ema nu panghumandeuarna dina mangsa kuring can dahar sabab can pati lapar gé. Ema sabar nyanghareupan kuring nu sakitu nya kakolotan tapi tacan boga niat pikeun kawin tur imah-imah cara batur. Ema masih sabar basa kuring ngaligeuh tuluy sok rajeun huleng jentul di setatsion deukeut imah. Ema ogé masih sok méré duit mun kuring kaciri teu ngaroko atawa ngan ngajentul di jero imah. Ema, jalma nu pangsabarna nyanghareupan kalakuan kuring. Ema, nu sok nyumangetan kuring ku kecap, “anaking téa, hébring!”
Sanggeus dangdan, kuring indit ti imah. Ema teu ngaulah-ulah deuih, éstu teu nyarék sakemék-kemék acan. Nu ditujul téh setatsion, cara sasari. Kira lima welas menit gé geus anjog.
“Maya, ngan ukur anjeun nu kiwari maturan. Wanci isuk siga kieu naon nu baris dilakukeun ku urang?” Anjeun ngusulkeun sangkan kuring meuli dahareun keur mumuluk. Ti mimiti pilihan harga nu pangmurahna nepi ka jarak warung nu pangdeukeutna.
“Kuring teu pati lapar, Maya, hayu cuang leumpang nyusur-nyusur erél waé,” ceuk kuring ngajawab paméntana.
Handapeun panonpoé nu keur meujeuhna haneut moyan, raray anjeun nu katojo cahya panonpoé kaciri beuki rancunitna. Anjeun leumpang jéngké luhureun erél, kuring leumpang luhureun papan bantalan antara batu. Kuring nyekel réma anjeun nu laléncop sangkan awak anjeun saimbang. Rét maling teuteup kana bitis anjeun nu sampulur. Awak nu lenjang. Buuk nu panjang kasuaykeun hiliwir angin. Pareng diteuteup téh, anjeun imut ngagelenyu, ngobahkeun biwir nu semu kayas, saeutik. Éstu matak seseblakan haté. Kuring nyaah ka anjeun, Maya, tapi naha ema sakitu micuana?
Mireng sora rél nu kagiles roda karéta jadi simponi nu ngabangbrangkeun. Matak kuring sok rajeun ulin ka setatsion gé, sugan panggih jeung apa nu indit geus aya kana tilu taunna bari taya béjana. Teu ayeuna, boa isuk atawa pagéto.
Setatsion, saéstuna pangreureuhan antara nu miang jeung nu mulang. Sok resep ningali pabuisna kahirupan. Mulang, reureuh, tuluy kudu miang deui. Kitu salalawasna. Kuring gé resep nengetan jeung mireng sora séahna calon panumpang di setatsion. Polsuska. Kondéktur. Piriwit. Lokomotif. Peron. Gerbong. Calo.
Basa kuring leumpang luhureun batu kricak, ujug-ujug karasa aya nu nyurungkeun kuat naker. Kuring tisungkruk kana balast. Sirah tijedak tarik kana batu. Karéta ngaliwat sajorélat. Angin nyéot satarikna. Nguuung, aya sora nu ngahiung tarik ngajelengéng kana ceuli bareng jeung eundeurna erél. Kuring inget ka anjeun, Maya. Naha anjeun salamet?
Sanggeus karéta ngaliwat, sakolébat gé katingali aya hiji awak nu ngajelepeng di peuntaseun erél. Awak nu kokoréjatan bari boborot getih. Kuring ceurik satarikna. Ngumpulkeun tanaga pikeun nangtung tuluy lumpat muru anjeun. Sakedapan kuring neuteup eusi beuteung anjeun, Maya, patulayah di antara batu kricak. Hélokna, naha aya batré jeung élemén hapé nu getihan? Rét kana raray anjeun nu geus boborot getih, naha lir layar hapé ukuran 5 inci nu geus peupeus? Rét kana dada sorangan, aya tatu gorowong tapi teu getihan. Gorowongna lir torowongan gedé nu tujul ka hiji setatsion. Dina péronna, samar-samar katingali apa gugupay mileuleuyankeun.
Limbangan, 19 November 2019
kahatur Abah
Katerangan:
Carpon Dunya Maya karya Anggi Novia Dewi kantos medal di Manglé No. 2762.