Nasution Co

Ba’da ashar mulang ti sakola diniyah,  Ninis muka buku péérna. Laju calik di rohangan paragi nongton tipi. Ngagutrut nyerat.
Ninis ngahuleng, bari ngégél pulpén. Socana rut-rét kana potrét nu naplok dina tembok. Laju neraskeun seratannana.

“Nuju naon, Tétéh?” Mimi naros ka rakana.

“Nuju ngeusian péér,” walon Ninis.

“Geuning bari ningalian waé potrét?”

“Muhun, aya putula-patalina sareng anggahota kulawarga,”

“Naon téa?” Mimi mani jiga nu panasaran. Yuswa Mimi nembé genep taunan. Nuju cekapan capétang.

“Anggahota kulawarga, jumlah sadayana  aya opat. Bapa, Mamah, Tétéh sareng Mimi,”

“Oh, kitu. Moal nambihan deui jumlahna?” Mimi naros deui. Tapi Ninis teu némbal.   

 “Ih, Tétéh ditaros téh kalah ngahuleng?” Mimi kerung.

“Atuda ngawaler péér ogé teu acan réngsé. Katambih Mimi tataros waé,” walon Ninis bari gumujeng. Lucu ningal Mimi anu ngaréwong. Socana nu cureuleuk gular-giler merhatoskeun rakana.

“Mimi teu kénging ngaganggu Tétéh, atuh!” saur Mamahna nu nuju masak di dapur.

“Naros hungkul, Mah,” walon Mimi bari calik caket Tétéhna.

“Atos péérna, Téh? Naros naon atuh Mimi?” Mamahna naros ka Ninis. Bari ngurumuy ti dapur.

“Anggahota kulawargana moal nambihan deui surnah, Mah? Péérna kantun sakedik deui,”

“Bakal nambihan pami Si Utun inji atos lahir,” walon Mamahna bari imut. 

“Asik, Mimi bakal gaduh rai,” Mimi surak

“Alhamdulillah, Mimi badé gaduh rai mah teu kenging ogo,” saur Ninis

“henteu atuh. Hoyong gaduh rai lalaki,” walonna

“Naha?” Ninis naros

“Pan istri mah tos seueur,” walonna.

“Istri  atanapi pameget sami waé,”saur Mamah.  

“Sabaraha sasih Mamah?” Ninis naros ka Mamahna.

“Nembé dua sasih, sur dokter mah. Sok atuh énggal béréskeun péérna!”

“Aya anu teu terang,”

“Cik, naon?”

 “Apanan Bapa mah kapala kulawarga. Teras damelna tani. Pami mamah naon damelna?” “Mamah mah, sok disebat ibu rumah tangga,”

“Oh, muhun. Pami Tétéh cikal, Mimi bungsu. Leres kitu?”

“Leres, mingkin pinter geuning. Ayeuna Mimi bungsu sotéh,”

“Muhun da teu acan lahir Si Utunna. Kantun hiji deui,”

“Naon?”

“Érwé téh singkatan tina rukun warga nya. Teu terang Pa Érwé téh saha jenenganana?”

“Leres, jenenganana Pa Didi,” walon Mamahna teras ngaléos deui  ka dapur.
Ninis katingal sura-seuri. Bingah katingalina. Péérna tos réngsé. Bukuna dibérésan. Ningalian jadwal kanggo énjing. Bukuna nu kanggo énjing dilebet-lebetkeun kana tas. Ninis mah taliti jeung rajin. Sok aléwoh pami aya anu teu ngartos.

“Bade nongton tipi da atos ngadamel péérna,” pokna bari ngarérét ka Mimi nu nunutur waé.

“Mimi hoyong diajar maén békles,” pokna, bari neuteup ka rakana.

“Aéh, ti tatadi téh geuning ngantosan Tétéh?” Ninis naros.

“Muhun, nu sanés mah Yuli sareng Cucu tos tariasaeun,”

“Euleuh, hayu atuh urang diajar sareng Tétéh,” saur Ninis. Mimi unggeuk teras nyandak bal békles sareng cangkang kewuk. Disodorkeun ka rakana. Gék, calik payuneun rakana. Ninis mamatahan raina diajar maén békles.

“Geuning sesah nyangap balna, bari kedah ngarawu kewuk téh,” saur Mimi.

“Kedah sabar, ku sering mah bakal tiasa,” témbal Ninis. Ninis ogé sabar nyontoan Mimi. Padahal patuanganana tos kukurubukan.

“Tah, aya goréng sampeu. Mani muruhmuy,” Mamahna nyodorkeun sampeu kénging ngagoréng. Atuh kacida atohna Ninis sareng Mimi.

“Mamah mah terang waé karesep Tétéh,” pokna.

“Karesep Mimi ogé,” Mimi ngiring mairan. “Karesep sadayana wé atuh,” saur Mamahna, bari kedewek kana goréng sampeu. 

“Muhun, Utun Inji ogé palayeun,” walon Mimi. Sadayana saleseurian. Goréng sampeu dugi kaséépna.

Kintunan

Dede Rostiana

Guru di SMP Pesantren Cintawana

Tasikmalaya

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Mangle no. 2758.