Ku Yadi Karyadipura
Naha karék ayeuna sadarna. Sanggeus dua puluh taun nyicingan Gang Bagja, naon rupa harepan nu bakal bisa kawujud ku dirina. Sedeng manéhna geus béda jeung harita. Ukur sésa-sésa tanaga dina mangsa sareupna. Nu dihojahkeun pikeun nyukupan pangabutuh kulawargana.
Hujan ngaririncik. Abah Supéndi Citranggada maca koran poé ayeuna, poé Minggu. Kopi meunang pangninyuhkeun pamajikanana, peuyeum cekék, jeung hui cilembu paméré Jang Ardi, maturan manéhna ngaderes kekecapan nu kapidangkeun jadi warta: milangkala Kota Bandung ka 207, banjir di Jambatan Pasopati, PERSIB nu hayoh dijudulan ‘Bertekad Meraih Kemenangan’, jeung warta séjénna nu teu kaliwat ku panonna nu ditasma.
“Pa, kumaha cios kerja bakti nu diusulkeun ku Mas Purwo téh?” celengkeung sora Bu Oom di pawon. Abah Supéndi ngarérét, katangén pamajikana keur ngasupkeun runtah kana kérésék badag.
“Moal meureun da hujan kieu,” témbalna téh mani harus. Meureun bisi kalindih ku sora cai nu patinggelendeng dina séng jeung talang.
“Si Mas Purwo mah sok rajin nyaitan runtah dina solokan bisi mendet.”
Abah Supéndi ngagilerkeun deui panonna. Ayeuna mah ka luar. Ngawas-ngawas cai nu dicicikeun ti langit. Lain ningalian émbér badag panampungan cihujan. Tapi ngayakinkeun ka dirina, yén hujan leutik mah moal matak mudal solokan nu ngaliwatan imahna. Saluran cai nu ogé jadi pamiceunan runtah nu teu katadah di Pasar Caringin, jeung komplék nu témbokna ngajegir gigireun imahna.
Sanggeus nengetan cihujan, lalaki nu buukna carang téh ngarasa wegah nuluykeun hanca kalawarta. Disuruput kopi nu masih haneut. Cacamuilan nuang peuyeum bari ngimplengan warta naon nu bieu dibaca.
“Gebyar, hébring,” Abah Supéndi inget eusi warta milangkala Kota Bandung nu salah sahiji acarana ngayakeun féstival seni sabulan campleng. “Kadatangan Si Ujang Ardi wé nu karasa aya mangpaatna téh. Lian ti éta mah ukur lalajo, atawa semet ngadéngé.”
Kurang miroséa iber ti médsos ngeunaan rupaning acara, ka wewengkon pasisian Bandung mah acara milangkala dayeuh Bandung téh ukur aweuhanana.
“Nu nampeu dina irung waé geus teu maliré, komo nu di pasisian.” Abah Supéndi gegetun. Banjir di puseur mah gancang diungkulan. Keuheul ka papayung agung, meupeus keuyang ngahékak peuyeum jeung hui.
Padumukana mah geus remen kacaahan alatan mudalna solokan. Teu kudu leutik haté, da geus ngarasakeun mangpaat ayana Gober.
“Hiburan nu matih. Dibobotohan nepi ka tungtung hayat,” Abah Supéndi ngagereyem. Lalaki nu geus puluhan taun ngabobotohan Persib téh ngarérét kana jam, nu naplok dina témbok cét konéng. “Engké maénna geus magrib.”
Pikeun manéhna mah, Persib téh lain ukur kareueus. Tapi jadi ubar pikeun mapalérkeun kabingung. Samalah dina salapan puluh menit leuwih saeutik téh, manéhna asa leupas tina sagala bangbaluh nu ngalimpudan dirina: urusan cai beresih, runtah, iuran rutin, sikep baruntak kana kaayaan lingkungan, jeung ngabeberah sorangan kana rupa hal nu disebut ‘takdir’.
Koran ditunda gigireun kopi nu kari satengah gelas, jeung sésa lalawuh. Tuangeun pangirim Jang Ardi. Lalaki saparapat abad nu salila sabulan téh sok remen nganjangan imahna. Abah Supéndi bungah amarwatasuta kaanjangan pamuda tegep nu nyongcolang karanganana. Teu sirikna sagala disuguhkeun. Haté gé purun mantuan bujang jenggléngan dina nguruskeun naon disebutna risét partisipatoris.
Teu miduli kana kecap nu matak pabaliut létah. Nu penting mah némbalan pananyana, nganteur ka pangurus, ngurilingan gang, popotona, ngawangkong jeung warga lianna. Ti éta pamuda, Abah Supéndi asa karék kahudangkeun ku pasualan nu satacanna dianggap euweuh, lir hitut nu kaambeu saliwat bauna, engké gé bakal leungit.
“Jumlah penduduk di Gang Bagja téh, aya dua rébuna. Pribumi sareng pendatang. Seuseurna menengah ke bawah, A’. Janten sesah upami disungkeun iuran kanggo mésér jétpam, atanapi ambulan kanggo ngajajap ka Ciséah.”
Asa haneut kénéh éta katerangan ti pengurus RW téh. Padahal geus kedal kira dua minggu satacan cur hujan munggaran. Meureun nyangkrung dina pikiran Abah Supéndi.
“Harega jétpam sabaraha, dibagi dua rébu jelema, atawa perkepala keluarga.” Gerentes Abah Supéndi. Hujan beuki kerep di luar. “Udunan jang meuli tanah makam di Ciséah bisa laksana, naha henteu jang ambulan?” Unek-unekna ngabagel dina angen, sagedé sayang nyiruan. Gang Bagja dipager pajaratan. Tapi mun aya nu kapapaténan, layonna kudu dibawa meuntas ka kabupatén.
“Teu aya sarana kanggo musawarah warga. Sababaraha urang mah teu ngawakilan.” Abah Supéndi masih asa kabébénjokeun ku kamandang Jang Ardi. Lantaran pasualan éta, jajaka pakulitan bodas téh teu jadi ngayakeun riungan warga pikeun ‘pemetaan masalah’, ‘diskusi’, jeung ‘nyieun karya ‘partisipatoris’.
“Abah, batan ngalamun mah geura ka luar kaituh! Bisi Mas Purwo ngadagoan!” Sora Bu Oom nyelengkeung deui di pawon. Ngagareuwahkeun Abah Supéndi nu keur ngahuleng ngaraga meneng.
Jung nangtung. Maké jas hujan. Leumpang ka luar. Disapatu bot. Gap kana pengki, jeung sapu nyéré. Ngincid ngaliwatan imah-imah. Ngaliwatan pajaratan. Ti kajauhan kaciri Mas Purwo keur ngoréhkeun runtah nu mendet solokan.
“Beu! Dina dua rébu jelema téh ukur hiji nu surti.” Abah Supéndi gogodeg. Gancang manéhna nyampeurkeun Mas Purwo. Mantuan ngangkatan runtah.
“Bapa-bapa ulah huhujanan. Barabé mun teu damang téh. Hayoh neureuy pél PCC…” Mang Éman norowéco bari ngaliwat kana béca. Sanggeus nyisikeun alat nyiar kipayahna, lalaki sembada téh milu mantuan. “Tiris kieu mah raos kopi haneut. Mana Pa RT téh? Sina ngompréng kituh…”
Kadituna mah patémbalan. Batan pada ngabaretem. Ngan ukur balagonjangan. Teu nyabit pananya, ‘naha euweuh deui nu daék kerja bakti?’. Lantaran geus pada nyaho jawabanna, ‘da geus mayar iuran runtah saban minggu jeung bulan. Teu ari masih nguruskeun geugeuleuh mah’.
Hujan ngagebrét deui. Tapi Abah Supéndi teu cengkat. Anteng nyaneut. Geus sababara balikan ngunjalan émbér nu nadah cihujan. Toren, bak, jolang, jeung baskom, geus parinuh. Papan geus dipasang di handap pager, jang nadah banjir bisi solokan mudal.
“Salila aya hujan mah urang moal hésé cai. Peupeuriheun mah keur halodo cai téh nyérélék leutik bari konéng jeung semu bau. Kudu disaring waé.” Bu Oom datang nyampakeun goréng cau. “Tapi angger wé kudu meuli keur nginum jeung ngisikan mah.” Pokna deui. Maturan Abah Supéndi nyaneut pasosoré.
“Lain urang wungkul nu kitu téh. Mas Purwo meuli cai jang di imahna, di warung basona, jaba sok méréan jang dulurna nu ngontrak. Mang Éman leuwih susah. Saayana duit wé meuli cai beresih téh. Teu kitu mah kajeun ngunjalan ka masjid. Kahayang mah urang gé boga jétpam sorangan.” Abah Supendi norostos. Hégakna bangun nu nahan kakeuheul. Ngan teuing keuheul kunaon, teuing keuheul ka saha.
“Kedah aya artosna,” Bu Oom mairan. Nyuruput citéh amis. “Teu cekap ukur ku ‘sugan aya milik’ mah.”
Geus ti baheula kalimah ‘sugan aya milik’ téh maréndé Abah Supéndi sangkan saré tibra. Ngimpi baé meunang rijki gedé téh. Komo ti tilu taun katukang saprak pangsiun digawé jadi wartawan. Ngandelkeun honor tina ngarang jeung bati dagang leleutikan. Deuk mareketkeun téh papuket jeung pangabutuh, pakojot jeung rupaning iuran, sasadian bisi aya nu kapapaténan.
“Ayeuna mah wayahna mareketkeun sapoé dua rébu. Abah badé ngirangan jatah mésér koran.” Abah Supéndi megarkeun ideu nu geus disileungleuman rada lila.
“Saé ari kitu mah. Ngan piiraheun kapésér sibel?”
“Nepi ka belut buluan gé meureun boa kabedag ari abah wungkul mah.” Pokna Abah Supéndi. Tandes. Nyuruput deui citéh dapon ngahaneutan tikorona. “Ibu, Si Aa’, Si Tétéh, mun bisa mah minantu gé ajak badami. Cuang udunan dua rébu da keur urang kénéh.” Pokna deui bari nanggeuy cangkir gambar kembang.
“Nya mangga. Ari kitu mah Ibu bade ngirangan jatah mésér tahu…”
Abah Supéndi nyuruput bangun ni’mat naker. “Keun ngurangan jatah tahu mah moal matak salatri ieuh. Sanggeus neundeun cangkir.” Abah Supéndi nyérangkeun panonna ka luar. Neuteup hujan nu beuki ngayer. Angin gegelebugan. Pangeusi Gang Bagja nyalingker. Gang nu gegek. Rupek.
Poé tepung poé. Hujan datang unggal poé. Runtah nu mendet solokan geus teu kaampeuh deui. Geus teu katanagaan ku Abah Supéndi, Mas Purwo, jeung Mang Éman. Tapi sakur pangeusi imah nu deukeut solokan, rabul kalaluar. Lain ngangkutan runtah nu mendet solokan, tapi ngaberesihan imahna séwang-séwangan.
Hujan nu datang poé ayeuna mah ngabalukarkeun solokan mudal. Imah nu diliwatan ku solokan kabéhanan kacaahan. Rupa-rupa runtah kabawa. Sabot pakpikpek beberesih, jol pes listrik pareum. Kaayaan matak ketir. Hujan miribis. Poék meredong. Imah kacaahan. Pikawatireun. Lir surupna panon poé di kulon nu sésa-sésa cahyana diteleg aleum, nya harepan warga gé geus ilang ka pamaréntah.
“Nyaho butuh cai keur beberesih, setrum jeung pareum. Kumaha ieu téh?”
Abah Supéndi ngadéngé Pa Kasdi ngarahuh. Ti anjeunna, Abah Supéndi sok meulian cai. Masih untung—mun bisa disebutkeun kitu—Abah Supaéndi boga kénéh cai nu ditadah dina hujan. Bu Oom mantuan kokosrék.
Sabari nyérangkeun nu keur bebersih bari kukulutus, Abah Supéndi ngabayangkeun. Mun seg téa mah dina dua rébu jelema téh, udunan saeutikna dua rébu, dikukumpul sakitu bulan, meureun bisa dipaké ngeruk solokan, atawa nyieun panampungan runtah, atawa nyieun sibel keur warga, atawa ngayakeun ambulan, atawa… atawa… ah! Sagala rupana ngandelkeun pamaréntah. Sagala rupana nyalahkeun pamaréntah.
“Cindekna mah, Bah, nu disebat karya partisipatoris téh, karya babarengan nu jadi tanggapan dina ngungkulan pasualan sosial.” Dipirig séahna angin, sora Jang Ardi asa halimpu waktu harita. Ayeuna karasa lir ruruhit panah nu nurihan mamaras rasa.
Inget, Gang Bagja téh aya lantaran sabilulungan. Karya babarengan. Duitna, tanagana, waktuna, pikiranna. Mulang panineungan Abah Supéndi waktu nuaran tatangkalan, maculan, ngaratakeun jalan, nepi ka merenah dipaké nu laleumpang. Ngageter haténa. Ngadégdég biwirna. Nyurucud cipanon ngahiji jeung cihujan nu maseuhan beungeutna.
Majalaya, 1 Oktober 2017
Katerangan: seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2678.