Nasution Co

Jumaah Berekah

Roy Rukmana

Balik jumaahan, Arsad jeung babaturanana kagirimisan. Kawas anu ngahaja kikicipritan, sakapeung silih témprang ku cileuncang. Cileuncang sésa hujan. Hujan badag basa Ustad Qodir keur hutbah. Raat-raat téh basa keur solat, pas tahiyat ahir. Rérés awéh salam kalah ka girimis, muruhpuy nepi ka réngséna ngadu’a. Hujan lir anu sonoeun kénéh, nyébor taneuh anu lila kahalodoan.
Arsad sabalad-balad jaligrah. Kekeceprekan bari cicirihilan. Kalan-kalan silih poyokan.
Ari leungeunna teu léngoh, sarua ngajaringjing kérésék leutik. Aya nu dicekel ku leungeun kénca, aya ogé ku anu katuhu.
“Jumaah hareup uing mah rék ngantri dua kali ah. Ngarah meunang dua kérésék. Ha-hah,” gorowok Nandi bari ngacungkeun kérésékna.

  “Ulah. Licik atuh. Ké dibéjakeun ka Téh Cici, guru ngaji, geura!” Yoga némpas, terus ngilikan boga manéhna.

  “Cik naon anu didusan téh, Ga?” tanya Arsad, bari ngadeukeutan.

   “Pék wé buka anu kamu atuh, Sad. Pan sarua wéw,” Yoga kalah ngabegégan.

    “Ceuk uing mah ieu téh sangu padang, da. Hi-hih,” Hilman nyelengkeung bari ngahihih.

 

    “Ceuk sayah mah fried chicken, sangu, jeung saosna,” Rosid neguh, bari menerkeun péci bodasna, nu geus baseuh.

“Heuh, lamun teu sieun baseuh mah rék dibuka ayeuna, da. Teu kuat hayang murak,” Nandi mairan deui.

“Kari wé atuh, Nan!” témpas Yoga jeung Hilman mani bareng.

 “Héy, ceuk guru ngaji gé ulah barang dahar bari nangtung. Komo bari leumpang mah,” Arsad ngagebés.
 

 “Huh huh!” ceuk kabéhan, saur manuk. Girimis ngepris. Marengan barudak nu saruka bungah. Ahirna papisah di beingeut gang, muru imahna sewang-séwangan.

  “Geunig beubeunangan balik jumahaan téh, Sad?” tanya Ceu Katmi, indungna Arsad. Basa budak anu ngan hiji-hijina kakara datang ka kontrakanana

“Muhun, Ma.”

 “Meunang meuli ti mana? Naha nyanéh boga duit, kitu?” indungna panasaran.

“Hih, sanés. Sanés kenging ngagaleuh, tapi ieu mah pamasihan pangurus masjid.”

“Paméré?

“Leres, pamasihan. Tos dua kali jumaahan dibagina téh. Mung Jumaah anu kamari mah  diteda ku Asad, ngariung sareng réréncangan, di bumi Yoga,” Arsad ngajelaskeun.

“Cik buka, nanahaon eusi dus téh, Sujang?” Kang Barkah, bapana Arsad norojol ti pawon, anu ngan ukur dihalangan ku rérégan.  

  “Euh, mani haripeut kana dahareun mah, manéhna!” Ceu Katmi geuwat némpas

“Baé atuh, Sujang mah anak aing. Ha-hah,”

  “Heueuh, ari barangbawa mah budak aing. Ari ménta keur jajan atawa bekel sakola hare-haré baé. Sebel!” Ceu Katmi semu nu keuheuleun.

“Gandéng, deuleu. Sok ka mana karep ngahuntu téh.

“Tuda enya.”

 “Tos, tos. Ema, Bapa. Teu kénging hoghag, isin ku tataangga, ih!” Arsad motong kalimah nu keur adu rényom. “Urang buka, nya,” neruskeun omonganana.
    Bray, dus kotak téh dibuka. Bréh, eusina sangu bodas, gedéna saluhureun peureup kolot. Dipapaés ku goréng pingping  hayam saésé, goréng tahu sakeureut, sambel dibungkus palastik leutik, bonténg tilu keureut, kurupuk udang,  cau ambon ngajelepeng hiji. Ditambah  tisu wéh di sisina

“Alhamdulillah. Berekah Jumaah.”
 

“Keur bapa wé atuh, Sujang!” ceuk Kang Barkah.

 “His, ulah karooh ku rejeki budak, manéhna!” Ceu Katmi mureleng ka salakina.

 “Urang ku duaan wé atuh, nya. Bapa hoyong naonna?” Arsad nawaran.

 “Eu, eu… Bapa mah hayang pingping hayamna, ah.”

“Teu kira adeuh. Cik atuh kolot mah tahuna atawa kurupukna, ulah anu ngeunahna. Daging hayam mah keur anu mawana atuh,” gelendeng Ceu Katmi

“Wios, hawatos Bapa, Ma,” ceuk Arsad.

 “Tuh, nya. Anak kami téa soléh.”

 “Dasar boga bapa téh nurus tunjung, Sad.” Ceu Katmi kutuk gendeng.
 

  Geus kitu mah bapa jeung anak ngahanca sangu kotak anu meunang ti masjid. Dilalajoan ku Ceu Katmi, anu olohok bari neureuyan ciduh.
    Jajauheun  ka teurab, sangu saluhureun peureup dihampol ku duaan, nepi kana peujit gé alhamdulillah. Geus ledis téh bapana mah masih kutap-kétap kénéh, bangun nu hayangeun nambah. Keur Arsad mah cukup meureun dahar sakitu téh, komo ieu dipungkas ku nyelewegkeun cau ambon.
    Bapana Arsad téh ngaran aslina mah Subarkah. Luyu jeung ngaran anu ditulis dina rapot, ijasah, KTP, jeung surat-surat penting séjénna. Sigana ngahaja diaranan éta ku kolotna ngarah hirupna aya dina kabarokahaan.
      Ari di lingkungan mah nelahna téh Barkah atawa loba nu nyebut Kang Barkah. Ngan édas ngaran téh rada patoja’iah jeung kalakuan. Tara ari mabok jeung judi mah, disebut kitu téh pédah teu parok jeung batur. Jarang, langka, atawa bisa disebut tara nincak téras masjid. Boh ka pangajian rotin, acara muludan, rajaban, atawa kagiatan séjénna. Geus puguh kana solat pardu mah siga nu cadu. Ceuk nu bohong téa mah, solatna téh ukur sataun dua kali, Idul Fitri wé jeung Idul Adha.
“Cik sakali-kali mah ka masjid. Éra ku batur atuh, manéhna!” gelendeng pamajikanana, dina hiji mangsa. 
“Indit ka masjid mah lain éra ku batur atuh, euy. Tapi kudu kereteg sorangan, deuleu!” walon Barkah. Ngajawabna énténg naker.

“Nya, iraha atuh arék inditna? Yeuh, nanaon gé teu cukup ku niat.”
    “Ké mun geus meunang hidayah. Ha-hah.”
    “Angger…!”
Lain sakali dua kali Ceu Katmi ngelingan anu jadi salakina. Nya, kitu tacan metu. Kurang-kurangna matak pipaséaeun. Tampolana mah leungeun salakina ngalayang kana pipina. Ukur cimata balesanana mah. Untung wé sok kaubaran ku Arsad, ti kelas 1 nepi ka ayeuna kelas 5 SD, getol ngaji ka masjid.
Lian ti melid ka masjid, Kang Barkah gé rada ngedul kana digawé. Manéhna teu boga pacabakan anu matuh. Lamun aya anu nitah, kakara ka luar ti imah.

Biasana mah anu nitah téh menerkeun kanténg atawa talang anu bocor. Kalan-kalan ngacét, ngoméan panto anu ruksak koncina, miceun barangkal, jeung pagawéan anu liana.  
    Sabenerna lamun junun mah kudu geus jadi tukang. Tukang témbok atawa tukang kayu. Sabab heubeul pisan ngilu ngaladén jeung ngendékan Mang Adé Méméd, tukang bangunan. Nya kitu téa siga anu teu hayang bisa. Mangtaun-taun nunutur bujur tukang, angger wé ngeukeuweuk pacul jeung ngagalokeun aduk, tara pirajeunan nyekel séndok témbok. Antukna pugag. Jajauheun bisa pasang bata jeung méléstér mah, teu bisa naplok-naplok acan.


Untung Ceu Katmi teu bauan. Sagala dileukeunan asal bisa ngahasilkeun. Ti mimiti sok ngasuh budak tatangga, buburuh nyeuseuh jeung ngalicin dilakonan. Anu penting dapur bisa ngebul, aya keur bekel budak sakola.
 Sakapeung sok mangjualankeun asakan anu tatangga, ngider ka unggal gang, ngajingjing kotak palastik anu  badag. Lumayan ngolés asakan mah, lian ti boga bati téh, sakapeug sok dibéré sésana anu teu béak.
 Kemis pasosoré. Tiluan ngariung di rohang tengah

“Énjing mah urang jumaahan, yu, Pa!” ajak Arsad ka bapana.

“Moal éra kitu, Sujang?”  

 “Maké éra sagala, da lain rék jajaluk, manéhna,” Ceu Katmi motong kalimah.

 “Moal isin atuh, pan badé ibadah nohonan paréntah Manten-Na,” Arsad ngajéntrékeun, bari neuteup beungeut bapana.

 Engké wé Jumaah hareup. Can siap, Jang, ah!” 

“Euh, pami angkat jumaahan, lian ti kénging ganjaran, ogé bakal kénging nasi boks téa apanan, Pa!” polos pisan ngomongna.
 

Jep. Jempling sakedapan. Kang Barkah neuteup lalangit, diselang narik napas panjang. Diteuteup ku nu duaan, ngadagoan jawaban.

 “Heueuh kumaha isuk, wé lah!” ngan sakitu anu kaluar tina biwir Barkah, siga anu mandeg mayong. Indung jeung anak ukur papelong-pelong.
   Isukna. Balik sakola, Arsad rurusuhan. Datang ka imah haruhah-haréhoh, késang renung dina tarang

“Assalamu’aikum. Mana Bapa, Ma?” Arsad uluk salam. Langsung nanyakeun bapana, bari ngasongkeun kantong gandongna.

“Tuh, keur dangdan. Memener sarung ti tadi tacan rérés waé, Sad,” walon indungna. Teu poho nampanan kantong.

 “Kumaha makéna ieu téh, Sujang?” bapana siga nu bingung, maké sarung ti tadi morosot waé

“Gampil. Kantun dibeubeuran ngarah pageuh mah, Pa!

“Euleuh, heueuh, nya. Asa ku poho-poho teuing,” Barkah garo-garo teu ateul. 

“Abdi ka jamban heula, nya!”

Réngsé mandi. Rap, Arsad dibaju koko bodas, serasi jeung calanana. Teu poho dikopaéh hideung. Sieup naker.
 Jrut. Bapa jeung anak turun ti téras imahna. Dituturkeun teuteup Ceu Katmi. Teu karasaeun aya anu baseuh dina juru-juru panonna. Lalaunan ngamalir kana pipina.
 Barkah ngaléngkah seja ibadah. Mapay gang, ngajugjug Masjid As-Salaam. Anu can lila nagayakeun program Jumaah Berekah, nyaéta babagi dahareun ka sing saha waé anu jumaahan di éta masjid. *** 

Sukaluyu, Awal Januari 2020.
Katerangan:

Carpon JUMAAH BEREKAH karya Roy Rukmana kantos medal di Manglé nomer 2767.