Nasution Co

Kayas Kulawu Hate Rere

Ku Santie Senja

Bayu Prasetya, murid anyar pindahan ti kota. Dedeg jangkung, kasép, kalem katambah pinter. Barang sup gé geus jadi ‘pusat perhatian’ sakumna warga sakola. Komo murid awéwé mah teu sirikna parebut hayang wawuh jeung Bayu. 

“Milik gedé ih Réré mah bisa sabangku jeung Bayu.” Ika jebi. 

“Apaleun Réré pinter sigana nya.” Ani némpas.

“Kabeneran wé harita bangku gigireun kosong.” Réré némbal. 

“Tah gara-gara Si Éta bangku abi kaandih, jadi wé teu bisa niron deui ka Réré.” Asih bangkenu.

“Ih nyaaa, pan basa Asih sakola deui, Bayu gé nawaran bisi rék sabangku deui jeung abi, Asihna gideug pan harita.” Réré kéom.

“Enya sih, ah dibikeun sotéh bubuhan wé Bayu kasép jaba pinter, da mun ka Si Anto nu hideung jaba jail mah horéam teuing mikeun bangku éta.”

“Husss!” Nu tiluan ngagebés méh bareng. 

Jam istirahat séép, kabéh arasup ka kelasna masing-masing. Pa Ridwan, guru basa Inggris geus diuk tatan-tatan méré pangajaran. Guru ngora ‘favorit’ lulusan anyar universitas kawentar di Bandung. Mun keur menerkeun kacamatana katempo pisan kasépna.

“Réna, please come forward.” Pa Ridwan nyebut ngaran asli Réré nitah ka hareup.

“Yes Sir.” Jung Réré nangtung nyampeurkeun méja guru. 

“Read this.” Ngasongkeun buku.

Gorolang Réré maca siga keur ngobrol dina basa Sunda, taya kasusah sigana téh. Kelas III IPA 1 jempling, kabéh kasima ku nu nangtung di hareup. Rumaja basajan nu pinter tapi teu adigung. Imutna kareueut, kempot dina pipina nambah nyari. Soméah ka sasaha. Matak teu héran loba nu resep, boh guru-guruna kitu deui babaturanana. Harita gé aya sapasang panon nu teuteupna teu lésot ti nu keur anteng nyepeng buku, capétang. Tiung bodasna siga nu gugupay kahiliwirkeun angin nu mulubus tina jandéla. 

“Thank you, please sit down again.” Ceuk Pa Ridwan basa Réré ngasongkeun buku. Réré rengkuh bari imut. 

“You’re great!” Batur sabangkuna ngaharéwos bari ngacungkeun jempol. 

Bél disada, waktuna balik. Kabéh pahibut hayang paheula-heula. 

“Ré, aa ka bumi nya!” Bayu nyampaykeun leungeun dina taktak Réré.

“Ih, ku keukeuh nya, ulah ngaaakeun atuh, Bayu wé kituh.” Réré ngadilak.

“Aa sataun lebih tua, tau!” 

“Nya tetep wé teu énakeun nyebut aa ka batur sakelas mah.” Réré seuri. 

Tina jandéla kantor aya nu imut mawur  neuteup sapasang rumaja nu layeut, élég sapanjang jalan kaluar kelas tepi ka gerbang sakola. 

Jero perpus, dina bangku pangjuruna, Réré anteng ngagulanggapér buku bacaan karesepna. Gék aya nu diuk hareupeunana. Treup paadu teuteup, imut bareng. 

“Gaduh waktos teu? Aya picarioseun sakedik.” Pokna laun. 

“Mangga, mung teu di dieu panginten, bilih ngaganggu ka nu sanés.” Jung duanana nangtung tuluy muru bangku luareun perpus. Diuk handapeun flamboyan nu keur mangkak karembangan. 

“Ré, titip Bayu nya. Bayu adi bapa hiji-hijina.” Ngarénghap jero semu beurat. 

“Bayu nembé jagjag, katingali sumanget deui saatos sakola di dieu. Opat sasih kapengker Bayu kacilakaan, tabrakan. Komana ampir dua minggu. Ti dinya Bayu seueur ngahuleng.”

“Innalillahi…. teu terang. Teras naon nu tiasa dibantos ku abi?” Réna ngarérét nu diuk gigireunana. 

“Réncangan Bayu,  ulah dikantunkeun, nya.” Pa Ridwan nangtung, leungeunna ngusap sirah Réna. Léngkahna katempo beurat, ninggalkeun Réna jeung sapotong rasa nu nyamuni dina lulurung haténa salila ieu.***

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2769.