Ku Roy Rukmana
Di pipir imah Si Borontok keur kokoréh bari ngasuh anak-anakna, anu kakara dua minggu turun tina sayang. Koréh cok, koréh cok ku pamatukna, teu langsung dihakan tapi dibikeun ka anu ngabring buntuteunana. Ramé tingcariak bari acleng-aclengan jaligrah naker.
“Ma, abdi heula atuh, Ma…” ceuk nu saurang, bari nirilik ka deukeut suku indungna.
“Mangké lanan! Pan gentian atuh. Kabéh gé bakal kabagéan,” walon indungna bari cékérna ngoréhan taneuh gigireun paranjé.
“Enya… Kin gé kagiliran,” ciak anu hiji deui ngagorowok.
“Yeuh …” Si Borontok ngépéskeun pamatukna ka tukang. Cleng, bangsal ngacleng, terus dibaroro, parebut. Beunang ku anu ngaéh tadi. Tapi dulur-dulurna teu salirik. Terus ngilu kokoréh, diselang ku macok lamun meunang hakaneun.
Kitu jeung kitu pagawéan indung nu ngasuh salapan anakna bari néangan hakaneun. Najan tadi geus diparab beunyeur ku dununganana, tetep wé néngan leuwih. Tingaracleng teu daék cicing, sakapeung asup ka paranjé, terus ka luar deui.
Lamun aya anu rék ngaganggu indungna rikat ngahadang. Bulu beuheungna carentang, jangjangna mébér, pamatukna siap macok, panonna seukeut ka hareup. Teu asa-asa bakal ngabintih ka anu ngaheureuyanana.
Tong boroning éntog, meri atawa hayam jago, dalah jalma gé lamun pirajeunan ngaheureuyan pasti ditarajang.
Wanci manceran, langit béngras taya aling-aling. Aya heulang kakalayangan luhureun lembur. Panonna seukeut ngimeutan sabudeureun lembur. Kelik..! Kelik, … Sorana mani ngelak, ngaweuhan. Kalayang, kalayang, … Séot… Clé.
Eunteup dina pucuk tangkal randu. Ramo-ramo sukuna ngaranggeum pageuh dahan leutik, panonna gular-giler.
“Lakadala, aya mangsa, euy!” gerentes sakadang heulang. Basa nempo abrulan anak hayam anu keur diasuh ku indungna di pipir imah.
“Ké, ah. Ngadagoan bongoh indungna. Lamun hasil, bakal sukan-sukan kula,” galécok haténa. Awakna enag-enagan, sabab dahan anu ditincakna katebak angin. Geleber, hiber deui. Nyuruwuk, ngawang-ngawang ngapak méga. Ngurilingan lembur. Clé, dina dahan tangkal muncang, teu jauh tina inceran tadi. Dina haténa mah keun siah keun siah. Ngadagoan waktu anu pas keur ngerekeb mangsana.
Sedengkeun anu keur disérangkeunana mah jarongjon ulin. Tingaracleng, tingtorolong. Rarécét disarada. Kalan-kalan nyéngclé dina tonggong indungna, sakapeung ngariuhan handapeun jangjangna. Teu apaleun dina tangkal muncang mah ngati-ngati, sorot panonna beuki seukeut.
Keur aranteng kitu, teu kanyaohan. Korosak, brak. Barangbang kalapa murag meneran pager awi. Atuh Si Borontok katut anak-anakna ngaburiak paburencay, reuwaseun ku sora barangbang.
Pager awina nepi ka nyaggéyéng, doyong. Henteu ari nepi ka ambruk mah.
Sabot anak hayam teu puguh lampah, tingcariak ka ditu ka dieu. Di luhur sakadang heulang banget ku atoh, aya kasempetan pikeun ngalajalankeun aksina.
“Geus meujeuhna beraksi, yeuh,” gerentesna.
Geleber. Kalayang, kalayang. Sakadang heulang kakalayangan, ngurilingan suhunan anu di pipirna hayam keur barangkéakan. Kelik, kelik … Sorana manting. Siut… Nyilorot pamatukna calangap, badag naker. Gep, nyapluk si ciak anu misah ti baturna. Sakilat dibawa ngapung, ngawang-ngawang deui. Pamatukna nyangkrem mangsana pageuh naker.
“Ciak, ciak … Tulung, tulung, …” nu dicapluk ménta tulung, melas-melis pikawatireun. Sakadang heulang kalah mageuhan clapukanana.
Si Borontok keketok. Tereleng ka ditu tereleng ka dieu, buluna carentang, jangjangna mébér. Huluna tatanggahan, néangan anak jeung anu ngiwatna.
“Kok kokok kokok … Kadieukeun anak aing, bangsat! Kadieukeun…!” gorowok Si Borontok.
“Ciak, ciak …” anak-anakna patingkocéak, milu sedih dulurna aya anu ngagunasika. Awal Juli 2019
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé No. 2764