Nasution Co

Ku Agus R. Munggaran

“Urang sakantenan mésér tali érloji nya,”  ceuk salaki basa harita keur maturan balanja. Réngsé balanja tuluy ngajugjug toko érloji nu teu jauh ti pasar. 

Di toko salaki anteng milihan tali érloji kulit nu dipikaresepna, diakurkeun jeung érlojina nu geus euweuh talian. Rada ngampleng nepi ka meunang nu dipikahayangna téh, geus kitu mah créng dibayar terus rurusuhan balik.

“Deuh matuh ingah…” Ceuk salaki satengah ngajorowok bari ditungtungan ku seuri.

“Aya naon nyah?”

Érlojina tingaleun. Nu kabawa ukur talina wungkul,” pokna bari angger seuseurian. Teu kuat ngadéngé omonganana, tungtungna mah milu seuseurian.

Teu sing anéh nyaksian nu jadi salaki modél kitu téh, limpeuranana geus parna pisan. Teu sirikna unggal poé aya waé kajadian pikaseurieun nu dibalukarkeun ku limpeuranana. Leuheung ari kajadianana di jero imah mah, lain sakali duakali kokotéténgan néangan kacamata bari padahal mah dipapaké.

Kungsi sakali mangsa mah dipéntaan tulung pikeun meuli cai isi-ulang nu teu jauh ti imah. Teu talangké kituna mah, dirigdig indit mawa galon kana motor.

Na atuh ari jol téh balikna manggul galon. Motorna mah cul wé ditinggalkeun.

Keur poé Ahad minggu Kamari nu méh-méhan ngageunjeungkeun mah.

“Cios ka pasar téh, Mah?” Ceuk salaki nu geus saged rék nganteur. Geus biasa unggal poé Ahad sok nganteur balanja ka pasar téh. Itung-itung sakalian hiburan.

“Nya cios atuh. Ké antos heula,” tembal kuring bari nganggeuskeun dangdan.

Nepi ka pasar sanggeus markirkeun motor salaki ngiclik maturan balanja, bari jeung sok daék mangmawakeun balanjaan kituna mah.

“Ké sakedap nya, hilap motor teu acan digembok. Tadi ukur dikonci setang wungkul,” pokna bari tuluy ngaléos.

 Apik kituna mah salaki téh ari keur inget kana motorna mah, mun parkir teu cukup ku ngonci setangna wungkul. Ban motorna gé sok dibakutet ku ranté bari tuluy digembok.

Teu lila geus jol deui, nuluykeun maturan hanca balanja nepi ka réngséna. Geus kitu mah duaan ngajugjug ka tempat parkir motor, rék tuluy balik.

“Tuh Si Bapa itu nu tadi ngagembok motor ieu mah!” Kadengé Tukang Parkir semu ngagorowok barang nempo salaki ngadeukeutan tempat parkir. Deukeut motor nu diparkir loba jalma nu keur ngagimbung, kawas keur aya kajadian nu teu biasa. 

Salaki katempo reuwaseun naker ngadéngén sora tukang parkir jeung jalma nu keur ngariung téh.

“Aya naon ieu téh?” Ceuk salaki nanya ka Tukang Parkir.

“Ari motor Bapa nu mana?” Tukang Parkir kalah malik nanya.

“Nu ieu,” ceuk salaki bari nuduhkeun motorna.

“Naha atuh bet motor Si Bapa ieu nu digembokna?” Ceuk Tukang Parkir bari nahan seuri, nuduhkeun ka hiji lalaki. 

“Ya Alloh….Hapunten Bapa. Tadi abdi lepat ngagembok, ari sugan téh motor abdi.” Salaki teu sirikna acong-acongan ménta hampura ka lalaki nu boga motor. Sihoréng motor nu digembok ku salaki téh samodel pisan, 

Hadéna nu boga motor téh teu ambekeun, kalah milu seuri jeung nu séjén. Ngan angger salaki mah katempo geumpeur, bakat ku éra tayohna mah.

Rurusuhan motor dikaluarkeun ti tempat parkirna. Sanggeus dihirupan teu rarat-rérét deui belenyeng indit.

“Akaaaang…Ari abdi moal diajak balik.” Nu keur ngarariung éak-éakan nyeungseurikeun.***

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2772.