Roy Rukmana
RADA lila sujudna téh, dibarengan ku beueusna cipanon. Nembrakkeun kabagja anu taya hinggana.
“Gusti, sadaya puji kagungan Anjeun anu welas asih ka mahluk-Na. Kun fayakun, teu aya anu mustahil kanggo Anjeun. Rumaos diri lamokot ku dosa. Rumaos ibadah mung sakasampeurna. Rumaos alakadar cupar kawajiban, rumaos …” sumegruk dina pangsujudan.
Cengkat tina sujudna. Laju nyusut nu nyalangkrung dina kongkolak mata ku tonggong leungeunna. Asa teu percaya anu cikénéh diobrolkeun ku pangurus masjid bada solat Subuh.
“Dul, kumaha betah di An-Nur, téh?” tanya Haji Johari, bendahara masjid.
“Kantenan atuh, Pa,” walon Adul, ajrih.
“Sukur atuh ari betah mah,” Wa Haji Dahlan, pupuhu DKM nyambung kalimah.
“Kieu ieu téh,” Wa Haji narik napas heula. Anu séjénna jempling, manco, siap ngabadungan.
“Aya hiji jama’ah masjid anu haat ka hidep. Tapi moal disebutkeun saha-sahana mah, kaamanatan ku anjeunna sangkan ngaranna dirusiahkeun. Ieu milik hidep, saréatna ngaliwatan hamba Alloh, hakékatna mah kersaning Manten-Na, Dul.”
“Muhun, muhun. Ké, ké aya naon ieu téh, mani rareuwas kieu, Wa?”
“Bagja, bagja pisan. Hidep aya anu ngabiayaan pikeun ibadah umroh, Dul.”
“Baruk? Subhanalooh, ahamdulillah, wallohuakbar,” teu kawawa Abdul sumegruk, saking ku bugah. Bungah anu taya papadana.
“Sok, geura nyieun KTP atawa surat keteragan domisili. Asupkeun wé kana KK Mang Amad, méh babari aras-urusna,” Wa Haji nutup kalimah.
Geus kitu mah, kabéhanana udar sila. Terus balik ka imahna séwang-séwangan. Kajaba Adul anu terus sujud sukur. Sukur ka Nu Maha Gofur, Maha Asih anu teu pilih kasih.
Mun nilik kana jalan hirupna, asa teu mungkin manéhna rék indit ka Mekkah. Tapi taya nu mustahil mungguh Alloh mah, kun fayakun.
Hiji poé keur panas éréng-érénganan, Mang Amad unggah-enggéh ngaboséh bécana. Balik nganteurkeun muatan ti terminal. Awakna cipruk ku cikésang, napasna raranjugan. Bajoang di tengah-tengah pagaliwotana patalimarga. Ibadah nyiar kipayah.
Sirahna buni ku topi kucelna. Bujurna napel dina sadel. Dampal suku kénca jeung katuhuna teu leupas tina pedal pangboséhan. Panonna teu leupas ka jalan anu bakal disorang. Sakapeung ngageuleuyeung. Kalan-kalan ngarandeg kahalangan ku angkot anu nurunkeun panumpang, atawa anu meuntas. Tara ieuh kutuk gendeng. Tibang seuri maur.
Keur anteng ngaboséh, rét ka kénca. Gebeg. Nempo hiji budak lalaki ngagolér dina trotoar gigireun kios roko anu nutup. Reg. Jrut. Manéhna ngadeukeutan anu keur nyangkéré, kawas nu saré.
“Jang, Jang … Ku naon?” Mang Amad ngaguyah-guyah. Anu diguyahkeun teu ngawalon.
“Tapi aya kénéh napasna mah,” geretesna, sanggeus ngatelkeun curuk kana liang irung si budak.
“Deudeuh teuing. Ieu budak saha? Urang mana? Palangsiang? Ah, piraku deuih …” galécok jero haténa.
Regeyeng budak téh dipangku. Pluk, aya nu murag tina keupeulanana. Disidik-sidik geuning kaléng aibon. Teu loba omong, budak rudin téh disarandékeun dina jok béca, béh juru rada nyagigir. Clak, geuleuyeung.
“Saha ngaran téh, Jang?” tanya Mang Amad, basa budak mimiti sadar, sabada diurutan dampal leungeunna
jeung dibaluran kayu putih. Terus diasongan citéh haneut.
“Uing téh aya di mana?” nu ditanya kalah malik nanya.
“Di tempat nyiruruk Mamang, Jang. Lain, saha ngaran téh?” ceuk Mang Amad bari neuteup beungeut budak.
“Nu nyarebut ka uing mah Oboy. Landian ti barudak jalan, Mang…“
“Di mana kolot jeung imah téh?”
“Ah, uing mah teu boga kolot jeung imah. Uing mah di mana wé nyangsangna. Kitu tah, Mang.”
“Kutan? Deudeuh teuing. Geus ti ayeuna mah bantuan Mamang sagawé-gawé di dieu, nya, batan hirup teu puguh di jalan. Mun daék, urang laporan ka pangurus.”
Si Oboy teu ngawalon. Ngadon ngahuleng. Lila-lila mah unggeuk, ngaenyakeun.
Ti harita budak panimu di jalan téh maturan Mang Amad ngeusian rohang kosong gigireun gudang, teu jauh ti tempat wudu. Atuh pangurus masjid jeung Pa RT gé ngidinan, asal budakna daék ngaji jeung nurut, cenah. Malah ngaranna gé diganti, asalna Oboy jadi Abdul Rohman. Ngan sok di-Adul-adul, teuing saha anu ngamimitianana, jadi nelah wé Adul.
Ti harita Si Adul mantuan Mang Amad bébérés di masjid. Ti mimiti sasapu, ngepél, méréskeun sendal, ngamparkeun sajadah, jeung pagawéan lianna. Betah teu betah cicing di masjidna téh. Betahna, dahar kari am, pakéan jeung sarung dibéré ku pangurus masjid, kalan-kalan aya anu ngeupeulan keur jajan. Ari teu betahna, teu bébas kawas hirup di jalan. Sakapeung mah asa di pangbérokan. Komo mun aya jamaah anu tingpénéléng, rindatna kawas nu ngéwa manéhna aya di dinya. Ngan sok disieuhkeun parasaan kituna téh, kaubaran ku kanyaah Mang Amad jeung réngréngan DKM.
Dina lolongkrang waktu anu kosong manéhna mimiti daék diajar Iqra, susulumputan. Ari solat mah tara tinggaleun ngama’mum, bari can nyaho babacaanana ogé.
“Milu ngaji atuh jeung barudak, Dul!” geus sababaraha kali Mang Amad ngomong kituna téh.
“Insya Alloh, Mang. Ngan…”
“Ngan naon?”
“Isin… Rumasa uing mah lain budak bener.”
“Ulah boga pikiran kitu, ih. Kin dititipkeun ka Ustad Dzaki anu ngawurukan barudak.”
“Muhun atuh ari kitu mah, Mang.”
Kaasup suhud Adul diajarna téh. Mimiti Iqro 1, Iqro 2, Iqro 3 nepi ka Iqro 6. Malah geus ngeureuyeuh kana Qur’an. Ngapalkeun Juz Amma, ngaderes du’a sapopoé jeung rarakaatan solat. Lian ti éta, tara tinggaleun ngabandungan pangajian rotin, milu yassinan jeung solawatan unggal malem Juma’ah.
“Hurup mad thobi’i aya sabara hiji, Dul?” talék Ustad Dzaki sabada nerangkeun élmu tajwid.
“Aya tilu, Kang!”
“Cikan naon waé tah?”
“Alip, iya… Sareng…,” ngahuleng sakedap, “Wau…!”
“Saratus buat Adul. Teras… Mad thobi’i dibacana sabara harokat?”
“Dua…!”
“Saratus deui niléyna. Jadi dua ratus, nya. Hé-héh …” Kang Ustad ngarasa reueus, naon anu geus diajarkeunana kacangkem ku muridna.
Ganti wanci robah mangsa. Jalan kahirupan hésé dibadéna. Si Oboy, budak jalanan geus ngajanggélék jadi Abdul Rohman, hiji pamuda masjid. Rumaja anu lain ngan saukur meresihan téras jeung karpét, tapi bareng jeung meresihan kekebul haténa.
Katerangan:
Carpon Marebot Boy karya Roy Rukmana kantos medal di Manglé No. 2763.