Ku Mhd. Rustandi Kartakusuma
“Kukupu, In, Iin téh?”
“Sanés, kukupu mah sanés”.
“Naon atuh? Cikpok!”
“Iin mah . . . .”
“Pok atuh . . . .”
“Onta. Onta di padang Sahara.”
Nyéh Kang Har ngagelenyu: “Aya kituna Iin téh geuning.”
Cek haté, ngajawab Kang Har: “Sanés, sanés heureuy Iin mah, Kang Har. Mungguh jiwa abdi mah padang Sahara, kosong, tuhur ….”
Kang Har rék pok ngomong deui, tapi beg mobil ngagibeg, dicingcetkeun ku Lukman. Dicingcetkeun tina hiji bahaya nu rongkah: diadu jeung treuk. Laklak dasar jeung teu euleum-euleum Luk nyarékan ka supir treuk, nu geus nyoloyong ka tukang, ngajauhan.
“Geus, geus!” cék Sylvia. “Barina gé moal kadéngéeun-kadéngéeun acan.”
“Jelema ayeuna mah galélo ari nyupiran téh!” jawab Luk, sungutna baeud kénéh.
“Luk ogé kapan nyupiran. Naha gélo deuih kituh?”
“Da lain salah saya tadi téh!”
“Heeeh, lain! Cep! Lain, kasép! Geus tong rungsing jeung manyun baé. Yeuh diengo ku Syl!” Ngok Sylvia nyium pipi Luk.
“Ari saya sok géhgéran nénjo nu kitu téh!” cék Sam, bari ngok nyium Fonnie, pipina. Fonnie ngan imut.
“Deui, ah!” cék Luk ka Sylvia. “Tapi hayang kana biwir!”
“Ah, entong ka dinya mah. Kana pipi deui baé.” Ngok deui ciuman. Ogé Sam, ngok deui nyium Fonnie.
“Sok deui, Syl!” cék Sam. “Har, ari Har ieu géhgéran kawas saya?”
Kalayan naluri leungeun rada meungpeukan beungeut. Tapi Kang Har mah teu nanaon.
Dunya bébas! Iraha bisa abus ka dunya bébas, bisa ngalésotkeun manéh, ngaleupaskeun manéh, tina kerewekan adat jeung papahaman kuno? Boro-boro ngalakukeun sorangan, nempo batur dicium jeung nyium, teu wasa kénéh baé. Boro-boro dicium, paantel ogé kulit, mani asa kukurayeun. Dunya bebas! Ku hésé diabusanana!
Kang Har henteu neruskeun ngajak ngobrol. Diuk ngalageday, panon peupeureuman atawa peureum enyaan. Diajak ngomong ku batur ogé, ngan ngagerenyem jeung pondok-pondok baé némbalanana téh.
Panon poé geus di luhureun embun-embunan, waktu anjog ka nu dijugjug. Palabuhan Ratu. Jelema geus teu wudu ogé lobana. Di Pamandian Sindangpalay mobil ngajéngjréng, kalolobaanana mérekna B. Kuring saréréa néangan tempat anu singkur, rada ka luar ti kota.
Panonpoé moncorong nyemprotkeun panas nu morérét. Euweuh mangsa nu leuwih mustari keur mandi di laut mah.
Mobil diiuhkeun di handapeun tangkal katapang nu ngarangkadak ka sisi laut. Teu antaparah deui Fonnie, Sam jeung Lukman, nu geus maké baju mandi ti imah kénéh, dipaké rangkep, ucul-ucul, belecet lalumpatan paheula-heula ka laut, brus ngagalebruskeun manéh. Kuring teu sabar ganti baju di nu singkur jeung Sylvia. Ber nyusul Fonny jeung nu séjeénna. Ari brus ka laut, jekuk diteumbrag ku lambak gedé. Badan ti jungkel kana keusik. Nyat hudang deui, gigisik sakeudeung, belenyeng deui, ayeuna mah langsung ka tengah, rék tarung jeung lambak baturna nu neumbag bieu. Geus tepi ka nu rada jero, kocépak-kocépak ngojay.
Kadéngé hawar-hawar aya sora ngageroan. Ngojay eureun.
“Ulah jauh teuing!” cék Sylvia. Manéhna can jrut ancrub, diuk dina keusik, nangkeup tuur. Kodomang kuring ngojay deui, ayeuna mah rada tenang. Jebul lambak datang deui. Badan kabawa ka sisi. Tapi kuring balik deui ka tengah. Jol deui hiji. Ieu mah diteuleuman.
Ni’mat! Ni’mat nu taya papadana icikibung di laut. Komo di Laut Kidul mah, éréhan Nyi Roro Kidul. Ni’mat gelut atawa gegelutan jeung ombak. Lamun kadéséh, eureun; ngambangkeun manéh, dipapangku ku ombak, nu tadi mah sakitu gangasna. Ngambang nangkarak, neuteup langit nu héjo paul, beresih jeung jauh, jauh di saluhureun. Aya méga, ogé keur ngambang kawas kuring. Tapi méga mah di langit, kuring di laut. Angkleung-angkleungan tanpa tujuan. Beresih langit, beresih laut, beresih pipikiran jeung parasaan, beresih …. haté manusa nu gulet dalit jeung laut.
Keur ngeunah-ngeunah angkleung-angkleungan jol-jol aya nu nyundul ti handap. Mani asa kabur pangacian. Sugan téh lauk hiu nu nyasab ka sisi, sihoreng Sam. Encan ogé kumpul deui pangacian téh, geus ser-ser beungeut disimbeuhan ti ditu ti dieu. Mana horéng geus dikurilingan ku saréréa. Males nyimbeuh, tapi hiji lawan opat, (Kang Har henteu milu nyimbeuhan), nya teu lila mah kuring kalah wowotan.
“Teu kaci ngarurug,” cék Fonnie, “ayeuna mah mojang lawan priya. Tapi di nu rada deet!”
Saenggeus bosen, eureun silih-simbeuh. Kuring mah capé, tas ngadu kasaktén jeung lambak tadi. Jung ka darat, ngagoledagkeun manéh dina keusik bari nempo ka batur nu keur caliweura kéneéh, pogot hareureuy. Heureuyna gé biasa baé, heureuy nu moderen: bébas pisan, silih tangkeup, silih rangkul, mojang jeung priya téh. Pipikiran teu hayang kusut deui ku mikiran sual diri hayang jadi modéren; awak malik, nangkuban, bari moékeun tonggong. Katenjo geuning Kang Har teu heureuy, keur aya di nu rada jauh, anggang ti nu séjén. Kawas kuring tadi, kokojayan ngalawan ombak.
Kang Har kadé ka tengah teuing, bisi katarik ku Nyi Roro Kidul! Geulis-geulis oge da siluman, jurig! Naon basa Jawana “jurig”, Kang Har? Ey, ku jarorang nya ari nu modéren! Jorang catur, jorang laku. Tapi keun, Iin gé, ari geus modéren, tangtu bisa ngomong jorang kéh! (lajengkeuneun)