Ku Mhd. Rustandi Kartakusuma
Lila-lila kuring katinggaleun ku batur. Rada jauh ogé. Tapi henteu usaha nyusul. Keun baé, da moal aya nanaon. Asa ni’mat sosoranganan, saentas ramé-ramé pagaliwota jeung jalma. Asa ngadeukeutan ka alam, asa leuwih loma ka laut jeung langit, ka angin jeung panonpoé. Masing ngaguruh ogé lambak, asa jempling baé alam dunya téh. Anéh!
Ku jempling-jemplingna, asa kadéngé panonpoé nyorotkeun cahayana. Ayeuna geus teu pati nongtoréng teuing, geus rada leuleuy. Ti kajauhan aya jelema ngajorowok. Tanwandé tukang ngala lauk nu tadi téa. Sorana kawas sora nu dikelat di luhur.
Teu terang ti mana jebulna, jol-jol aya wéh Kang Har disagigireun. Angen jadi ratug teu pupuguh, teu puguh asalna, teu puguh laratanana.
Ku naon aing jadi gugup? Da lain sakali ieu paduduaan jeung Kang Har téh. Lamun manéhna ka imah — ka Sylvia, lain ka kuring —, heug nu dianjangan euweuh — ka ditu téa, ka dieu téa —, sok remen tara tuluy balik deui, tapi cicing heula sakeudeung, ngajak ngobrol, dilayanan sakabisa, sabisa-bisa ngobrol. Tapi dina waktu kitu encan kungsi ngarasa gugup saperti ayeuna. Gugup saeutik bisa jadi, tapi henteu saperti ayeuna. Dina waktu kitu sok ngarasa bagja. Tapi bagja sok disingkirkeun, lantaran nyaho palsuna: Kang Har lain datang manggihan kuring, tapi manggihan Sylvia.
Gugupna haté beuki lila beuki angot. Ratugna angen jadi tutunggulan kawas keur aya samagaha. Sababna, Kang Har jeung kuring henteu lemék henteu nyarék. Tonggoy leumpang, asa sakaparan-paran. Tapi padeukeut. Néangan kerang mah geus henteu. Leumpang tungkul, siga nu keur milang léngkah.
Nempo ka batur. Geus teu katénjo, lantaran basisir loba tikunganana. Pok Kang Har ngomong, tanpa mancalawurakeun jemplingna alam dunya:
“Ku rarasaan mah, geus cukup kerang beubeunanganana téh. Mulih deui waé, yu, kana mobil!”
Haté hayang némbalan: “Ari batur kumaha? Tinggalkeun baé?” Tapi sungut ngabetem baé, sedeng suku milu malik ka tukang, nurutkeun Kang Har; leumpang, balik deui.
Sam jeung Fonnie tadi paduduaan. “Sakeudeung deui ogé nyalingker”, cek Syl. Naha Kang Har rék ngajak nyalingker deuih? Mun geus runtag bumi alam, kakara Kang Har mah daék ngajak kikituan ka kuring. Bisa jadi ka nu séjén. Tapi ka kuring mah, kudu runtag heula bumi alam. Kang Har mah tangkal katapang, paranti ngiuhan sing saha nu kapanasan ku panonpoé. Kang Har mah bénténg, paragi urang saréréa nyalindung. Nyalindung, lain nyalingker. Bénténg nu tohaga, nu tagen kana kajorag lambak sagedé-gedé gunung.
“In!”
“Kah!”
Haté nungguan naon nu rék diucapkeun ku Kang Har. Tapi Kang Har ngan kieu:
“Ah henteu!” Leumpang. Leumpang padeukeut jeung Kang Har, jauh ka mana, jauh ka mendi, jauh ka hirup kumbuh, ka peradaban, ka kamoderenan, jauh ka sasaha.
Lambak ngaguruh, tapi asa kadéngé, asa henteu.
Laut upluk-aplak, langit salega langit, tapi asa katénjo, asa henteu.
Cai laut ngabudah, ngarayap ngalétakan, ngajak ulin, kana suku tapi asa karasa, asa henteu.
Kuring ngalieuk ka tukang. Kahartieun ku Kang Har. Pokna:
“Meureun masih kénéh néangan kerang batur mah. Sakeudeung deui baralik”.
Sungut teu némbalan.
Jog ka tempat mobil, gék diuk, nyarandé kana tangkal katapang.
Kang Har abus kana mobil, ka luar deui mawa jeruk Garut. Meunang meuli di Sukabumi, kalawan harga nu mahal kacida.
“Hayang nu seger-seger. Palay lin? Raos geura!”
Song jeruk diasongkeun. Waktu rék ditampanan pisan, leungeunna ditarik deui.
“Ke urang pangmesekkeun”.
Jeruk dipesek ku Kang Har. Song diasongkeun deui sapasi kana sungut. Rék ditampanan ku leungeun, kalah ka dicingcetkeun, ari dihuapkeun ku leungeun Kang Har kana sungut Kang Har sorangan.
“Raos, nya?”
Sirah unggeuk.
‘In!’
“Kah!”
“Cing ….” Kang Har ngarandeg sajongjongan, tuluy pokna:
“Cing éta rambut …. “
“Ku naon buuk Iin téh?” kuring nanya, bari kusiwel ngudar untun.
“Teu ku nanaon”, bari am kuring dihuapan jeruk deui.
“Awon, nya?”
“Henteu!”
“Naha ku naon atuh buuk Iin téh?”
“Teu ku nanaon. Éta wé …. rumbaykeun geura sadayana!”
“Rumbaykeun?” Leungeun reg ngarandeg muka untun.
“Muhun, rumbaykeun!” Wel jeruk.
“Ah, alim!”
“Naha alim?”
“Alim we. Naha kedah dirumbaykeun?”
“Duka. Kedah wé. Sok!”
Sirah gogodeg. Tapi buuk nu geus lugay satengahna, teu diuntun deui. Ku gogodeg, beuki lugay. Kang Har neuteup. Kuring ngabalieus. Ku ngabalieus, tambah lugay deui. Karasa kana taktak.
“In ningalina ka dieu atuh. Kapan palay kénéh jeruk.”
Kuring teu ngalieuk. Neuteup ka laut nu satungtung deuleu. Kang Har ngised ka hareupeun. Song jeruk diasongkeun deui sapasi.
“Am!” cenah.
Tapi pasi jeruk henteu diasupkeun kabeh kana sungut kuring.
Nyesa sapotong, urut digegel ku kuring. Éta sésana dihuapkeun ku Kang Har ka manéhna sorangan. Sajongjongan panon neuteup kana beungeut Kang Har, tapi tuluy ngabalieus deui; tungkul. Tina panon Kang Har aya cahaya medal, cahaya nu ngarandegkeun jalan getih sajongjongan. Ngarandegkeun getih, ngahésékeun ambekan. Cahaya baseuh tapi haneut.
Song sapasi deui diasongkeun Kang Har.
“Sun!” cenah. Jeruk diciumkeun kana sungut kuring. Geus kitu di kana sungutkeun sorangan. (lajengkeuneun)