Nasution Co

Ngaborong Beca

Ku Adé Wa Ojo

“Bah, nambut ha-pé!”

“Kanggo naon, A?”

“Badé tétring, kedah ngimélkeun tugas ka dosén. Nu Aa  séép kuota….”

Heueuh kiwari mah hayang umal-imél téh babari pisan. Kari hurungkeun léptop, laju tétring ku ha-pé. 

Mun ras ka alam tukang, sok kapiasem. Ana sakalieun ngirimkeun tulisan ka rédaksi, réncéd kacida. Naskahna diketik ku mesin tik jadul. Nu sorana boborobotan téa sada bedil. Atuh rérés ngetik téh tungtung ramo jalébrag, da puguh nyolokan tuts satakerna. 

Réngsé naskah ditik, laju dibebeskeun kana amplop. Gidig ka kantor pos meuli prangko. Nya da moal bisa ngapung sorangan. Ké sabada sisi amplop juru katuhu béh luhur geus ditaplokan prangko, kakara naskah tulisan bisa kaanteurkeun ka rédaksi.

Kira awal taun 2000-an mimiti wawuh kana komputer. Komputer  PC nu ngabugigag téa. Ngahaja pikeun nyimpena gé nyieun heula méja husus meunang ngéngkén ka Mang Idris. Kakara ti harita mah kutak-ketik téh harampang. Samalah tara kakocapkeun deui ramo jajangkung jareding. Atuh deuk ngirim tulisan téa, kari langsung buka internét. Gampang déch….

“Bah, ayeuna mah teu kedah masang internét rumah. Aya alatna husus nu langkung canggih. Namina modem. Janten ieu mah tos nir kabel. Teu kedah pakuranteng kabel ngahubungkeun ka kantor Télkom,” ceuk si Cikal hiji mangsa.

“Dimana mésérna, A?”

“Nya di kota. Di lembur mah teu acan aya.”

“Nam atuh énjing urang ka Garut….”

Isukna kencling kuring miang ka puseur kota, nu dituju toko éléktronik dibaturan ku si Cikal. Satepina ka terminal, jut turun tina angkot jurusan Limbangan-Garut. Luak-lieun néangan béca. Kaparengan aya nu keur ngaretém. Sakali ngagupayan gé, si Emang meni haripeut. Gasik nyampeurkeun. Tayohna asa ditonjok congcot. Panumpang sakieu keur meujeuhna werit, ayeuna aya nu ngéngkén. 

“Dua, Mang bécana!”

“Jun, kadieu gancang! Aya orderan eum….” si Emang Béca ngagupayan baladna. Gog dua béca naragog hareupeun.

“Kamana, Pa?”

“Ka Péngkolan. Sabaraha bulak-balik?”

“Dua puluh rébu, Pa. Janten duaan téh opat puluh rébueun.

“His, geuning mahal!”

“Namina gé diborong, Pa. Pan abdi kedah ngantosan Bapa….”

“Nya hayulah…!”

Teu loba carita, gebro dibayar tiheula. Méh jongjon.  Heueuh, ongkos mahal saeutik mah keun baé itung-itung sodakoh. Nagahajakeun unggal poé pimanaeun.

Geuleuyeung béca maju meulah kota; ditumpakan ku kuring jeung si Cikal. Hiji séwang. Tepi ka Péngkolan geuwat muru toko élélktronik. Malah si Cikal nu nénéangan modem-na gé. Puguh kuring mah masih kénéh balilu kana urusan perinternétan téh. 

Song pelayan ngasongkeun barang ka si Cikal. Ku si Cikal dialak-ilik bari teu petot tatanya. Si Pelayan toko meni capétang ngajelaskeun”maunatna” éta barang. Kadéngé adu rényom madungdengkeun harga. Sabada répok si Cikal nyampeurkeun.

“Bérés, Bah atos ditawis ku Aa. Kantun bayar di kasir.”

“Naon, A? Modem téa!”

“Muhun.”

“Mana barangna?”

“Apan nu tadi.”

Sanajan masih  hémeng, geuwat nuturkeun si Cikal nu miheulaan muru kasir. Sabada mikeun duit, song kasir mikeun bungkusan sagedé cangkang roko. Gap ditampanan ku si Cikal.

“Hayu, Bah urang uih!”

Tepi ka burian toko, kuring ngaharéwos ka si Cikal.

“Mana modem téh?”

“Muhun apanan ieu…” ceuk si Cikal bari némbongkeun bungkusan téa.

“Bener ieu? Teu salah? Geuning leutik, A?”

“Naha ari saur Abah saageung kumaha kitu?”

“Sugan téh sagedé jubleg! Apan komputerna gé badigul…. Apal leutik kieu mah ka teuteu ari bet ngaborong béca, A. Sadua-dua deuih. Beu!”

Si Cikal ukur mesem. Irungna runya-renyu nahan piseurieun.***

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Mangle no. 2761