Nasution Co

Ku Rahayu Pertiwi

Saréngséna solat asar.

“Haloww…, aya naon mang?”

“Jadi moal ulin téh?” sora babaturan dina HP.

“Jadi atuh. Sok geura dangdan, ku uing ditunggu di hareup nya, bari sakalian manaskeun motor.” 

“Okéh…”

Buru-buru ka kamar, ganti baju ku nu alus.

“Deuh… meuni gagah, rék ngabuburit nya?” adi ngaheureuyan.

“Enya atuh.”

“Milu lah.”

“Urusan budak déwasa ieu mah. Ké mun urusan meuli tajil diajakan.”

“Huh! Si Aa mah!” adi kukulutus.

“Hayu, bro!” babaturan nyelengkeung di luar.

“Siap!”

Sanggeus motor maju.

“Ka mana jalan-jalanna, kanu kamari deui waé kitu?”

“Enya lah, panasaran eung.”

“Panasaran ku nu ditiung téa.”

“Enya.”

“Ahh manéh mah ngabuburit téh kalah mesum.”

“Iihh.. lain mesum uing mah, pan ari boga kabogoh mah ngarah aya nu ngahudangkeun mun janari, jeung ngarah bisa jalan-jalan ké pas lebaran, jadi moal ulin jeung manéh waé.”

“Anyyirrr… habis manis sepah dibuang…”

Pas mengkol ka di parapatan, pasanggrok jeung delman anu ka wetan­keun.

Sarérétan jiga aya nu wawuh. Ngan teu pati dipikiran da keur nyetiran motor, bisi diadu.

“Mang…” babaturan hariweusweus, nepak taktak bari ngalieuk ka tukang. Tangka motor gé ngagibeg.

“Aya naon?”

“Manéh apal teu ka awéwé nu bieu dina délman?”

“Euuu… asa euy.”

“Iihhh.. pan éta téh kabogoh manéh basa keur kuliah.”

“Si Aniiii?!” sumanget.

“Enya. Balikkeun motorna mang, cuang susul.”

Teu ngajawab deui, motor langsung dibalikkeun, ngudag délman nu tadi.

Sangeus deukeut. Bener wé Ani, duh asa beuki geulis wé, jeung…, rada dewasa ayeuna mah katingalina téh. 

Manéhna imut. 

Gustiiiii… 

“Ni…” nanya, bari semu éra.

Manéhna ukur seuri.

“Abdi, ka bumi nya?”

Kontan, paroman beungeut Ani jadi robah. Jiga nu…

“Ameng ka bumi nya?”

Manéhna ukur melong.

Motor dierém ngadadak. “Naha euy teu némbalan?”

Tapi leungeun spontan ngagas, nuturkeun délman.

Sanggeus deukeut.

“Niiii….”

Manéhna ngalieuk. Ayeuna mah paroman beungeutna beuki katingali pisan, bareureum.

“Nya? Abdi ameng nya?”

Manéhna gideug.

“Naha?”

“Ahhh… pokona mah ulah wé.” jrut turun, rurusuhan lumpat ka jero imahna jiga nu sieun.

Sanggeus nyetandarkeun motor, ngetrok panto. “Assalamu alaikum…”

Taya nu ngajawab.

“Naha teu ngajawab nya, pan bieu téh aya.” babaturan kerung.

“Teuing atuh.”

“Assalamu alaikum…”

“Waalaikum salam.” sora budak awéwé, laju panto muka.

“Ari téh Ani-na aya, Néng?”

Budak téh kerung. Tapi teu lila ngajawab. “Oohh… Mamah Ani, aya nuju di kamar.”

“Raisaaaa…” Ani ngajorowok di kamar. “Iiihhh….”

“Ké!” uing jeung babaturan papelong-pelong.

Babaturan unggeuk jiga nu surti. “Enya jigana mah…”

Teu lila Ani norojol bari tungkul, semu éra. “Hampura, A. Ani téh tos nikah da…”

“Oohh…” colohok. “Ieu, budak?”

Ani unggeuk.

Budak awéwé kerung. Melong ka kuring, terus melong ka indungna.

Katerangan:

Carlu Ngabuburit karya Rahayu Pertiwi téh parantos medal di Mangle nomer 2782.