Nasution Co

Ku Lina Purwati

Dua kali panggih jeung (urang sebut we) Nénih. Nu munggaran, opat bulan ka tukang, nu kadua mah, minggu kamari. Bungah bisa tepung deui jeung babaturan sakelas di SMA, sanggeus kurang leuwih sapuluh taun henteu patepung. Ayeuna geus pada-pada boga budak.

Ari manéhna, randa,  kakara boga budak hiji, awéwé lima taun,  di TK kénéh.  Can boga deui salaki. Mun aya gé nu boga karep mileuleuheungkeun ka manéhna, cenah, sok dihihileudan ku salakina nu ti heula. Kawasna, bapana éta budak téh, masih gedé duriat ka Nenih, popotonganana téh.

Keur nyumponan bubutuh hirupna, inyana téh ngawarung. Lumayan, cenah, aya waé rejeki mah. Tina ngawarung téh, bisa nyumponan kabutuh sapopoé, najan remen walurat gé.

“Ngan, nu sedil téh, sok ngahaja nepungan ka pasar,” ceuk Nénih.

Malah, cenah, lain ukur nepungan, tapi deuih sok ngahaja hayang nganteurkeun ka imah, sakalian nempo budak, basana téh. Tangtu wé, Nénih téh tara daékeun, lantaran nepi ka harita mah, can dibéréan hayang balik deui ka urut salakina.

“Da, mun manéhna geus boga pamajikan deui, atoh pisan, malah rék pakaulan,  deuk numpeng!” pokna.

Bakal atoh mun manéhna boga pamajikan deui mah. Ku cara kitu, moal ngaganggu urut pamajikanana. Tah, mun geus teu diganggu mah, bakal laluasa. Atuh, mun aya nu mileuleuheungkeun téh, moal kagok.

“Geus aya nu ngadeukeutan mah, tapi bangun asa-asa, da salaki tiheula masih kénéh sok ngulampreng kadieu, najan tara nyimpang ogé,” ceuk Nénih.

Nilik kana omonganana, kawasna Nénih téh moal daékeun balik deui ka urut salakina téh. Da, cenah, mun ngajodo deui gé, bakal kawas tiheula. Urut salakina téh kedul pisan. Mun batur mah, daék ngojég, kula-kuli, jeung sajabana, manéhna mah, tara ka mana-mana. Éstu ukur ngaligeuh, hayang udud gé, masih kénéh sok menta duit ka indungna.

Tah ti opat bulan ka tukang, waktu nyebutkeun bungah mun urut salakina kawin deui, kakara tepung jeung manéhna téh minggu kamari téa. Tepung di nu hajatan, nyunatan, babaturan sakola, babaturan Nénih,  nya babaturan kuring deuih.

Kabeneran manéhna masih kénéh aya di dinya. Kana ondangan teh nyorangan, da budakna mah dititipkeun ka indungna. Sabada tuang, manéhna nyampeurkeun. 

“Kumaha enggeus numpeng téh?” cekeng ngaheureuyan.

Manéhna kalah mésem. Taksiran ingeteun kénéh kana kekecapanana tiheula.

Kring WA-na disada. Manéhna nyelang heula maca WA. Geus kitu mah malik deui ka kuring.

“Tulus numpeng téh?”

“Tulus,” pokna bari nyeuleukeuteuk.

“Atuh sukur! Hartina ayeuna mah hampang-himping, moal aya nu ngahihileudan. Bakal téréh boga gaganti bapana budak, nya?”

“Ah, henteu kudu ganti. Anger wé bapa budak mah nu tiheula,”

“Heueuh ari bapa tegesna mah. Tapi, apan butuh bapa anyar budak téh,” cékéng téh.

“Nyéta moal boga bapa anyar!”“Ih, perelu atuh ari geus aya jodona mah!”

“Ah, angger wé bapana nu tiheula,”

“Maksud Néni?”

“Enya, apan manéhna téh ngajak balikan deui,”

“Daék wé nya!”

Manéhna unggeuk, terus seuri.

“Tulus atuh nya numpeng téh?”

“Tulus, da kawin ge ukur disaksian ku kulawarga wé. Enya ukur numpeng!”

“Tah, geuning, laksana pakaulan teh nya!”

Manéhna ukur seuri.

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2769.