Nasution Co

Parsel Dina Kekeupan

Tetti Hodijah

Rian ngaluarkeun motor ti garasi, koloyong indit.

“Mudah-mudahan Ami can indit gawé,” gerendengna.

Kabeneran kendaraan di jalan masih coréngcang, kawantu isuk kénéh pisan. Kalan-kalan témbong nu keur leumpang dina trotoar, tayohna nu rék indit atawa balik ti pasar. Biwir kuraweudna katutup ku helm, tapi orokaya dadana mungguh ngaguruh. Ketug jajantungna beuki ngerepan. Lebah parapatan motor dierém sakaligus. Karék engeuh hareupeun aya awéwé kolot keur meuntas. 

“Ari Si Nini, kawas boga nyawa cadangan,” pokna kukulutus. Rét kana lampu setopan, horéng beureum.

“Sabar atuh, Ceu!” supir angkot ngagorowok.

“Sabar, sabar, lain peuntaskeun atuh ku manéh!” Rian malieuskeun beungeut, haténa norowéco. Rék kumaha bisa sabar, manusa katalangsara nu dilélécé harga dirina, Abong kéna hirup keur nanjung,  taya rasrasan. Naha boga salah naon, mani téga megatkeun duduluran, apan sosobatan téh sasat geus welasan taun. Moal maké dinding kelir engké mah, rék dibolékérkeun saayana, kumaha kahirupan manéhna baheula.  

Awakna ngagebeg basa ngadéngé sora klason raéng tukangeun. Rét kana lampu, horeng geus héjo. 

“Tong ngalamun baé atuh, Bu,” sora  pamuda nyiap ti kénca.  

“Hareuh…..!” Rian ngarahuh, Motor dipéngkolkeun ka kénca, nyorang jalan lempeng ngabulungbung. Ngalumpatkeun motor satakerna. Bangun teu sadar umur geus cueut ka hareup, sakeudeung deui nincak satengah abad. Sapanjang jalan uteukna muter, mikir pikecapeun nu merenah, nu bakal keuna kana mamaras haté sobatna. Sobat, naha pantes sosobatan jeung jalma pantar manéhna? 

“Enya, kuring mah kieu-kieu gé anak jeneng, Aminah mah anak saha boa? Urang kampung bau lisung ngadon bubuara ka kota. Mangsana jaya bet keuna kana paribasa, carangka runtah pindah ka tengah imah,” biwirna teu eureun-eureun norowéco. 

“Aduh, alah ieung,” pokna, teu karuhan téténjoanana ngadadak ririakan. Jalan karasa muter. Palangsiang, vertigo kanceuh? Tina kaca spion katangén mobil nyuruntul tukangeun.

“Aaaaaawwww…..,” sora nu keur leumpang dina trotoar ngocéak. Baruk, aya naon? Karék engeuh, hareupeun aya lalaki ngarekuk nanggung bangun beurateun, meuntas teu luak lieuk, leumpangna satengah lumpat. Motor dierém nyakali, tapi ban hareup miheulaan nubruk karanjang. Si Emang ngajolongjong. Gebrug labuh. Motor ngagubrag bareng jeung awak Rian tibeubeut kana jalan, Sabéngbatan karérét bubuahan ngabarak minuhan jalan. Ngendek memenitan, Rian kapiuhan. Teu inget di bumi alam.  

Méméh kaluar ti garasi, Aminah nyelang muka deui panto mobilna. Alak-ilik bisi aya nu tinggaleun. Mangkaning réa keretas urut tadi urat-orét basa rapat. Sanggeus yakin sakur barang jeung berkas aya dina tangkeupan, koloyong ka jero. Sup ka kamarna. Tas jeung map ditunda luhur meja. Golédag kana kasur, bangun hayang ngareureuhkeun kacapé. Rét kana jam nu naplok na témbok. 

“Geus peuting,” gerendengna. Najan awakna lungsé, bangun teu wasa meureumkeun panonna, kalah anteng neuteup potrét kulawarga nu dipajang dina meja tunjangeunana. Ema sareng Apa nuju aranom kénéh. Ceu Nining ogé masih rumaja. 

“Nitip Ami,” saur Ema basa éta potrét cikénéh dipiguraan. Sasauran kituna téh bari ngarérét ka Ceu Nining, pananganana nunjuk kana potrét budak leutik nu dilahun ku anjeunna. Ema sasauran kitu téh lain sakali dua kali. Méh saban keur ngariung tiluan. 

Enya, apanan Apa mah kasebutna prajurit, remen pipindahan tempat gawé. Ngaprak meuntas pulo. Balik ka lembur aya kalana taun kali. Di imah mimindengna ukur tiluan. Najan boga Bapa pangkatna handap, Ami bangun reueus tur ajrih. Apanan anjeunna mah hirup béla pati éstuning bajoang pikeun kapentingan nagara, bangsa jeung lemah cai. Dibélaan cul anak cul pamajikan, ninggalkeun lembur pamatuhan, nepi ka maotna di pangumbaraan. Bapana dipundut ku Gusti basa Aminah keur umur welasan.

Nyumponan pangabutuh sapopoé  cukup tina gajih pangsiun janda Ema, diémbohan pangasilan tina wawarungan. Basa Aminah mimiti asup kuliah, Ceu Nining ngajodo jeung Kang Adang. Indit ninggalkeun lembur, dibawa ngumbara ku salakina. Ngendek dua taun ti harita, Ceu Nining, Kang Adang, jeung anakna nu kakara umur sataun maot kacilakaan dina pesawat, basa rék mulang ka lembur méméh lebaran. 

Aminah nguniang tina pangsaréan. Jung nangtung nyampeurkeun méja. Gap kana potrét.

“Nuhun Ema, tos maturan Ami dugi ka gaduh damel. Cacak Ema ngantunkeun basa Ami masih kénéh kuliah, duka ti mana Ami gaduh bekel. Ayeuna mah sapati-pati hirup nyorangan. Tapi Ami tos gaduh pangasilan. Karir kaitung nérélék, sanaos teu kasebat ngabelesat. Sakalieun bekel hirup sasoranganeun mah tara ngalaman kakirangan. Rorompok sakalieun ngiuhan tos gaduh, mimiosan tos tara kana angkutan umum. Mugi Ema bagja di kalanggengan nyarengan Apa, Ceu Nining, Kang Adang, sareng  Si Adé,” ramo-ramo Aminah nyasaran sakur beungeut nu aya dina potrét. “Mun seug aranjeun terang Ami keur nandangan tunggara, pisakumahaeun teuing sedihna,” gerendengna. 

Rét deui kana jam. Geus waktuna tahajud. Tapi ieu panon can ngerejep pisan. Aminah malikkeun awakna. Kalacat kana Kasur. Laju disimbut, susuganan bisa saré. Sakitu lilana panonna dipeureumkeun, teu sing datang pitunduheun, kalah bruh-bréh kajadian tadi beurang, basa papahareup jeung Tim Pemeriksa Keuangan.

“Sekalipun Ibu tidak menggunakan secara langsung uang proyek untuk kepentingan pribadi, tapi Ibu sudah memperkaya orang lain. Itu bisa menyebabkan Ibu kena hukuman,” cék lalaki nu diuk papahareup, panonna mencrong. Aminah ngarénjag, halisna kerung. Teu gugur teu angin pamariksa nuduh nu lain-lain. Kurang kumaha rapihna pembukuan? Sakur duit nu dikaluarkeun puguh tutulisanana. Sanggeus narik napas rada panjang, Aminah nyarita antaré.

 “Kalo begitu, saya minta waktu untuk mengundang semua rekanan. Mereka akan saya minta mengumpulkan berkas pembelanjaan. Jika sudah ada, saya serahkan ke Bapak.” 

“Boleh. Saya kasih waktu satu hari.”

Satu hari? Hartina isuk kudu geus bérés.  

Kaluar ti rohangan pamariksa, Aminah rurusuhan muru tempat parkir. Méméh ngahirupan mobil nyelang ngilikan jam na pigeulangna. Sakeudeung deui gé Magrib. Mun ka kantor heula, tabuh sabaraha pinepieun ka imah, mangkaning wayah kieu mah jalan keur meujeuhna macét. Nyiapkeun berkas mah cukup nelepon ka bendahara. 

“Usahakeun, isuk sakur berkas kudu geus ngumpul,” cék Aminah sanggeus ngécéskeun naon jadi pasualan.

“Siap, Bu,” walon Rénaldi, bendahara nu geus taun-taun babarengan digawé. Rénaldi kasohor alus gawéna, cerdas tur apik. Matak Aminah bungaheun pisan basa ku pimpinan diasongan manéhna téh. Teu kudu capé mapagahan. Saban aya pamariksaan lancar, bérés roés.

Sora adzan Subuh raéng ti saban masigit. Aminah buru-buru morosotkeun simbut. Koréjat hudang. Koloyong ka acai. Rap sandal. Tap kana anduk. Mandi sasat rurusuhan, inggis kabeurangan indit ka kantor. 

Kaluar ti kamar mandi, tap kana mukena, cong solat. Sakumaha diudag waktu gé sakalieun waktuna madep ka Alloh mah teu weléh panteng. Aya kani’matan nu tan wangen nalika nyegruk dina pangsujudan. Muntang tur neneda ka Nu Maha Kawasa, nu ngusik-malikkeun sakumna manusa. Keur jongjon wirid, tiriling hapéna disada. Hapé diranggeum horéng telepon ti Rénaldi. Nyaritakeun yén rékanan geus mikeun sakur berkas nu dibutuhkeun, kalayan ayeuna geus aya dina méjana.

“Rénal bagadang dugi ka tabuh opat Subuh,” cenah.

“Alhamdulillah. Ayeuna Rénal di mana?” 

“Masih di kantor.”

“Tong waka uih, Ibu sakedap deui ka dinya.”

“Diantos, Bu.”  

Basa cucul-cucul mukena haténa mimiti karasa longsong. Sumangetna kahudang deui.

Sanggeus dangdan jeung ganti baju, sarapan cukup nyuruput susu jahé sacangkir. Tap kana tas, rap sapatu. Teu poho berkas pariksaeun ditangkeup. Sanggeus nepi kana jero mibil,  ditunda dina jok gigireunana. 

Aminah ngalumpangkeun mobilna rada nyemprung, bubuhan jalan keur pareng longsong. Ngalaman ngarayap téh lebah pasar, réa nu dagang ngampar rada ka tengah jalan. Kira-kira saratus meter ti dinya, aya motor ngajungkel nabrak tukang bubuahan. Aminah ngerém mobilna rada ngagentak. Tuluy dikasisikeun. Nu ngagolér disampeurkeun, lalaunan helmna dibuka.

“Rian?” Aminah ngajenghok. “Punten panggotongkeun, lebetkeun kana mobil,” pokna ka nu keur ngariung. Nu dititah nurut, harita kénéh Rian geus aya dina jero mobil. Koloyong nyampeurekun Si Emang tukang bubuahan nu keur muringis.

“Naon nu karaos?” tanya Aminah.

“Tuur bared. Peurih,” walon Si Emang. 

Aminah ngoloyong nyampeurkeun mobilna. Gap kana tas terus dibuka, ceg kana dompét. 

“Lumayan, kanggo lalandong ka Puskesmas,” song duit salambar warna beureum. Tukang bubuahan rengkuh nganuhunkeun.

Motor Rian dititipkeun ka béngkél nu ukur lima puluh méteran ti tempat kajadian. Geus puguh motor aman mah, Aminah buru-buru asup deui kana mobilna, laju muter, balik  arah. Muru Rumah Sakit nu pangdeukeutna. Teu poho nelepon ka Rénaldi, méré iber. 

Barang beunta, panon Rian rurat-rérét ka sakuriling rohangan. Rét kana botol infusan nu ngagantung luhureunana, kabelna dipapay, diilikan, nyambung nepi kana lebah pigeulang leungeunna. Beungeutna muringis.

“Mamah tos sadar?” Nineu nyampeurkeun indungna.

Rian unggeuk. Beungeut budak dipencrong, bangun hayang sidik. Ti iraha Mamah lebet ka Rumah Sakit? 

“Tadi, kinten tabuh genep énjing-énjing. Tanteu Ami nelepon, ngawartosan Mamah geubis tina motor, teras dicandak ka Rumah Sakit,” Nineu ngécéskeun bari menerkeun simbut indungna.

“Baruk, Tanteu Ami?” Rian kerung bangun nginget-nginget sakur kajadian tadi isuk-isuk. Lalampahan ti mimiti indit ti imah nepi ka nabrak tukang bubuahan narémbongan. Ngahaja indit rebun-rebun téh rék nyarékan Ami, duméh ngawé a teu dijawab waé. Ngahaja indit subuh kénéh, ambéh Ami aya kénéh di imah, apan sasarina gé indit ka kantorna tabuh tujuhan. Tapi naha tabuh genep geus bisa nganteurkeun ka Rumah Sakit? Lah, asa teu kaharti.

Bari ngarasakeun cangkéngna nu rocop dibarung sirah jejedudan, panon Rian teu eureun-eureun ngulincer, rét kana parsél buah dina méja. 

“Itu ti saha?” pokna.

“Ti Tanteu Ami,” walon Nineu.

“Iraha Tanteu Ami ngirim buah?”

“Tadi, waktos jam besuk, tabuh sabelas. Tapi teu lami, teras mulih deui ka kantorna. Nuju seueur padamelan, saurna.”

“Jadi Tanteu Ami bulak-balik?”

“Muhun. Tabuh genep jajap Mamah. Tos dongkap Nineu kinten tabuh tujuhan, Tanteu Ami angkat heula ka kantorna. Sumping deui tabuh sabelas, nyandak parsél.”

Leuh, horéng téa mah teu kapalang béla Ami téh.

“Cingan, kadieukeun,” Rian ngarobah posisi awakna, nu tadina nangkarak jadi nyangigir. Leungeunna ngajungjung, parsél nu cikénéh diasongkeun dikeukeupan. Panonna dipeureumkeun.

Bruh-bréh lalakon hirup basa babarengan sakantor kénéh jeung Ami. Béda dua taun asup gawé jeung manéhna téh, ari umur mah Ami leuwih ngora lima taun. Barang mimiti asup gawé mah éstuning jadi bahan guguyon. Boh dangdanan, pakéan jeung gerak-gerikna mah katangén urang lembur. Ngan édas calakan jeung wantérna, tapi sakapeung mah siga nu teu nalipak manéh. Rupa teu sabaraha, tapi bangun teuneung. Nyanghareupan jalma nu kumaha baé teu weléh ludeung. Nu matak pisirikeun babaturan mah saban ganti pingpinan teu weléh kapaké. 

Hiji waktu mah, basa manéhna jadi Ketua Panitia, kira-kira sapuluh menit acara rék dimimitian, laporan panitia nu ngagolér dina jero map luhur méjana disumputkeun. Basa manéhna kokotéténgan nénéangan, ukur bisa nyenghél. Teu lila, gutrut manéhna nulis dina keretas.

“Hadéna eusi laporan téh katalar,” cenah bari ngasupkeun konsép kana jero map, tuluy dijingjing dibawa ka tempat acara. Teu riuk-riuk bangun keuheul. Galantang laporan dibaca, lancar, taya nu ngatog. Rian jeung pada baturna ukur bisa silih rérét ditungtungan imut maur. 

Ras deui basa rék aya acara milangkala Kantor Cabang, sakur karyawati diwajibkeun maké kabaya. Dangdan haratis, dibayar ku kantor. Piisukaneun aya acara, sakur pagawé awéwé ngabring ka salon nu geus ditunjuk ka kantor, milih kabaya séwang-séwangan. Mun geus aya nu cop, langsung dingaranan, keur ngagampangkeun isuk, sangkan teu riweuh milih kabaya. Isukna ngahaja datang ka salon pangisukna, dangdan pangheulana. Basa nyokot kabaya, nu dipaké téh nu aya tulisan Aminah. Bérés dangdan jeung dibaju, koloyong ka kantor. Datang téh jadi pangheulana. Biwir ngarenyu, basa ngabayangkeun Aminah riweuh néangan kabaya nu dipilhna. Teu lila téh norojol maké kabaya nu warnana leuwih cékas, motifna oge leuwih sieup. 

“Jadol téh!” Rian kukulutus.

Remen pisan Aminah pada ngaléjokeun bari diguguyonkeun. Komo basa cikénéh meuli mobil, teu sirikna pada nyindiran. O ka bé. Enya, orang kaya baru. Dikitukeun mah sok aya riuk ngungun, tapi sok terus ngoloyong indit. Asa manggih hiburan haratis mun geus ngariung gogonjakan nyeungseurikeun Aminah téh. 

Rian teu ngaleuleungit, najan resep ngaheureuyan jeung nyeungseurikeun Ami, tapi ari aya pangabutuh mah tara éra ménta tulung. Komo sanggeus salakina dipéhaka, gering parna salila-lila, antukna ninggalkeun pikeun sapapanjangna. Hutang raweuy ka unggal bank, urut ngubaran salakina. Di imah duaan jeung Nineu, budak nu ngan hiji-hijina. Geus lulus kuliah tapi can boga gawé, puguh wé hirup remen kakurangan. Ngéclok ka Ami mah sabaraha baé gé tara teu dibéré, jeung tara nagih deuih. Jadi mayar téh bisa iraha baé jeung saayana. Sanggeus Aminah dipindahkeun ka tempat séjén jadi rada hésé rék nginjeum duit téh. Poé kamari ngahaja ngirim WA, nyarita rék nganjang ka imahna. Tapi sababaraha kali diilikan, tacan dibuka baé. Piraku ngahaja onaman? Atawa geus kajudi rék nginjeum duit? 

Keur anteng ngalamun, niriling sora hénpon.

“Halo Tanteu. Alhamdulillah, tos lami sadar. Badé nyarios sareng Mamah?” Nineu ngasongkeun hénpon.

“Telepon ti saha?” tanya Rian.

“Ti Tanteu Ami.”

Nineu ngasongkeun hénpon, ku Rian ditampanan.

“Halo Ami.” 

“Kumaha ayeuna Rian, sehat?” 

“Awak rocop jeung sirah jejedudan masih kénéh.”

“Euleuh? Hampura Ami teu terus ngemitan, karék bérés pamariksaan.”

“Kumaha, lancar?”

“Nya éta keuna ku pitenah, aya nu ngirim surat kaleng ka Tim Pemeriksa, majar rékanan Ami korupsi.”

“Hadéna lain Ami nu dituduhna.”

“Cacak teu bisa méré bukti-bukti nu lengekp mah, biheung teuing Ami gé kaéréd.” 

“Rian nga-WA ti kamari, teu dibales.” 

“Nyaéta, pikiran keur baluweng mah bororaah muka WA. Cumarita jeung batur sapagawéan gé cukup ku telepon.”

“Hadéna Ami mah teuneung nyanghareupan pasualan sakumaha beuratna gé.”

“Alhamdulillah, kersaning Alloh. Kaduana nyepeng palakiah pun biang, yén satungtung hirup mah moal leupas tina pasualan. Ibarat urang nyorang jalan koral nu pinuh ku batu sareukeut. Naha urang baris nyéngléd-nyénglédkeun babatuan, atanapi maké sapatu nu buni ambéh batu teu nojosan suku?”

Tah éta leuwihna Ami téh, réa palakiahna. 

“Halo, Rian.”

“Halo Ami. Nuhun kana pitulungna. Ieu deuih, bubuahan mani saleger, nuhuuun pisan.”

“Sami-sami. Ēnggal damang nya…...”

“Aamiin.”

Duka nu kasabaraha kalina Rian Istigfar. Rumasa geus milampah salah. Saminggu katukang pangangguran ngirim surat kaléng ka Kantor Pusat, nu eusina ngagogoréng rékanan proyék cekelan Ami. Satadina mah hayang nyaho, kumaha sikep Ami nyanghareupan pasualan nu leuwih beurat? Najan geus misah Kantor Cabang gé ari iberna baé mah tangtu aya. Komo deui béja ngeunaan kagoréngan, sok gampang nyebarna. Ayeuna kalah meunang béja langsung ti jinisna. 

“Ami, hampuran Rian,” gerendengna laun.

Parsél buah ditangkeup tipepereket. Sakeclak cai murag tina kongkolak panonna.

Cibiru, Desember 2019

Katerangan:

Carpon Parsēl dina Keukeupan karya Tetti Hodijah kantos medal di Manglé No. 2762.