Balanja online téh loba mangpaatna. Henteu panggih jeung nu meulina jadi moal wirang. Pangpangna mah kuring sok pesen kabutuhan awéwé. Enya da lian ti digawé téh kuring boga sampingan jadi dropshiper. Kabayang mun kuring meuli jeroan awéwé, meureun pada melong. Tapi wiwirangna bisa leuwih mun henteu tarapti mah.
Hiji waktu kuring ngaladangan nu pesen lingerie. Jol ngabayangkeun wé nu makéna téh bébéndé, héhéhé. Nu pesenna téh Téh Tuti, alamat Wirangrong No. 2., kirimkeun wéh. Moal dua poé da dikirim ti Bandung. Kuring mah ngonfirmasi resina wé.
“Mangga, mugi énggal katampi barangna.”
Kepuasan pelanggan nomer hiji. Najan ngaladanganan bari digawé. Rupa-rupa pasipatan pelanggan. Tapi nu atoh mah mun geus bérés pesenan nepi, aya deui nu pesen. Terus kitu pasambung-sambung.
Tapi sok aya waé nu komplén. Naha barangna teu luyu jeung kahayang, atawa salah ngirimkeun. Cara orderan ku Tuti. Geus ngirining tanda yén barang geus nepi. Mimitina longsong. Ngan torojol aya WA ti Téh Tuti.
“Sép, punten, naha teu acan katampi?”
“Éh naha da tos aya konfirmasi.”
“Muhun naha nya?”
Kuring maluruh deui. Untung unggal pelanggan téh dicokot layar pesananana. Éta skrinsutan téh ditempo deui, terus dikirimkeun ka Téh Tuti.
“Muhun leres namina sareng alamatna mah.” Ceuk Téh Tuti.
Gentak kuring nelepon ka kurir. Ditanya téh nu nampana Téh Tuti. Uyuhan manéhna ngabasakeun ciri-ciri fisikna.
“Lingsig salirana téh. Katawisna mah tacan nikah, héhé.” Cenah abong kéna geus wawuh ngomongna teu asa-asa.
Ngadéngé kitu téh kuring jadi kerung. Rarasaan mah Téh Tuti mah salirana pendék jeung geus boga buntut dua. Haté jol ngagebeg wé bisi enya salah mikeun.
Untungna kuring keur aya perelu ka kantor pos Maskumambang. Sakalian wé diontrog. Kutan téh di alamat éta aya dua kantor. Kuring nyusulan heula Téh Tuti di kantor A, laju ka kantor B. Éra-éra gé kuring ngawanikeun nanya.
“Punten dupi di kantor ieu aya nu namina Téh Tuti?”
“Muhun, abdi.” Ditémbal ku awéwé nu tangtungana lingsig.
Meureun ieu nu ceuk kurir téh.
“Badé naon Kang?” manéhna nanya.
“Manawi Tétéh nampi paket?” kuring togmol.
“Pakét anu eusina naon nya? Da aya tilu nu dugi téh…”
Deuk langsung némbal téh karagok. Ngarérét wé ka Téh Tuti. Ngisarahan supaya manéhna nu kedal.
“Lingerie, pakét nu abdi éta téh. Abdi gé sami namina Tuti.”
Karék gé dibales oh ku Tuti lingsig, éh di jero rohangan aya nu ngacungkeun barang bari ngomong harus.
“Tétéh naon ieu? Maénya kanggo Tétéh mani alit?” ceuk wanoja bari mamantes manéh maké lingerie.
Atuh seuseurian bari semu éra gé.***
Kévin Sanjaya
Buahbatu, Bandung