Carpon Tetti Hodijah
Sakali deui beungeut nu keur ngageubra téh diteuteup. Sieuran. Geulis lain pupulasan. Éstuning geulis bawana ngajadi.
“Eulis….” ukur sakitu kecap nu wasa kedal. Teu karuhan ngadadak asa aya nu ngaganjel dina dada.
Dua taun ka tukang ngadahup jeung manéhna téh. Sasat garudas-garidus, pédah rék nikahkeun Si Cikal, Tikeu. Teu karuhan, aya rasa keueung rék hajat teu boga pamajikan téh, teu boga batur pakumaha.
Tilu taun hirup ngaduda, lain waktu sakeudeung. Ngurus imah jeung popolah ditangkes ku sorangan. Mimitina mah ginggiapeun rék ngamimitian deui rarabi téh, asa karasa kénéh kumaha peurihna ngalaman dua kali pisah jeung pamajikan.
Rumah tangga nu kahiji jeung béntang kampus. Lain wungkul ngarasa jadi raja sapoé basa diuk dina korsi pangantén téh, tapi asa meunang tina tarung nu rohaka. Rumasa rupa jajar pasar, mampuh ngagémbol mojang rancunit nu sasat pada marebutkeun. Teu kaitung jajaka nu kapéngpéongan ku Liani, nu peunggas harepan alatan cintana ditolak gé réa. Teu anéh mun nu jadi salakina nganangna-néngné, lir ibarat nanggeuy endog beubeureumna.
Kabeneran keur mupujuhkeunana nyampak, bubuhan usaha nu jadi kolot keur meujeuhna nanjung. Ibu jeung Bapa gé bangun deudeuhna ka minantu, teu sirikna diwowoy, taya kahayangna nu teu ditedunan. Basa rarabi panceg sataun, brol orok awéwé, geulis ngala ka indungna, dirawu dipangku, dibagéakeun. Bagja taya papadana. Komo Ibu jeung Bapa mah teu sirikna dagdag-dégdég. Basa acara ékahan rabul baraya jeung tatangga, teu sirikna tamplung daratang, ngawilujengkeun. Komo sadérék Ibu jeung Bapa mah rébo marawa kado.
Liani ngejat sanggeus Ibu jeung Bapa ngantunkeun, indit riringkid mawa budak. Enya, apanan harita pisan manéhna nyahoeun yén nu jadi salakina téh anak kukut, najan kolot beurat beunghar tapi teu boga hak narima warisan. Nu teungteuingeun mah sadérék Ibu jeung Bapa, mani teu ngagéhan sapésér pétot harta titinggal almarhum.
Lain caritakeuneun kumaha baluwengna pipikiran harita, bingung ku dua ku tilu. Kolot ninggalkeun keur sapapanjangna, harta banda taya nu nyésa, pamajikan sasat ngusap birit bari indit. Boga budak ukur ngaranna, da tuluy dibawa ku indungna. Keur kitu, ras ka sobat Bapa, Om Burhan nu sasat geus jadi dulur. Enya, midulur Om Burhan jeung Tanteu Luna mah, pon kitu deui barudakna, siga ka lanceuk.
“Tong boro indung, bapa, harta, anak jeung pamajikan, dalah awak sakujur gé urang mah teu ngaboga-boga,” kitu kasauran Om Burhan basa kuring réngsé nyarita ngeunaan pasualan nu keur karandapan. Asa kakara aya nu ngingetan nepi ka lebah dinya, rumasa salila ieu hirup ukur ngagugu napsu. Reueus ku dunya barana nu saéstuna ukur titipan.
Haté bungangang basa Tanteu Luna ngahiap ngajak cicing di bumina, satuluyna diperenahkeun gawé di pausahaan kagungan anjeunna. Ngendek sataun ti harita, ngajodo jeung Aisyah, batur sapagawéan. Likuran taun laki rabi, kaitung mulus, taya pacogrégan. Pabéntar paham sautak-saeutik mah wajar, kasebutna gé ngalawungkungkeun dua pasipatan jeung kasangtukang nu béda. Kuring mah najan anak kukut, apanan ti barang inget, hirup dina kaayaan lubak-libuk. Sedengkeun Aisyah mah digedékeun ku indung bapa pituin, tapi ti kulawarga basajan, malah bisa disebutkeun werit. Kabiasaan kuring hirup awuntah kakered ku pamajikan nu rikrik gemi. Tina kabiasaan pamajikan resep ngeureut neundeun, budak nu tilu téh, najan can sawawa, geus baroga ancoan imah hiji séwang, dikontrakkeun. Sampeureun isuk pagéto mun maranéhna geus rumah tangga. Kitu deui kendaraan, tiluanana indit jeung balik sakola atawa kuliah maraké motor séwang-séwangan. Basa Aisyah dupundut ku Gusti, barudak geus daréwasa, geus baroga gawé, ngan can aya nu rarabi. Kuring ogé geus reureuh ti pagawéan, henteu kudu indit gawé saban poé, tapi bisa digawé di imah, mariksa laporan keuangan nu dikirim ku karyawan pausahaan ngaliwatan email.
Ngendek tilu bulan sanggeus ditinggalkeun maot ku Aisyah, ngahaja balik ka lembur, nyieun imah leutik, susuganan bisa mopohokeun Si Jenat. Teu aya babarangan nu dibawa, cukup mawa mobil hiji. Apanan imah nu di kota masih kénéh dicicingan ku barudak. Teu melang ninggalkeun barudak téh, kahiji geus pada-pada sawawa, kaduana aya Bi Inah, réncang nu geus welasan taun satia ngurus sakulawarga kuring. Barudak dilongok sabulan sakali, sakalian rapat bulanan di pausahaan. Bungah pagalo jeung bingung Tikeu bébéja rék tunangan téh. Bungahna, budak rék manggih jodo, sasat ngurangan tanggungjawab nu jadi bapa. Bingungna, nu kasebut nikahkeun, rék gedé rék leutik, meureun kudu hajat, bakal narima tamu, sedengkeun kaayaan hirup nyorangan.
Tutas rapat bulanan sasarina mah sok rurusuhan balik ka imah. Ma’lum ka kota ukur sabulan sakali, aya rasa sono ka barudak. Harita mah maké hayang ngobrol rinéh jeung babaturan.
“Masih kénéh lalagasan, Kang?” Yéni nyéréngéh. Yéni téh staf keuangan nu panggetolna. Mun pareng réa pagawéan, manéhna mah sok daék gawé nepi ka peuting. Najan dijujurung dititah balik, angger wé neruskeun hanca gawéna.
“Hoyong geura bérés, ambéh jongjon,” basana téh. “Keun wé di rorompok mah, aya Eulis nu rapékan, segut kana gawé,” cenah.
“Saha Eulis téh?” tanya téh panasaran.
“Nu babantu di rorompok. Karunya éta budak téh, ditalak ku salakina ukur maké tutulisan dina keretas salambar. Teu gaduheun surat talak nu resmi. Geulis, ngora kénéh, tapi tos gaduh budak nu rarabi. Ma’lum urang lembur, umur welasan tos ditikahkeun. Cenah mah kakayaan titinggal kolotna nu sakitu réa téh ledis dijualan ku salakina. Mun pareng aya nu mileuleuheungkeun mah, hoyongeun rarabi deui. Manawi atuh Akang kersa mileuleuheungkeun?” Yeni melong, biwirna ngarenyu.
Geulis, ngora kénéh? Teu dileuleungit, najan umur geus tunggang gunung, ari ningal nu geulis mah sok pirajeunan kabongbroy. Komo bari umurna ngora kénéh. Ngan nya kitu, ngukur ka kujur.
Teu kungsi lila wawanohan jeung Eulis téh, da puguh ti barang srog ogé ngarasa cocog. Lain waé ku geulisna, tapi mireng lalakon hirupna, bet matak ngangres.
“Ngawitan rumah tangga téh nembé lulus SMP, diparengkeun gaduh budak dua. Lalaki wungkul. Nu bungsu nembé kelas tilu SMP, nu cikal mah tos rarabi. Rorompokna gé palih dinya, mung kahalangan ku tilu bumi,” Eulis muka obrolan, jempolna nunjuk ka beulah katuhu.
Mimitina mah Eulis jeung kulawargana téh dumuk di lembur, cenah. Ngokolakeun harta warisan titinggal kolotna. Sanajan teu kasebut lega, tapi cukup keur nyumponan pangbutuh sapopoé. Sanggeus boga budak, bubutuh hirup jadi nambahan, kakayaan ngeureuyeuh dijualan nepi ka béak. Ririb ringkih bubuara ka kota, rék ngadon kasab. Saban salakina meunang pagawéan tara cééhan, tara kungsi sataun, sok terus kaluar. Remen pundah-pindah imah ukur ngontrak, nepi ka meuntas lautan. Di peuntas, salakina kapincut ku wanoja nu geus aya umur tapi masih lalagasan tur loba rajakayana. Eulis ditalak, surat talak ukur ditulis dina keretas salambar, song méré duit saongkoseun. Indit duaan jeung Irfan, anakna nu bungsu, nu dituju imah Tantan, anakna nu cikal. Sasat ngadedet-dedet manéh nyiruruk di imah Tantan téh, da puguh imah nu dicicingan téh lain pituin ladang kesang anakna, tapi paméré ti mitohana. Ukur kuat bubulanan milu jeung anakna téh, teu kuat ngadéngé kekecapan bésan nu remen sindir sampir, matak pikanyerieun.
“Nalika nguping Bu Yéni peryogi nu babantos di bumina sakantenan ngarawat ibuna nu teu damangan, abdi ngahaja dongkap ka dieu, kaleresan ditampi. Alhamdulillah, abdi sareng pun anak nu bungsu, henteu dugi ka kadungsang-dungsang. Waragad sakola pun anak, tina pangasilan abdi gé cekap,” Eulis nyaritana ngarandeg, nyelang narik napas rada panjang.
Méh-méhan bedah cimata mireng caritaan Eulis kitu téh. Aya rasa ngenes ka urut salakina.
“Kumaha upami aya nu seja mikanyaah, tapi umurna tos tunggang gunung?” nanya téh bari mésem, nahan kaéra. Éra, atuda ganjor umur téh likuran taun.
“Saha pamegetna nu kersa ka abdi nu batan sakieu?” walon Eulis. Luk tungkul, leungeunna nyusut cai nu ngangkrung na kongkolak panonna.
Laksana cita-cita, waktuna nikahkeun Tikeu téh geus boga batur hirup. Diuk dina panggung pelaminan téh ngaréndéng jeung pamajikan. Salila rarabi tingtrim diri bagja awak. Hirup di imah ukur duaan, apanan Irfan mah neruskeun sakola ka Madrasah Aliyah, mondok di Pasantrén. Mun ku pamajikan nu baréto mah tara pati diladénan, bubuhan nu pangheulana wanoja resep dangdan, leuwih mentingkeun kageulisan batan ngawulaan salaki. Pamajikan nu kadua, kasebutna pagawé, ngurus imah jeung kulawarga ngandelkeun badéga. Ari ku Eulis mah sasat disenangakeun, dinangna-néngné. Capé saeutik dipeuseulan, diusapan. Onjoyna téh deuih, pinter masak, tara aya kaolahan nu teu kalandep. Sakapeung mah sok pirajeunan ngomong sorangan.
“Boa ieu nu disebut sawarga dunya téh?”
Saban isuk leumpang bareng ka pasar, itung-itung balanja sakalian olah raga. Réa tatangga nu sok nitip balanja, ku Eulis tara ditolak. Ari balikna balanjaan dibawa ku duaan, nepi ka imah, tatangga geus narungguan dina téras. Teu karuhan, nu naritip téh mayarna sok ngaleuwihan tina harga pasar. Najan Eulis kéképéhan, duit sok didedet-dedet dikeupeulkeun, nepi ka Eulis bener-bener teu wasa nolak.
Ngabandungan kabiasaan kitu téh jorojoy niat ngamodalan, Eulis sina ngalalanyahan muka warung. Kabeneran téh warungna kajojo, bubuhan nu dagangna geulis tur daréhdéh. Imah nu tadina remen tiiseun, ayeuna jadi haneuteun ku nu balanja. Kituna téh méh saban poé, iwal ti poé Jumaah. Enya, sakalieun poé Jumaah mah warung sok ditutup, sabab Eulis indit ka pangaosan.
Sanggeus jonngjon ngararabikeun Tikeu, ayeuna Andri, anak nu kadua geus nyantek deui pijodoeunana. Tadi beurang datang ka dieu jeung kabogohna.
“Andri ka dieu téh badé ngenalkeun Aineu, sakantenan aya picarioseun ka Papap,” Andri ngarérét ka mojang rancunit gédéngeunana. “Aineu mah antosan di dieu,” pokna deui, jung nangtung, leungeunna ngagupay ka kuring. Awak hideng ngajungjung, leumpang nuturkeun Andri nu terus nérékél ka loténg. Gék diuk papahareup. Beungeut budak dipencrong, katangén bangun ngemu kabingung. Aya naon, karah?
“Pap, Aineu téh réréncangan kuliah, panggeulisna di Kampus. Seueur pameget nu kapincut, tapi anjeunna malah milih Andri. Aineu ngajak nikah sasih payun, maharna nyuhunkeun logam mulia saratus gram sareng artos saratus juta. Wayahna, mobil Papap kedah diical, apanan kénging mésér waktos Papap masih ngahiji sareng Mamah. Plis Pap, pliiiis.” Andri nyarita norostos.
“Ari duit gajih dikamanakeun?” nanya téh rada nyengor.
“Teu cekap atuh, Pap. Apanan nikah téh sanés mayar mahar wungkul, kanggo waragad hajat ogé kedah masihan. Andri abot, Paaaaap,” panon budak molotot, beungeutna euceuy.
Napsu nyedek tanaga midek. Jéngkat indit, teu maliré budak nu olohok nahan kakeuheul.
Turun ti loténg asa napak asa henteu, koloyong ka kamar, maksud téh rék ngadon ngagolér sakeudeung, itung-itung nengtremkeun pikir. Mun langsung nyampeurkeun piminantueun ka rohangan tamu, bisi teu kuat nahan amarah, inggis témbong paroman goréng. Karék nepi kana panto, kapireng Eulis keur nyarita dina telepon.
“Nu bener Irfan, naha enya Bapa ayeuna aya di imah Tantan? Ti iraha pipisahan jeung pamajikanana?”
Meg, dada asa ditonjok. Neger-neger haté, suku ngaléngkah balik deui ka rohangan tamu. Asa mending kénéh ngadéngé kekecapan Andri nitah ngajual mobil, batan ngadéngé béja popotongan Eulis geus pipisahan jeung pamajikanana.
“Teu acan kulem, Kang?” Eulis ngulisik bari gigisik. Halisna kerung, panonna mencrong, bangun kagéteun nangénan salakina keur ngaheruk. Rét kana jam nu naplok na témbok, tabuh tilu leuwih dua puluh menit. Awak ngagebeg, karék sadar ngalamun kalalanjonan.
“Akang teu damang?” deui-deui Eulis nanya.
“Hoyong ka jamban,” walon téh akon-akon.
“Hayu,” cenah bari ngoréjat hudang, leungeunna meulit kana cangkéng.
“Teu kedah dijajap, tiasa nyalira,” awak ngajungjung. Eulis morosotkeun leungeunna.
“Leres, bade nyalira? Kadé ati-ati, bilih geubis,” pokna bari terus ngagolédag deui.
Leumpang lalaunan muru kamar mandi, rap maké sendal. Méméh muka panto, nyelang ngalieuk ka tukang, horéng nu keur ngagoléhé téh nyérangkeun. Biwir maksakeun imut, dapon nu keur neuteup sugema haténa.
Sup ka kamar mandi, sanggeus nutupkeun panto, gék dina klosét.
Ingetan balik deui kana kajadian poé kamari. Mun mobil dijual, meureun moal boga kendaraan keur indit-inditan jauh. Rapat bulanan ka kota jeung nganteur Eulis balanja ka Pasar, kudu ngawayahnakeun nyéwa mobil umum. Teu tararuman! Rask ka Andri nu cenah rék rarabi jeung Aineu. Pikiran ngadadak kumalayang ngimeutan lalakon puluhan taun katukang, basa rumah tangga jeung Liani nu sasat ngusap birit bari indit, alatan nu jadi salaki teu meunang harta warisan.
Apanan Aineu gé béntang kampus, tangtu pangadatanana moal jauh ti Liani. Naha atuh Andri téh bet nurutan Bapa? Karasa kénéh nyeri peurihna dipangkaburkeun ku pamajikan téh, kahayang mah ulah turun ka anak incu.
Ras kana obrolan Eulis dina telepon tadi beurang, majar popotonganana geus pipisahan jeung pamajikanana, kalayan ayeuna aya di imah Tantan. Boa-boa rék ngajakan balik deui ka Eulis? Naha Eulis baris daékeun? Tangtu wé daékeun mah, kasebutna cinta munggaran.
“Kang, lami-lami teuing di jamban téh,” Eulis ngetrokan panto.
Ambéh teu katohyan ka acai ukur ngadon ngalamun, leungeun hideng ngaragamang mencét tombol klosét. Gulujur sora cai. Lalaunan awak nguniang, blak muka panto, kasampak Eulis keur ngajanteng dina lawang. Deui-deui leungeunna nyangkéh cangkéng, leumpang bareng muru pangsaréan. Golédag ngedeng, laju disimbut. Ayeuna mah tibalik, jadi kuring nu ngagolér, Eulis nu ngaheruk.
“Akang téh teu damang?”
“Eulis nyaah ka Akang?”
“Karaosna kumaha?”
“Eulis badé ngadangukeun cariosan Akang?”
“Nyarios naon?”
Paralak sakur kajadian poé kamari dicaritakeun satarabasna, kumaha ngenesna dititah ngajual mobil ku Andri, hariwang ku polah piminantueun nu méré tanjakan sakitu beuratna.
“Leuh, atuh nu kitu-kitu baé mah teu kedah janten émutan, tabungan Eulis gé boa tos aya sakalieun mésér mobil waé mah. Wios mobil tilas ogé. Perkawis Aineu aya pamundut, henteu lepat, dungakeun wé Andri sing gampil rejekina,” Eulis nyaritana datar.
“Saleresna nu janten ganjelan kanggo Akang dugi ka sawewengi teu tiasa mondok mah nguping obrolan Eulis sareng Irfan dina telepon. Eulis moal ngantunkeun Akang? Eulis moal mulih deui ka popotongan? Eulis moal…..,” nyarita ngarandeg, kapegat ku sora adan nu raéng ti saban masigit.***
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2764.