Anita Rohani
Lar, aya babaturan kantor ngalalar. Sieun disangka teu gawé, api-api kuring muka laptop.
“Bonjour, Vous allez bien?” cenah ngawilujengkeun jeung nanya kabar.
“Bonjour. Ca va. Et vous?” témbal kuring nyebut yén kaayaan kuring ca va alias teu kunanaon. Laju manéhna unggeuk tuluy indit bari némbongkeun pasemon semu nu héran.
Ti isuk-isuk pagawéan taya nu dikeureuyeuh da pikiran keur teu ka dinya. Pangangguran ningalian galéri foto-foto lawas. Teu kahaja bet kabuka file foto keur poéan kawin di hiji katédral agréng. Kuring jeung Celia ngadeg hareupeun altar katémbong bungah kacida. Dina foto séjén kuring jeung manéhna pateuteup geugeut bari patukeur imut. Bagja pisan. Karasa kénéh nepi ka ayeuna gé, kumaha bagjana kuring harita. Basa kuring kadua Celia mimiti hirup babarengan, taya poé nu kalarung iwal dieusian ku seuseurian silih gonjak. Patangkeup, silih rangkul, patukeur cium di mana waé kumaha hayangna. Enya baheula, méméh aya Pierre.
Kakara tujuh bulan kuring jeung Celia boga Pierre. Pierre nu lucu, Pierre nu kasép. Awalna kuring gé jol nyaah ka manéhna. Mun ceuk urang dieu mah L’amour coup de foudre katresna dina teuteupan nu munggaran. Celia mah nepi ka eureun digawé. Rék fokus ngurus Pierre cenah. Najan manglebarkeun, nya ahirna mah kuring teu bisa ngahulag. Da niat boga Pierre téh geus dibadamikeun tur paheut saméméhna.
Tapi beuki dieu, sikep Celia ka kuring jadi béda. Bangunna mah pédah riweuh ngurus Pierre. Isuk-isuk méméh indit gawé geus tara mangnyieunkeun kopi. Sumawonna nyiapkeun baju mah. Atuh kuring gé nu biasa dikawulaan jadi ngarumas. Mindeng pisan indit ka kantor teu kararaban cai-cai acan. Baju gé nu ngagantung wé dipaké deui. Cara poé ayeuna.
Rék teu ambek kumaha? Peuting saméméhna, balik ngantor kuring teu kabagéan tempat saré, da Celia geus tibra bari nanangkeup Pierre. Ngawayahnakeun, golédag kuring ngagolér dina korsi sofa hareupeun TV. Guling gasahan ku teu biasa, jararauh pitunduheun. Nyel jadi keuheul.
Tadi isuk méméh indit ka kantor kuring rada nyereng.
“Cik atuh salaki can balik gawé téh tungguan. Pan batur téh capé jaba lapar kahayang mah dikawulaan atawa minimal dibaturan. Ari ieu kalah tibra bari teu méré tempat keur ngagolér. Ulah diogo teuing atuh si Pierre téh da Papa gé…” acan parat nyarita téh manéhna kaburu motong bari malik nyentak.
“Kumaha? Maksudna Mama di imah teu barang gawé? Na saha nu bébérés imah, nyeuseuhan baju, ngumbah wadah. Jaba bari ngurus Pierre. Ulah ngagampangkeun. Geus teu jaman lah lalaki rasa manéh pédah nu néangan duit. Naha teu kungsi ngadéngé émansipasi wanoja? Kuring gé bisa néangan duit sorangan. Komo bari timburu ka Pierre pédah saré jeung kuring. Geus ngaleuwihan batas tah omongan téh!”
Jol leungit piomongeun. Panon molotot teu ngiceup-ngiceup. Celia tuluy asup ka kamar, jeung Pierre.
Naha jadi ka dinya léokna, los-los kana émansipasi wanoja. Teu pira kuring ngan saukur hayang diperhatikeun. Ulah ngan ngurus si Pierre wéh. Ambek nyedek tanaga midek, loba nu hayang dikedalkeun tapi teu dibéré kasempetan. Léos indit ka kantor bari ngajeblagkeun panto.
File-file foto ditutup, bréh téh kaluar kaca internét; google. Rék néangan nanaon gé kiwari mah bakal kapanggih di dinya. Leungeun ngetik dina keyboard nuliskeun hiji alamat situs balanja online. Sagala gampang kiwari mah. Hayang meuli nanaon bisa ditéangan rék ti nagara mana waé ogé. Sakali klik, réngsé prosés barang beuli kari nungguan barangna datang.
“Kabagjaan gé ayeuna mah bisa ditéangan dina internet,” ceuk kuring bari seuri tarik. Koréjat kuring reuwas tur kukurayeun ngadéngé sora seuri kuring nu silung.
Laptop pareum, bréh katingali beungeut sorangan némbongan tina layar. Tangtungan saha éta? Buuk acak-acakan jaba kumis jeung janggot can dicukur. Baju geus dua poé teu disalin. Dipapaés ku roman anu reueuk. Paingan tadi babaturan kantor siga nu héran ningali kuring. Tétéla kaayaan kuring jauh tina ca va.
Laptop ditutupan satarikna. Jung cengkat, tuluy balik ka imah.
“Jawab atuh!” sok kesel ari geus kieu téh, hararésé ngobrol jeung nu keur maén hapé mah. Ceulina teuing keur aya di mana. Da sakumaha tarik gé nu nanya teu ieuh didéngé. Mun geus rada nyeuneu, kakara wéh tanggah. Kawas ayeuna..
“Naon?” cenah. Ngan sakecap-kecapna. Boro-boro bungah ningali salaki balik gawé téh pananyana gé teu dijawab-jawab acan.
“Teuing ah, geus poho deui nanya naonna gé,” ceuk kuring bari meubeutkeun manéh kana korsi sofa.
“Ih mani gampang ambek, pira gé kitu,” pokna bari ngésérkeun diuk ngadeukeutan kuring. “Yeuh tingali ku Papa, Mama keur macaan postingan tips Tumbuh Kembang. Keur Pierre, anak urang. Mama kakara jadi la mére matak kudu loba diajar,” pokna bari ngasongkeun hapé.
Pierre deui, karasa aya nu nyongkab dina dada. Leng kuring ngahuleng, ngasakeun deui rencana nu geus lila dipikiran.
“Pa.. naha jadi ngahuleng. Tadi téh rék naros naon?” cenah ceuk Celia ngagareuwahkeun lamunan kuring.
“Paket. Papa keur nungguan pakét. Aya nu ngajajapkeun teu?”
“Oh éta, aya. Tuh disimpen na luhureun méja. Mésér naon sih?” pokna nanya bari nuduhkeun bungkusan coklat leutik ku gadona.
“Ah henteu,” témbal kuring pondok bari jung cengkat rék muka pakét nu geus dibeuli. Celia ngan saukur ngangkat dua taktakna bari tuluy anteng deui kana hapé.
Éta pakét dibawa ka kamar laju dibuka. Goréhél katingali kardus bodas merkna maké tulisan Cina. Barang dibuka aya botol kaca leutik eusi cairan pulas beureum. Kuniang kuring nangtung laju indit ka dapur néangan dus wadah dahareun Pierre. Keur kakaratak kana lomari, gebeg kuring reuwas asa leungit pangacian basa kadéngé Celia ngagorowok.
“Pierre… Pierre… Allez bien!” cenah ngageroan si Pierre supaya datang, teu lila kadéngé deui sora si Pierre ngagogog lumpat tuluy luncat kana lahunan Celia. Kaciptana téh ayeuna keur ngalétakan beungeutna. ***
Mantes-La-Jolie, Desember 2019.
Katerangan:
Carpon Pierre karya Anita Rohani kantos medal di Manglé No. 2763.