Unggal libur sakola, sok betah ngadon reureuh di lembur. Sanajan dicaram gé ku kolot, ih nerejel wé maksa. Keur leutik éta mah basa kuring keur sakola kénéh di SD. Bisi ngariweuhkeun nu kaanjangan. Kawantu di lembur téh kantun aki sabeulah, dibaturan ku Mang Sa’in panyawah, nini tos lami ngantunkeun. Ka dieunakeun geus SMA, malah dijurungkeun liburan téh bari nalingakeun aki, sabot Mang Sa’in keur ka sawah. Kahayang gé kitu, da mun seug teu diwidian bisa indit sorangan, moal melangeun kawas baheula kolot gé. Ieu kaalaman basa harita taun 1983 ngalap élmu di bangku SMA.
Nu kaimpleng ari nyaba ka lembur téh, siduru hareupeun hawu bari ngasur-ngasur seuneu. Meuleum lauk dina ruhay, sangu akeul kana dulang, jeung mandi di pancuran lebakkeun bumi aki. Resep ngala lauk di balong sakahayang, aki tara gurah-geureuh. Rék diuseupan atawa diancruban maké susug kari daékna baé. Ngan palebah mandi kapancuran mah dicaram. Ongkoh reueuk ku pihujaneun harita téh. Salian ti jauh jaba ngantay méh salembur tumplek marandina, ka dinya.
“Wayahna, di dieu mah moal cara di kota. Dahareun saayanna,” Pokna.
“Sawios raos ki, sagala nyampak henteu kedah mésér,” cék kuring bari mulak-malik beuleum lauk, kacipta ni’matna didahar jeung sangu haneut.
“Mandi di dieu waé bisi hujan, tuh sarung nu beresih dina sasampayan!” Saur aki bari ngojéngkang nyandak kopéah, nu dikaitkeun dina paku.
Solat juma’ah, sok awal ka masjidna aki mah ambéh nyalsé wiridan, henteu ka rurusuh ku waktu adan. Leungeun metot sarung nu nyampay, enya kamar mandi laluasa, tapi asa mending ka pancuran, meungpeung keur nyaba ka lembur. Di imah mah mindeng manjur awak ku sower gé. Anduk dikongkoyangkeun kana taktak, maké singlét, kahandapna ukur disamping sarung, taya pakéan jero. Leungeun katuhu ngajingjing wadah sabun, sapuratina.
Enya gé mindeng ulin ka lembur, tapi ka pancuran mah kakara ayeuna. Jalanna nurugtug, pasarandog jeung nu tas marandi. Awéwé teu laléngoh ngélék boboko jeung émbér dijingjing. Cai pancuran téh aya tilu, dipindingan ku bilik. Mandi nungguan giliran, mun nu tiheula anggeus kakara diaplus. Kitu jeung kitu wé taya towongna. Paragi mandi awéwé ngan disekat ku gedeg satangtung.
“Jang, énggal lebet! Iraha ngantosan lowong mah. Komo ayeuna dinten juma’ah,” Cék lalaki nu nangtung tukangeun.
Agag-agagan ngudar sarung, kawantu kakara rék mandi di tampian. Najan dipindingan gé angger inggis katénjo ku nu lian. Gentak cingogo. Kawas saméméh blus, nu marandi téh euweuh ka ragab tingbalagadar, da geus biasa kawasna. Réngsé mandi gentak ngarawél sarung, beuki dieu tambah ngantay nu kacarai téh. Teu ku hanteu hujan miripis, anduk disoléndang leungeun kénca nyekel wadah sabun.
Bari ka luar ti tampian, sarung diharudumkeun, leumpang mapay jalan anu tadi. Hujan angger miripis jalma-jalma nu ngajaranteng nungguan, nepi ka nyéngléd, ngiuhan handapeun tatangkalan, nu rajeg sabudeureun pancuran. Leumpang ngajigjrig semu lumpat, leungeun katuhu nyekel sarung pageuh lebah beuheung, ambéh teu udar. Sakur jalma nu kaliwatan kolot budak tingrarérét, geus kitu ngabalieus bangun aya nu teu lumrah katénjo. Pasanggrok jeung abrulan awéwé rék ka carai, kitu deui tingséréngéh bari mareungpeunan beungeutna, kituna téh silih sigeung jeung baturna. Key deui sareuri.
Tapi jongjon wé ngajigjrig hayang buru-buru nepi ka imah aki. Ti tonggoh aya kana genepanana barudak lalaki pantaran kuring marudun, sarua rék marandi ka pancuran. Barang srog paamprok, ujug-ujug tingbarakatak, kawas nu di komando deuih mani ragem ngaromong.
“Kany éta man, bulunna lémpés kahujanan. Karunya murungkut katirisan!” cenah. Bari marudun angger tingbarakatak.
Hujan beuki ngerepan di buruan nyampak Mang Sa’in, dipayung rék ka masjid. Manéhna ngabalieur bari ngomong.
“Cép, disarungna luhur teuing betot ka handap!” Kuring henteu ngawaro gentak labas ka imah, rék ngudar sarung. Paingan sajajalan karasa tiis hehelewiran, poho ngaharudumkeunana luhur teuing antukna kabetot. Ka handap nyemplong teu katuruban. ***
Ajat Sudrajat
Rancakendal – Rancaekek