Reueusna di Dieu
Opan mindeng pikaseurieun. Kalakuanana anu pikaseurieun. Pikaseurieun pikeun sobat-sobatna. Kamari basa keur diajar ngagambar, Opan maké patlot anu geus pondok. Patlot anu panjangna ngan 4 cm.
“Patlot pondok masih dipaké,” ceuk Ajib, batur sabangkuna.
“Lebar. Patlot panimu kamari,” témbal Opan.
Ajib seuri maur. Pokna, “Ngirit pisan hirup téh. Sakitu kolot beunghar. Patlot pondok mah piceuneun, lain nimu dipulung.”
“Ah, lain perkara beunghar atawa miskin. Patlot téh dijieunna tina kai. Urang kudu ngirit maké barang anu bahanna kai ngarah bisa ngurangan leuweung anu bulistir. Ngalestarikeun leuweung.”
Ajib ngabarakatak ayeuna mah. Ngalestarikeun leuweung ku ngirit patlot? Babaturan sakelasna patingbarakatak basa Ajib ngadongéngkeun kalakuan ahéng Opan.
Tapi Opan henteu pundung ku diseungseurikeun. Sikepna malah beuki pengkuh. Maké buku tulis nepi ka kaca panungtung, lantaran keretas ogé dijieunna tina kai.
“Opan, naon anu dilakukeun ku manéh téh moal aya hartina,” ceuk Rojak basa istirahat. “Ngirit patlot, ngirit keretas, sarua jeung melak jukut, satangkal jukut, di sagara keusik satungtung deuleu, anu legana henteu kaukur. Moal aya hartina.”
“Anu bisa dilakukeun ku Opan ayeuna apan ngan ieu,” ceuk Opan. “Coba lamun Rojak ogé miluan ngirit patlot jeung keretas, meureun jadi dua tangkal tah jukut di sagara keusik téh. Lamun Ajib, Andri, Eros, Tita, jeung batur sakelas séjénna, atawa sakabéh murid di SD urang, komo lamun sakabéh murid SD sa-Indonésia, ngaririt patlot jeung keretas ogé, sabaraha tangkal jukut tah? Pasti aya hartina.”
Rojak seuri. Tapi Ajib, Andri, Nana, anu biasana miluan nyaleungseurikeun, ngadon silihpelong. Duka boseneun nyeungseurikeun. Duka mimiti ngarti atawa kataji ku pamanggih Opan.
“Tapi kuring mah, ti sababaraha poé katukang, enya-enya kataji ku pamadegan Opan. Matakna kuring ogé ngumpulkeun koran urut anu numpuk jeung patulayah di imah. Daripada jadi runtah, mending dijual ka tukang rongsok ngarah didaur-ulang,” ceuk Ajib.
“Naon hartina keur leuweung bulistir anu legana terus nambahan, Jib?” ceuk Rojak bari seuri.
“Coba bayangkeun, lamun Ajib, Nana, Rojak, batur-batur sakelas urang, murid sa-SD urang, murid SD sa-Indonesia, murid SD sa-dunia, mariluan ngarumpulkeun koran urut jeung runtah keretas séjénna; pasti gedé mangpaatna,” ceuk Andri nurutan Opan.
Saréréa sareuri. (lajengkeuneun)
Kintunan:
Mang Yus – Sumedang
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2772.