Salah Nyabut
Opat rumaja ngariung keur mabar. Aya nu sabari dicas hapéna téh. Panon mencrong kana hapéna séwang-séwangan, bari biwir mah bacéo.
Riki: “Halik éta mah ku urang”.
Awan: “Cul rajana urang hanca, tuman!”
Diki mah rada kalem. Masih bisa miroséa nu séjénna. Manéhna ningali batéré hapéna geus pinuh. Laju dicabut casan téh.
Riki: Éh naha pareum!” Riki rarat-rérét, ningali casanna henteu nyolok kana terminal. “Diki ari manéh bet nyabut casan nu urang?”
Diki: “Ch heueuh, salah nyabut. Hampura…”
Awan: “Riki, ka mana manéh? Ieu bantuan loba musuh!”
Riki: “Bantuan naon, hapéna gé pareum!”
Suhérman Danapraja
Solokanjeruk, Kab. Bandung
Résolusi Duit
Harun geus paheut kana tanggal nu dipasinikeun. Tapi Réndi mah masih poék, iraha deuk kawinna.
Harun: “Rén, geus taun 2020 yeuh, iraha kawin?”
Réndi: “Nyéta urang mah hubungan jeung sasaha gé bakal gagal.”
Harun: “Naon sababna?”
Réndi: “Duit! Rék bobogohan jeung awéwé nu kumaha gé angger teu boga duit mah moal bisa kawin.”
Harun: “Kudu sing getol gawéna méh boga duit loba.”
Réndi: “Lain, aya cara nu leuwih matih.”
Harun: “Naon tah?”
Réndi: “Néangan randa beunghar!”
Suhérman Danapraja
Solokanjeruk, Kab. Bandung
Domba Hago
Otang kabawakeun nyandu kana game. Maén Hago sési ngadu domba. Nepi ka poho yén manéhna téh geus umuran tapi can kawin waé. Dasimah nyureng ku pamolah Otang.
Dasimah: “Otang, manéh téh maén hapé waé lain geura gawé jeung néangan awéwé.”
Otang: “Da dina maén Hago gé bisa wawuh jeung awéwé, bisa meunang duit deuih.”
Dasimah: “Terus mun panggih jeung awéwé, rék maskawinna ku naon?”
Otang: “Domba Hago!”
Sudirman Disastra
Kawali, Kab. Ciamis
Mondok
Sakalieun mondok di imah babaturan. Leumpang lalaunan, keketeyepan da bisi ngagareuwahkeun atawa ngagandengan nu boga imah. Na ari waktu babaturan ulin ka imah kuring.
“Punten… Jang Acidna aya!” can nanaon babaturan teh geus gogorowokan.
Barang panto dibuka, langsung lajag-lejeg, ngomong jejelebetan tarik naker, mun sakalieun aya nu pikaseurieun, seuri ngabarakatak bangun nu ngeunah naker.
Acid Rahmat – Bandung
Tepung Taun
Dua urang jalma keur paguntreng ngeunaan tepung taunna jelema nu lahir tanggal 29 Februari.
“Karunya nu lahirna tanggal 29 Februari mah.”
“Karunya kumaha?”
“Geura tingali dina kalender maneh dina hape. Tanggal 29 Februari mah ayana ngan opat taun sakali, hartina ulang taunna oge opat taun sakali.”
“Bae atuh, meh awet kueh ulang taun jeung teu kudu direuah-reuah.”
“Enya eta oge, ngan karunya nu mere kado ulang taunna oge opat taun sakali!”
Acid Rahmat – Bandung
Hudang Sare
Unggal peuting oge teu weleh bagadang. Siga peuting ayeuna. Beres bagadang, subuh-subuh tuluy ka cai. Ka luar ti cai, panggih jeung kolot.
“Wah, sisinarieun hudang subuh, Jang?” ceuk pun bapa.
Kuring neureuy ciduh. “Lain hudang subuh, Pa, tapi ieu mah karek oge rek sare!” cekeng teh nembalan, tapi dina hate.
Dadi Sumanta
Tanjungsari – Sumedang
Hape Canggih
“Bener nya hape teh canggih pisan ayeuna mah. Beuki dieu teh asa beuki maju jaman teh.”
“Kumaha kitu buktina?”
“Apan baheula mah geuning lamun sakalieun narima 10 sms teh dina jero waktu samenit.”
“Ari ayeuna?”
“Ayeuna mah da geus modern tea, dina jero samenit teh bisa narima 10 sms.”
“Ke ke ke?”
Dadi Sumanta
Tanjungsari – Sumedang