Sértifikat Kawin
Dua lalaki jomblo keur uleng mikiran rék medalna aturan anyar. Aturan mun kawin téh kudu boga sértifikat. Atuh beuki wegah wé keur Awan jeung Engkus mah.
Engkus: “Wan kumaha kawin téh kudu boga sértifikat?”
Awan: “ Heueuh nya tapi keur naon mikiran sértifikat da awéwéna gé can boga,”
Engkus: “Keun ari kituna mah. Ngan naon maksudna maké kudu disértifikatan?”
Awan: “Éta téh bukti kanyaah pamaréntah.”
Engkus: “Lah sok ngaco. Kanyaah ti endi?”
Awan: “Lain heureuy, mun boga sértifikat kawin mah, di mana henteu kabeuli béas, sértifikatna bisa digadékeun.”
Ujang Somantri
Sindangkerta, Bandung Barat
Manglé 62 Taun
Rian jeung Riki téh ngalanggan majalah Manglé. Bubuhan duanana getol nulis. Nya basa umur Manglé nincak ka 62 taun téh duanana gé bangun bungah.
Rian: “Bungah euy uingah, bisa ngeusian rubrik barakatak di Manglé.”
Riki: “Komo kuring, kungsi méjéng dina sampul Manglé Rumaja.”
Rian: “Lantaran medalna di Manglé, jadi daék wé ngampihan beungeut manéh.”
Riki: “Baé atuh ulah ngumpulkeun sekar Manglé waé da percuma.”
Rian: “Naha percuma?”
Riki: “Da moal aya nu bogoheun ka manéh!”
Ujang Sobarna
Padalarang, Bandung Barat
Ulang Taun
Taun ieu Mangle panceg umur 62 taun. Direuah-reuah di Gedung Sate bareng jeung Bapa Gubernur. Adil: “Alhamdulillah nya, taun ieu mah Mangle hajatna di Gedung Sate!”
Bobi: “Enya puguh. Konsumsina oge pasti geus jaminan!”
Adil: “Konsumsi pasti jaminan kumaha?”
Bobi: “Enya, pastina jeung sate ari di Gedung Sate mah pan? Piraku di gedung sate tapi konsumsina jeung soto, pan teu nyambung?”
Adil: “Maneh mah kana baranghakan wae nu dipikiran the, lain ngawilujengkeunn ka nu tepung taun!”
Dani Mayo – Garut
62 Taun
Adil: “Mun lalaki atawa awewe mah, umur 62 taun the pastina geus pareot jeung mimiti cetuk huis.”
Bobi: “Tapi sejen deui jeung Nyi Mangle mah nya? Dina umur 62 taun ieu majalah kareueus urang Sunda asa beuki geulis rancunit.”
Adil: “Enya puguh. Pamajikan oge ngidinan kuring ngadua hate ka Nyi Mangle mah. Matak unggal poe Kemis the pasti wae diarep-arep. Mun agen nepi ka elat atawa poho nganteurkeun Nyi Mangle ka imah the, geus pasti wae nyeri beuheung sosonggeteun.”
Bobi: “Wilujeng Nyi Mangle. Pamugi apanjang apunjung. Teu hilap oge pamugi sing aya indung bapa nu mere ngaran budak awewena Mangle!”
Adil: “Har, nya naha?”
Bobi: “Apan ngarah diwidian ngadua hate ka Nyi Mangle!”
Dani Mayo – Garut
Panyakit
Sakapeungmah sok rada helok ku jaman kiwari, aya ku rupa-rupa pisan ngaran panyakit nu ngalibetken ngaran sasatoan teh, aya flu burung, kaki gajah, anjing gila, jeung rea-rea deui. Nu jadi pertanyaan, naha aya panyakit rorombeheun atawa kutil jalma di sato? Urang tarungguan we hasil panalungtikan ti para sato, beu ??!!
Dede Iskandar N
Ciawi – Tasikmalaya
Tarjamaahan
Babaturan kuring urang Medan pituin, sumanget pisan diajar basa sunda, sagal rupa naon wae tutulisan ditarjahmkeun, kasup narjamahkeun sepanduk nu unina : “Jagalah Kesehatan, hati-hati jangan sampai anda terkena penyakit flu burung, kaki gajah atau anjing gila”. Hasil tarjamahna jadina kieu “Jagi Kasehatan, ati-ati ulah dugi saderek ka keunaan panyawat, salesma manuk, sampean gajah atanapi gogog edan”
Untung we manehna teu narjamahkeun “HIDUNG”, bisa-bisa hasila “bumi korong……..??!”
Dede Iskandar N
Ciawi – Tasikmalaya
Pengamat
Abay : “Pengamat diurang mah sok asa teu puguh, keur pertandingan maen bal ger nyarita jorang”
Koko : “Jorang kumaha Bay..?”
Abay :”Geura weh basa Persib lawan Persija, pengamat nyarita kieu : “…….dengan dipasangkannya Atep dan Ferdinan Sinaga di lini depan, akan menjadi momok bagi lawan……..”
Koko : “ Ah…dasar teu nyakola ente mah”
Dede Iskandar N
Ciawi – Tasikmalaya