Nasution Co

Tumbal-Tumbal Cadas Pangeran (3)

Ku Ensa Wiarna

(Bagian ka-3) /2653

Santri nu mulangna pandeuri harita téh, Ny Laras, Ki Sapta, jeung Ki Warya, kapi adina Den Rahmat. Arinyana téh urang Pasir Gantung, maratuhna di uwana, Abah Darma. Najan ka uwa, nyarebutna téh abah, atuh ka uwa istri nyebutna téh Ambu. Lantaran, ti leuleutik dirorok ku uwana téa.

Ti harita, Uda ngarasa di lembur téh nunggelis. Teu aya nu bisa dikumahaan, iwal ti Mama Rauf. Matak, mun nyalsé, panglumptan téh ka pasantrén. Ukur ngobrol, nyaritakeun kaayaan nu keur karandapan ku rahayat palemburan. 

“Emh… mudah-mudahan wé aranjeunna  gancang deui marulang,”  ceuk  Uda ngomong kawas ditujukeun ka dirina.

Lima bulan ti saprak indit, mun lungsur langsar, genep nincak bulan ka tujuh gé geus baralik deui. Inyana miharep Dén Rahmat saparakanca metakeun tarékah geusan milu ngahampangkeun bangbaluh rahayat. Ki Uda gé percaya, mun sobatna ngadéngé loba pihak nu mimiti daék némbongkeun kanyaahna ka rahayat, Dén Rahmat sabatur-batur gé piraku teu metakeun tarékah. Apan kaludeung Uda nyuluran lakon gawé pihak séjén gé, sasat kasundut sumanget ku sobatna.

“Tibatan maksa nu teu kadugaeun, hadéna mah para nonoman nu jaragjag nu kudu nyuluran,” kitu ceuk Den Rahmat basa ngadéngé aya aki-aki nu dipaksa miang ka tempat lakon gawé.

Dén Rahmat, Dén Jahir, jeung Dén Sukma,  teureuh santana. Sabenerna mah, tara daékeun disebut radén atawa dén. Kahayangna mah di sebut téh Ki Rahamat. Matak, di antara para ménak mah, silih sebut téh Ki Jahir, Ki Wira, Ki Rahmat, kawas ka  Yuda wé, nyebutana  Ki Uda. Tapi, ari Uda mah, asa teu wani mun ka Rahmat teu make den mah, da apal sungapanana.  

Karep Ki Uda ngabélaan rahayat kawas batur, can manggih jalan. Ukur kakar bisa mangnyulurankeun  nu teu bisa lakon gawé dina waktuna. Kajeun sababara kali, teu jadi sual. Kulawargana, kaasup bojona, santrina Mama Rauf  gé,  nyaluyuan.  

Ki Uda teu weléh guligah. Karepna hayang mélaan nu katideresa, teu bisa majar kumaha. Inyana hayang pisan apal ka pihak-pihak nu némbongkeun kaludeungna ngalawan kumpeni.  Da, ceuk obolan waktu lakon gawé, di séjén tempat gé sok aya kumpeni, upas, jeung mandor nu katibanan sumpit jeung panah. Kituna téh, lain ukur di tempat lakon gawé, tapi deuih di palemburan. Ceuk sakaol nu jadi sasaran sumpit jeung jamparing teh pihak-pihak nu dianggap ngarugikeun jeung nganyerikeun rahayat, saperti  kumpeni, upas, jeung mandor.

Kakara ngadéngé béja kawas kitu gé, Uda bungah. Mun apal mah, dirina gé hayang ngagabung. Sakadar metakeun sumpit jeung jamparing mah bisa, najan teu mahér kawas Dén Rahmat, Dén Rangga, Dén Sukma,  Ki Jahir atawa Nyi Laras gé.

Ngarasa teugenah hate, Ki Uda urang Tegalluar, ahirna mah sakulawarga pindah ka lingkungan pasantrén, ka lembur beulah kulon nu paeunteung-eunteung jeung kampungna.  Bojona sina mantuan Ambu Siti ngawurukan ngaji santri awéwé. Ajengan gé atoheun pisan, da butuh ku nu mantuan.

Uda mah babantu di ajengan. Purah ka huma, ka kebon, jeung ka balong. Ngurus pakaya ajengan nu teu gaduh putra.  Mun keur nyalsé, pangpangna mah bada isa, sok ngahaja ngawarangkong jeung santri-santrina nu asalna ti lembur-lembur sabudeureun wewengkon Bandung.

“Puguh di lembur kula gé keur harénghéng,” ceuk salah saurang santri nu asalna ti Kampung Tegaldatar.

“Na aya kajadian naon deui?”

Derekdek éta santri téh ngadongéngkeun kaayaan lembur. Singgetna mah, loba nu nandangan panyiksa ti usung-ésang bandar kopi. Alatanana, dipaksa kudu ngajual kopi ka éta bandar kalawan harga leuwih murah ti nu biasa. 

Urang lembur teu bisa majar kumaha. Kituna téh,  lantaran dina hiji waktu urang dinya narima tawaran buburuh ngala kopi di kebon Tuan Kawasa atawa kebon kopi bogana urang Walanda. Horéng, nu nitah téh  ngalejokeun, ngarah para kuli téh unggah baléwatangan. Apan, ahirna, urang lembur téh dituding maling kopi.

Rupa-rupa dongeng para santri téh. Lian ti nu matak ketir, karasana ku Ki Uda mah, aya ogé nu némbongkeun enyay-enyay harepan. Cenah, horéng aya pihak-pihak nu boga karep ngabelaan rahayat. Remen kacatur, usung-ésang bandar kopi nu nyata-nyata telenges, balikna  sok aya nu megat. Komo deui mun aya rahayat nu jadi korban katelengesanana, arinyana gé sok kontan aya nu narajang, aya nu nyumpit jeung ngajamparing.

“Atuda jamparing jeung sumpitna gé lain samanéa. Nu kakeunaan ku seuseukeutna,  teu nepi ka maot gé untung, da ruruhitna téh maké racun,” pokna.

Carita-carita kawas kitu, ngahaja ku Uda mah dicatet. Imeut pisan, tempatna, ngaran nu dirogahala, jeung sajabana. Ceuk pikirna,  mun tepung jeung Dén Rahmat saparakanca, éta dongéng téh rék ditepikeun.

Najan nyamuni, aya cenah tanda-tanda mah. Ceuk sakaol, sumpit atawa jamparing téh kawas nu ngiberan. Jamparing jeung sumpit nu nanceb di lembur-lembur téh aya tulisan hurup Arab, jim jeung sin. Uda ngira-ngira pihartieunana, tapi weléh teu timu.

Uda, teu ukur nyatet, da mun keur nyalsé nu kungsi dirogahala ku usung-ésang bandar téh didatangan, ari kadongkang mah. Tara togmol, api-api nanyakeun harega kopi, ngarah lantip. Mun nu didatangan teu curigaeun, kakara dongéng santri téh diobrolkeun ka nu didatangan.

Rahayat dikukuntit ku karisi. Kasangsaranana beuki karasa sanggeus ayana kawajiban lakon gawé. Ketang, lain ukur, diperes tanaga, da teu jarang nu ahirna mah leungiteun pakasabana.

“Di kampung  kula mah, sapuluh kurén kudu pindah lantaran lemburna dipaké jalan. Mangka éta lembur téh kaasup pangkolotna.  Di dinya aya kabuyutan aya astana luluhur urang dinya,” ceuk salah saurang santri.

Lembur-lembur mingkin narik kolot. Padumukna loba nu leungiteun harepan. Komo deui nu nampeu jeung deukeut ka jalan mah, da karoroncodan sagala rupana. Apan,  mun mandor jeung upas béakeun bekel di pangjagaan, tara ka mana jigna, maréntana dahareun téh ka urang lembur.

Nu barangpénta téh tara beunang dipersabenan. Naon waé nu nyampak, rék sangu, rék kulub sampeu moal burung dikerid. Deungeun sanguna gé kitu deui, sakur nu aya mah dibawa. Atuh, batan léngoh, hayam gé dibawa, dipareuncit dibeuleum di tempat rodi. Antukna, nu pangnampeuna nu rugi pisan mah, da soldadu gé ampir unggal poé daratang ka lembur-lembur. Tampolana, naréwakan hanyam!

“Urang lembur mah, digalaksak sagala rupana!” ceuk santri.

“Taya pisan nu ngalawan?” ceuk Uda panonna ngagedur.

“Ngalawan di lembur mah, kalah matak mamala langkung ageung! Tapi, kantos éta gé, soldadu nu mindeng ka lembur téh, aya nu nyumpit di tempat ngajaga. Sanés di lembur,” pokna.

Ki Uda,  ngarenghap panjang. Tina sababaraha béja, kawas aya nu sarua, geus puguh pakarang nu dipakéna mah, tapi deuih sasaranana, kumpeni atawa soldadu Walanda, upas, jeung mandor. Nu tilu kalungguhan bieu, dianggapna ku rahayat mah jadi bibit-buit kasangsaraan.

Leuheung mun ukur barangpénta dahareun,  da deuih teu kaop aya awéwé nu hérang-hérang teu weléh dihéroan. Balukarna, lembur gé jadi harénghéng. Kapaksa barudak awéwé nu geus galedé, sina titirah ka dulur-dulurna nu nyingkur di nu anggag ti éta jalan.

Sawaréh kajeun jauh, dititipkeun di pasantrén. Saperti barudak awéwé nu masantrén di Ajengan Rauf ogé, sawaréh mah, ti lembur-lembur nu deukeut ka jalan nu can anggeus. (Hanca)