Absén Ditagih
Ngadéngé uar pangajak ti Présidén yén keur nyinglar pireus corona kudu caricing di imah téh, Ijah mah atoh. Mémang karesepna ngajéngjéhé. Ngejat sotéh mun aya nu nagih ti Bank Émok. Nita, budakna ngingetan bisi tuluy saré.
Nita: “Ema, kadé ulah kapulesan, bilih aya nu nagih.”
Ijah: “Moal ka dieu! Pan ceuk Présidén gé caricing di imah.”
Nita: “Maksud cicing téh sanés ngajéngjéhé. Dipidamelna di bumi.”
Keur kitu téh Hapé Ijah ngirining. Nomerna euweuh ngaranan. Langsung baé diangkat.
Nu Nelepon: “Punten Bi Ijah, ieu Sulé ti bank, mayar cicilan mah tiasa nganggo Gopay, OVO, atanapi Dana. Kumargi dua minggon mah moal tiasa ka bumi Bi Ijah.”
Ijah langsung nutup telepon: “Lah teu ngalarti teuing gopoy-gopay, ovo-ovi téh. Istirahat satéh dua minggu waé mah!”
Hildan Wibisana – Cipatat, Bandung Barat
Leuwih Pikasieuneun
Sanajan geus dititah cicing di imah salila dua minggu, Junéd mah angger baé indit ngojég. Solihin nu mangmang antara indit jeung cicing jadi panasaran.
Solihin: “Rék ka mana manéh? Lain cicing di imah bisi katerap corona!”
Junéd: “Rék ngojég uing mah, maenya rék nguseup.”
Solihin: “Ulah lingkra ti imah bisi katerap corona. Naha manéh teu sieun?”
Junéd: “Aya rasa sieun mah. Ngan aya nu leuwih pikasieuneun.”
Solihin: “Naon téa?”
Junéd: “Tagihan Bank Émok! Karék inget kana gedéna cicilan gé geus muringkak uing mah!”
Hilman Wirawijaya – Cikajang, Garut
Sieun Corona
Loba nu sieun ku panyakit Corona, lantaran nepi ka kiwari can kapanggih ubarna nu bener-bener matih.
“Aya batur mah nu bener-bener teu kaluar ti imahna!”
“Ah, piraku aya nu kuat teu kaluar imah mah? Pasti kaluar wae minimal ka warung-warung wae mah meureun?”
“Sidik ieu mah henteu. Terus-terusan di imah.”
“Saha jelemana?”
“Eta nu keur nu keur ngarengkol di imah gering alias di rumah sakit, enya nu gering!”
“Hanas didengekeun!”
Rita Maharani – Cikuya, Bandung
Kelas Online
Lantaran sakola di liburkeun, guru tuluy muka kelas online. Lantaran eta guru kakara pisan make aplikasi onlinena, waktu ngamimitian teh ukur aya gambar vidiona, ari sorana mah euweuh.
Guru: “Cing ari ieu naha euweuh soraan, kunaon nya?”
Murid loba nu ngacung hayang mere nyaho. Nu ngajawab pangheulana kalah murid lenger.
Murid: “Gampil Bu, kantung pencet tombol dina keybord laptopna.”
Guru: “Mencet tombol naon?”
Murid: “Alt + F4”
Riyadi Yulianto – Setiabudi, Bandung
Angger Jadi
Meunang béja yén ulah asup kana puseur nu ramé téh matak atoh keur Héru mah. Manéhna ngarasa kanyerina geus katulungan. Sura-seuri waé, Férdi jadi curiga.
Férdi: “Kunaon manéh sura-seuri waé?”
Héri: “Atoh aing mah. Si Évi teu jadi hajatna, lantaran ulah ngayakeun raraméan bisi katerap corona.”
Férdi: “Ceuk saha teu jadi?”
Héri: “Panan ulah sasalaman, ulah ruang-riung, dahar sing apik.”
Férdi: “Nya da moal ruang-riung. Sakur nu datang langsung dibekelan bésék, salamna ti kajauhan. Nikahna mah angger wé jadi.”
Héri: “Oh kitu! Siah sakadang corona sugan téh biluk ka uing!”
Hilda Puspita – Ciranjang, Cianjur