Nasution Co

Angger Boborot Jeung Bedo Ngumbara

ANGGER BOBOROT

Piduabulaneun deui ka jatukrami, Sonadin katingali ngungun. Puguh matak hémeng keur Sodikin mah. Ceuk pikir Sodikin mah, kuduna deuk mungkas lalagasan mah kaciri bungah. Ah, meureun aya nu keur dipikiran.

Sodikin: “Ku naon manéh siga nu ngemu kasusah?”

Sonadin: “Nyéta euy pasualan deuk nikah.”

Sodikin: “Kumaha kitu? Pan geus disatujuan ku dua kulawarga lin?”

Sonadin: “Kulawarga ti awéwé obah putusan.”

Sodikin: “Naon putusanana?”

Sonadin: “Da geus teu corona cenah, jadi kudu nanggap dangdut. Pusing pan aing da tadina rék walimahan wungkul.”

 

Gun Gun Gunadi – Ciranjang, Cianjur

 

BEDO NGUMBARA

Sakur nu deuk ngumbara ka Jakarta, baralik deui da kudu boga Surat Izin Keluar Masuk (SIKM). Atuh Sunardi gé bedo milu ngumbara jeung Sudirman.

Sudirman: “Hampura nya teu bisa mawa manéh ka Jakarta.”

Sunardi: “Teu nanaon. Ngan angger hanjakal pisan.”

Sudirman: “Keun sugan meunang pagawéan di sabudeureun lembur.”

Sunardi: “Sugan atuh, Lur. Ngan angger hanjakal.”

Sudirman: “Naon deui nu manghanjakalkeun?”

Sunardi: “Tungtung Sawal téh pan Néng Yuli kawin, nyéta uing téh hayang nyingkahan éta, embung ngadatangan. Nyeri haté téh.”
 

Gan Gan Barokah – Cimahi


PRAKTEK BASA INGGRIS

Ibro, budak ngora anu kakara sabulan les Basa Inggris, asup ka resto nu sok rame ku turis ti Mancanagara.

Pramuniaga: “Good afternoon. What would you like to order?” 

(Wilujeng siang, bade pesen naon?”)

Ibro: “I would like to order: bread, meat, cheese, bread!”

(“Hayang pesen: roti, daging, kiju, roti!”)

Pramuniaga bingungeun, naon anu dipikahayang ku Ibro: “Punten teu patos ngartos, ku Basa Sunda we atuh!”

Ibro bari rada kukulutus: “Yeuh, urang téh hayang pesen: roti, daging, kiju, roti satangkep!”

Pramuniaga: “Euh, kitu?”

“Tah, lamun rotina buleud, kandel, anu di jerona aya: mayo, daging, kiju, bawang Bongbay, sareng sayuran, namina Burger!”

Ibro: “Lain, lain Burger. Anu dipikahayang mah: roti ipis, pasagi, nu di jerona teh make: mayo, daging, kiju, bisa make tomat, ditumpukan deui ku roti!”

Pramuniaga bari seuri: “Euhhh, atuh eta mah sandwich!”

Ibro: “Tah, eta…., bener, urang pesen sandwich, lah!”

Pramuniaga: “Ngaleueutna naon?”

Ibro: “Nu gampang we, susu soda!”

Pramuniaga: “Nganggo ES?”

Ibro: “Nya heueuh, atuh teu make ES mah atuh ngaranna jadi UU ODA!”

 

Andang S. Poeraatmadja – Jl. Mujaer Kaler No. 29, Bandung

 

GRUP NARAKA

Mang Ano : “Dosa naon nya, eta pemaen Jerman, Perancis, Portugal cenah isukan bakal asup naraka?”

Ujang : “Emang ceuk saha???”

Mang ano : “Peuting ngadenge saliwat jang, dina berita olahraga..”

Ujang : “Oooh… lain asup naraka mang, eta mah isukan dina Piala Eropa asup grup naraka, dina sagrup teh nu aralus hungkul!

Mang ano : “Oh, ari sugan teh…”

 

Andri

Sukarame – Kota Banjar

 

Balap Lumpat

Kuya jeung peucang rek balap lumpat disaksian ku monyet.

Monyet : “Kumaha geus siap ieu teh?”

Kuya : “Siap lah..!”

Peucang : “Komo uing mah siap ti taun kamari ge!!!”

Monyet : “Sok… diitung nepi ka tilu. Hiji.., dua.., tilu !!!” 

Beretek peucang lumpat tarik naker, kuya mah sameter ge can nepi. teu lila kuya nu pang heulana nepi ka garis pinis.

Monyet : “Hebat euy, silaing nu menang. Jalan mana? malidkeun karep ka walungan???”

Kuya : “Baheula atuh eta mah euy, bieu mah uing kana grab mayar sapuluh rebu!!!”

Monyet : “Oh heueuh nya, jaman onlen ayeuna mah.”

 

Andri – Sukarame, Kota Banjar

 

SMS

Mang Darman nu gapték, manggihan hapé anakna nu geus boga salaki loba SMS asup. Ceuk pikirna, tangtu anakna geus salingkuh sabab loba kacaritakeun nu salingkuh mah remen SMS-an.

Laju ngageroan  anakna nu hiji deui, Mang Darman laporan bari ngiming-ngiming hapé.

Anakna: “Piraku si Étéh salingkuh ah, barina gé dina enyana teu usum SMS-an kiwari mah, Bah. Usumna salingkuh dina WhatsApp.”

Mang Darman laju nitah mukaan eusi SMS-na nu nyurigakeun. Anakna kuat babarakatakan lantaran ratusan SMS nu dibukaan tina hapé lanceukna, eusina ti operator wungkul.

 

Komsut – KBB

 

MONO

Rian: “Mah, ari pameget nu gaduh dua istri disebat naon téh?”

Mamah: “Poligami.”

Rian: “Ari hiji istri?’

Mamah: “Monogami…”

Rian: “Saur Papah mah mono… ton.”

Mamah geuwat ngajengkat ka kamar rék ngababuk Papah.

 

Komsut – KBB