Nasution Co

Bagong Kajajadèn

Ku  Ajat S. Komar

Bulan ngagantung di langit Lembur Sawah Ngampar. Angin halodo tingsalèor ngendagkeun tatangkalan, kalakay rabeng marurag kasapu angin. Sora gaang kadèngèna lir nu midangdam, mawa geueuman kaayaan. Diman ngalaan tulak panto tepi ka nyoara nyorolok, ngahaja tulak tèh ku bedog. Bongan geus mèh sabulan ieu, lembur diranjah bagong.

Naha begu ti mana? Puguh gè matak hèlok teu gugur teu angin, jauh ka leuweung, anggang ka reuma bet aya bagong kumalampreng ka jero lembur. Atem pamajikan Diman, nènjo salaki ngalaan tulak, keur nyangkèrè ogè tibuburanjat norojol ti kamarna.

“Kang, badè ka mana deui? Keueung,” cẻk Atem leungeunna meulit kana cangkèng Diman. 

“Apan rèk ngaronda, boa batur geus ngadaragoan,” cèk Diman bari ngudar leungeun anu mingkin meulit, bangun embung ditinggalkeun.

“Wèngi ieu tong ka luar abdi sieun,” Atem ngaléndot, leungeunna nyasar kana jeroeun calana trèning salakina. Diman nepi ka ngalenggak basa  leungeun Atem ngusapan.

“Nanaonan, ieu tèh ah! Atuh moal kaur indit,” Diman ngèpèskeun semu kalékéd. Gejlig turun ka buruan.

“Kang!” Cẻk  Atem ngajanteng nganteurkeun ku teuteup nu ceuleuyeu.

“Kadè poho, panto tulakan deui!” Diman tuluy noyod leumpang teu malirè ka nu gegeroan.

“Akang. Kang Diman!” sora pamajikanana meupeuskeun simpèna peuting.

“Keun, isukan urang tuluykeun,” cèk Diman ditungtungan ku ngahèhèh. Manèhna kebat leumpang muru pos ronda. Lèngkahna dipirig ku napas anu beurat, mungguh ku panasaran tilu peuting noron manggihan bagong susungkur kana taneuh. Basa dikepung geus samakta marawa  pakarang, nu diburu  luncat kana pager buruan imah  Oyib, ka kidulna ngebat ka imahna Suèb.

Unggal dikepung, bagong tèh lumpatna ka dinya. Tuluy ngereles teuing ka mana. Nepi ka loba anu nyangka lain bagong samanèa. Bagong kajajadèn puhitan Oyib cenah. Utamana keur nu baroga harta, boh duit boh perhiasan kudu parimpen neundeunna. Aya nu nyimpen  dibungkus ku kantong kèrèsèk hideung tilu rangkep. Atawa disesepkeun dina lambaran Al-Quran ambèh aman, meureunan. Atem gé pipilueun  der duit disusupkeun dina jero kutang, ari keur sarè leungeun Diman palid kana dadana, guriwel lokètna kacabak.

Nepi ka pos ronda aya nu morongkol di bèh juru. Ku Diman ditempo beungeutna horèng Akum, teu talangké diguyah-guyah bisi kajongjonan sarèna.

“Hudang, Kum! Hudang!”

Nu morongkol tèh hudang, najan kalékéd ogé. Ngan sungutna teu jempè, panonna angger peureum. Horéng ngalindur.

“Bagong, bagong, pegat! Lumpatna ka dinya,” biwir Akum ngabudah, curukna tutunjuk.

“Dasar jalma weureu! Digeuingkeun kalah gundam,” kojèngkang Diman nyokot cai hèrang dina gelas nu nyampak di dinya. Regot diinum, sebrot diburakeun kana beungeut Akum. Sasaran gancang ngalieuskeun beungeut, terus disusutan ku sarung.

“Ku naon ari Akang, bet mura!” Panon Akum molotot ka Diman.

“Menggeus deuleu! Teu pantes molotot gè bari luway-liwey kitu!” Cẻk Diman malik muncereng ka Akum.

“Kuring, ngimpi bagong asup ka imah. Nya dikepung. Lumpat ka luar pada nuduhkeun, ngan kuringna kaburu dihudangkeun. Jaba dibura deuih,” cẻk Akum camberut dibarengan ku ngaliwey.

“Matak ogè ari sarè tong kebluk, Sarkum!” Cèk Diman gèk dina biwir gardu ronda.

“Ari Oman, jeung Dadun Ka marana?” Ngomong kituna tẻh Diman bari marinkeun gelas ka sisi bilik, bisi katajong tayohna.

“Ngontrol lembur, kawasna sabot uing sarè,”cèk Akum bari memener sarung tuluy diharudumkeun. Meunang sajongjongan euweuh nu nyarita, boh Akum boh Diman dina hatènna bangun keur mikir sewang-sèwangan. Beuki dieu ku Diman karasa asa tambah  èar, ngeunaan pangeusi lembur ibur, unggal peuting Malem Salasa jeung Jumaah cenah bagong tèh datangna. 

Malem Salasa kamari cenah, Yoyo gujrud meregokeun nu susungkur di hareupeun imahna. Basa manèhna pareng nyaring panasaran aya sora nyurigakeun nya ditempo ka luar. Ari brèh nu susungkur bari segrak-segrok. Manéhanana awahing ku sieun blus deui ka imah nulakan panto. Keur mah sok kokolot begog asa pangnyahona, kana sagala urusan nu aya di Lembur Sawah ngampar. Isukna pamajikanana, alèwoh duit nu ditunda dina hambalan lomari pakèan, leungit saratus rèbu. Cop wéh yén salakina pisan anu nyokotna. Atuh dibéjaan bisi kèrok basa ngitungna, henteu da sidik cenah sajuta lima ratus rèbu, teu nginjeum deuleu ka deungeun, meunang arisan ti Ceu Imas minggu kamari.

Lain deui bèja nu katarima ti Jaja mah. Nènjo bagong ngurilingan imahna Malem Jumaah mangkukna. Geus aya kana tilu kuriling kaopatna ku manéhna dibabuk babajègna, ngan hanjakal ngabulasin mokaha mun beunang tèh, da ngaheumbatkeunana sataker tanaga tadina hayang nyaho, saha di antara urang Lembur Sawahngampar nu pinceg sukuna. Duit ladang sègon ti Kèmèd, weuteuh teu cocèng da dibulen ku kantong kèrèsèk hideung tilu rangkep, ditambahan jimat.

Ngeunaan bagong kajajadèn di Lembur Sawahngampar geus jadi bukur catur, balarèa. Ibu-ibu ari balanja ka warung Bi Cinong terus ngarumpi, lain gura-giru ngasakan nu dibeulina. Ngadon der asa pangnyahona ngobrolkeun bagong kajajadèn. Aya sari-sari dileuwihan dina nyaritakeunana ambéh nu  ngadarèngèkeunana pogot. Malah teu kurang anu nepi ka disusulan ku anakna, ari sangu geus ngajaragrag deungeunna mah can aya. Malah Ceu Idah mah anakna ceurik hayang pais tahu. Indungna balanja can muntruk-muntruk ka imah. Da ngadon ngagorah bab bagong kajajadén anu can karuhan bener teu benerna.

Sabot Diman jeung Akum, tingharuleng, ti bèh kalèr  raèng sora  patingcorowok. Ditèma ku sora kohkol ditihtirkeun. Tangara kudu karumpul.

“Aya, naon? Aya naon?” tingtorojol ti saimahna-saimahna, aya nu diharudum sarung. Komo awèwè mah ngalèlèkè, bebendeléhan. Kabèh buriak muru datangna sora kohkol anu teu eureun dititirkeun.

Diman ngaberetek, dituturkeun ku Akum. Bari nyamber paneunggeul muru sora nu mingkin tarik.

“Pegat! Tah lumpatna ka belah kiduL!” Cèk sora ti kalèr,” mungguh teu puguh dèdèngèan sabenerna mah. Anu ceuceuleuweungan, sidik sora Dadun jeung Oman. Jalma-jalma ijigimbrang muru nu teu eureun gogorowokan meupeuskeun  jemplingna peuting.

“Takul ! Euy lebah buruan Oyib !” Nu tingcorowok mingkin narikan, ditèma ku tinggarebligna suku nujah lemah. Diman teu cicingeun, ku hayang nènjo èta bagong lèosna ka mana? ngagajleung miheulaan nu tinggorowok, srog mah ka buruan imah Oyib bet teu bisa kebat kawas sasari wè, ukur bisa nyerangkeun luareun pager jangkung. Malah manèhna teu nénjo nanaon, tong boro bagong nu ngaluncatan pager dalah teu neuleu ringkang-ringkangna acan. Ngan tilu peuting harita wé, basa Diman keur ngontrol ka lebah dieu manèhna kungsi  nganyahoankeun aya ringkang anu disangka bagong lumpat, luncat kana pager imah Oyib.

Tilu peuting noron, basa nyuluran Dasèp jeung Jubad teu bisa ngaronda alatan marondok di imah lanceukna, nu kapapatènan, jeung giliran rondaan manèhna.

“Lumpatna, ka mana Kang? Urang udag,” cèk Akum mani hariweusweus kawas budak boga cocoan anèh, bèbèja ka bapana.

“Nyao teuing Kum, da teu katènjo bagongna gè,” Diman  bangun seunggah nèmbalan pananya ti Akum. Tambah èar di mana-mana nu nyaritakeun ngeunaan begu sok susungkur di Lembur Sawahngampar tèh. Bèda-bèda pamanggihna. Warung Bi Cinong beuki haneuteun, lain baè ku nu baralanja, ogé ku anu nambahan bèja teu pikangeunaheun keur pamajikan Oyib, sifatna Engkom. Nepi ka  manéhna ngontrog ka Bi Cinong teu narima salakina dituduh nyegik.

“Alus nya, warung tèh lian ti nyayagian kadaharan jeung sayuran, dipakè ngomongkeun batur!” Engkom harita nyirintil bongan warung Bi Cinong dipaké nyangka nu lain-lain ka salakina.

“Saha nu teu nyangka ka salaki manèh, cenah unggal dikepung apan lumpatna matuh ka buruan didinya, Sarkom!” Cèk Bi Cinong bari malik nyirintil ka nu ngajangteng, hareupeun warungna. Sora Bi Cinong nyoroscos ditèma ku Engkom nu nèrèwèlang, teu tarima salakina disangka muhit bagong cegik.

Lar Diman ngaliwat ka lebah dinya bari ngajingjing kuring manuk. Maksudna rèk nyimpang meuli parab manuk, ka kios Bah Juhro. Keur maraban manuk èkèk anu geus ditawar ku Suèb haregana lumayan undak. Nènjo nu keur silih rèntog, komo ngadèngè sora Bi Cinong nu sugal garihal. Kurung manuk téh diécagkeun, tuluy misah nu paséa tepi ka  mèh baè Diman ngajengkang alatan tanaga Bi Cinong sakitu rosana, bangun kasandingan.

“Sugan mah, sia bagong bikangna Cinong! Mani hèsè dipisah tèh.”  Bari kek leungeunna dicekel, tuluy  dibedol ku Diman. Engkom lèsot tina heumpikan Bi Cinong laju nurut, kana panitah Diman balik ka imahna.

Ceg deui manèhna kana kurung, tuluy muru kios Mang  Juhro, kebat ngajugjug imahna Suèb. Orokaya leungeunna karasaeun pareurih kacakar ku nu tadi pasèa. Sajeroning leumpang hèmeng ku kaayaan lembur. Nu laleungit duit, nu ngalindur kawas Si Akum, nepi ka nu pasèa apan gara-garana nyoko kana bagong kajajadèn. 

Manuk èkèk rèk dibeuli ku Suèb, manéhna  atoh haregana jadi punjul, ti panawaran samèmèhna. Geus kadèngè ti kajauhan gè sora manuk di jero kurung anu ngagarantung, jeung kelatan mani laluhur. Anjog ka nu dituju pangeusi imah simpè bangun keur indit. Diman ngalungsar dina tèras bari nyusutan kèsang, ku tungtung kamèjana. Inguan Su’éb rupa-rupa lain waè manuk, dalah ka monyèt-monyẻt ogé aya sababaraha kandang. Munasabah pagawèanana paninggaran, tukang moro.

Di jero, kadèngè ku Diman sora nu ngambek. Teu salah deui éta téh soara bapana Su’eb, alias Bah Sobri.

“Rèk indit-inditan heug sing tarapti, bagong geus tilu peuting ngencar! Da taya hakaneun, barina ogè sagala teuing diingu, balikeun deui ka gunung geulis! Jalma salembur ibur majar bagong kajajadèn!”Kitu nu kadèngè ku Diman. Panasaran korèlèng manéhna ka tukang, ku Diman kantènjo aya wangunan leutik kawas kandang domba. Brèh di jerona aya nu  depa. Bedul ! Ana disidik-sidik geuningan bagong. Paingan sok lumpatna ka buruan Oyib, da ngawates jeung pager buruan Suèb. Ana kitu tètènjoan manèhna harita henteu nyalahan, bener bagong lain sabagong-bagongna tapi bagong inguan lain kajajadèn sakumaha anu diiburkeun ku salelembur. 

Basa manèhna rèk ngetrok panto, Bah Sobri kadéngé ngomong deui.

“Urus hakaneunana! Ulah sina kabur deui!” Bah Sobri katénjo turun ti jero imah.

“Asup  Diman! Si Suèb aya di jero!”Cenah basa ningali manèhna ngajanteng hareupeun panto.

Teu kungsi sup, Suèb kaburu norojol. Rèt kana kurung tuluy dibukakeun lawonna, tuluy ngageroan Diman. Sok ngeupeulkeun duit. Teu ngomong tèh bieu tas dicarèkan ku bapana karunya rèk tatanya ka Suèb, bisi nambahan katugenah mun manèhna milu ngomong.

Sanggeus amitan, manéhna ngincid. Aya hadéna keur Diman, ngalèngkah ka imah Suèb. Da tadina manèhna di jangjian, manuk èkèkna rèk dicokot ku Suèb ka imahna. Duit meunang, bagong nu sabenerna, geuningan kanyahoan. Nu puguh mah dipakè kasempetan morot duit simpenan pamajikanana. Sakumaha diiburkeun ku Oman jeung Dadun, cenah Yoyo laluasa unggal gujrud  aya bagong bisa ngarawatan duit saratus rèbu tina hambalan, lomari pakèan.

Tuluy dipakè nyawèr biduan dangdut. Ari Jaja teu bisa samemena, duit pamajikanana mah dibulen ku kantong kèrèsèk tepi ka hèsè dipalingna. Bi Cinong ngagunakeun taktik ambèh payu warungna. Akum api-api mindeng ngalindur, èkol ambèh piandel ku pamajikanana pédah kungsi  ngajual perhiasan dina cepuk. Geus karuhan akal-akalan pangeusi lembur Sawahngampar mawa bèja pamohalan benerna. Diman gilig rèk ngabèwarakeun ka kabèh warga, ngeunaan bagong kajajadèn ukur bèja bohong ulah dipercaya. Jeung karunya deuih ka ibu-ibu unggal peuting leungiteun duit simpenan, sabenerna nu jadi ulon-ulon téh nya salakina.***

Rancakendal Rancaekek Awal Fèbruari 2019

Katerangan:

Seratan Puriding Puringkak nu judulna Bagong Kajajadèn karya Ajat S. Komar kantos medal di Manglé No. 2765.