Carnyam Déni Riaddy
(Bagéan 5)
Mun beurang mah, Ciptagelar téh nyuguhan alam nu éndah, matak tingtrim. Anapon reup peuting, mangsana matapoé reureuh, Ciptagelar lembur nu jauh ka ditu-ka dieu téh nyuguhan kahirupan nu teu jauh ti kahirupan lembur-lembur séjén di pasisian. Teu nyangka sacongo buuk. Nu ceuk taksiran mah asup peuting bakal poék mongkléng, nyatana mah hurung mancur.
Ieu kabéhna téh ceuk urang Ciptagelarna sorangan ge kusabab yasana Abah Ugi. Abah Ugi nu resep kana utak-atik pakakas éléktronik. Asup ka lingkungan masarakat Ciptagelar, Abah Ugi lain ukur dalit jeung listrik, hapé, ogé radio. Tapi keur lingkungan nu aya di sabudeureun Ciptagelar mah Abah sorangan ngahaja nyieun stasiun televisi sagala. Sagala rupa kapentingan nu aya hubungana jeung kasepuhan Ciptagelar, biasana sok dibéwarakeun dina radio atawa televisi sorangan.
Jalan-jalan peuting bari usum halodo, sanajan listrik hurung hérang di sabudeureun kampung, teu bisa ngéléhkeun tirisna hawa nu nyulusup kana tulang sungsum. Cacak maké baju tilu rangkep jeung jékét, tirisna mémang luar biasa. Dadaékanan sotéh jalan-jalan peuting bari ngahodhod, pedah dibaturan ku Lis. Leuwih pasna mah meureun pédah ngabaturan Lis. Jeungna deui rada kabangbrangkeun ku ayana caang bulan jeung kumelipna béntang di langit. Tapi da leuwih utamana pisan mah, leumpang dibaturan ku Lis.
“Tirisna kabina-bina nya, Kang,” Lis nanya tapi siga nu teu perlu dijawab.
“Ku Akang urang bari ditangkeup atuh nya?” cekéng téh ngawani-wani karep.
“Ulah ah bisi aya budak nu ningalikeun,” pokna téh.
Leumpang duaan bari ngobrol sagala rupa, teu karasa geus anjog ka sisi lembur. Lampu listrik katempona dipasangna rada nenggang. Sorot cahyana teu pati caraang teuing cara di tengah lembur. Lalaunan leungeun kénca kuring pindah kana taktak Lis. Leumpang antaré. Beuki deukeut, beuki rapet. Biwir kuring jeung biwir Lis teu wani ngaluarkeun sakecap kalimah naon ogé. Sajongjonan mah camékbrék. Tiiseun taya piobroleun.
Sajajalan tiiseun. Lain ku pada-pada éra, nu karasa ku kuring mah keur sarua papada ngararasakeun éndahna hirup di dunya.
“Kang, ih, isin tuh aya jalmi,” pokna basa katempo aya nu keur mirunan di taneuh nu leuwih luhur.
“Moal nanaon, Lis, éta mah Kemit nu nuju jaga di pakemitan,” ceuk kuring nengtremkeun Lis.
Beuki deukeut mingkin atra, Kemit keur ngasur-ngasurkeun balukang kana pirunan. Tangkal nu direcah jadi suluh katempona geus jadi areng, ngaluarkeun ruhak kakoréhkeun ku balukang anyar. Disampeurkeun bari ditawaran roko.
Ngobrol sakecap dua kecap jeung Kemit, lajuna neruskeun deui leumpang bari leungeun teu lésot tina taktak Lis. Diranéh sajajalan. Matak betah. Lila-lila mah leungeun Lis ogé nangkeup kana cangkéng. Tiisna hawa dumadakan sirna. Hawa asa beuki ngahaneutan tapi biwir teu bisa kedal nanaon. Saruana jeung Lis.
“Lis, urang calik sakedap yu di ditu!” bari nuduhkeun korsi panjang di warung nu geus tutup.
“Aya naon, Kang?” semu nu kagareuwahkeun.
“Ulah bendu tapina nya, akang badé naros ka Lis,” cekéng téh basa geus diuk bareng. Tangkeupan dilésotkeun, gantina rémana diranggeum ku réma kuring. Réma-réma pataréma. Lis teu nolak, teu nyarék.
“Muhun aya naon, Kang?”
“Akang nyaah ka Lis téh. Deudeuh ka Lis. Akang mikaasih Lis. Lis kersa janten nu akang?” Ditanya kitu téh, Lis bangun nu reuwaseun. Ngahuleng sajongjonan mah. Tayohna mah dumadakan teuing meureun.
“Naha bogoh ka Lis, Kang? Teu lepat kitu? Di Jakarta mah seueur nu gareulis. Nu maléncrang. Tuh sapertos béntang pélem, penyanyi atanapi artis sanésna gé pabalatak di Jakarta mah. Kunaon palay ka Lis?” Lis nanya maké kalimah nu panjang.
“Rasa mah teu tiasa dibohongan, Lis. Teu tiasa ditipu. Tiasa waé milarian urang mana gé, tapi haté akang mah ngaitna ka Lis,” ceuk kuring bari ngusapan taktakna.
“Akang nyalira pan uninga, Lis tos gaduh carogé. Pisakumahaeun teuing engké pami kajantenan téh. Cacak ayeuna waé gé, Lis sieun kapendak ku barudak mahasiswa,” ceuk Lis keukeuh, “Saur Lis mah, mending urang réréncangan wé yu. Urang janten sobat. Kumaha, Kang?”
“Alim ah janten sobat mah…”
“Kumaha pami janten rai raka atuh?”
“Kantenan alim janten rai raka mah.”
“Naha?” Lis nanya.
“Rai raka mah teu kénging aya rasa bogoh atuh,” cekéng.
Lis ngahuleng dikitukeun téh.
“Nya, Lis, tos wé lah Lis janten kabogoh akang ti kawit ayeuna!” kuring siga nu satengah maksa.
“Hatur nuhun, Akang, tos mercantenkeun cariosan ka Lis. Lis ogé nganuhunkeun pisan ku kajujuran Akang tos nyarios langsung ka Lis. Nyariosna teu ngalangkungan telepon, kantenan WA mah,” Lis narik napas heula rada jero, “Sanaos kitu, hapuntenna, Lis moal tiasa kanggo ayeuna-ayeuna mah. Duka énjing pagéto mah naha bakal robih pamadegan. Urang mah pan teu terang naon nu bakal kajantenan énjing.”
Ayeuna kuring nu ngahuleng. Aya rasa hanjakal. Hanjakal maké kudu kedal ucap kitu. Kétang kapalang baseuh ayeuna mah. Kapalang geus kedal. Kari kumaha engké wé ka hareupna mah. Kuring unggeuk.
“Ayeuna mah kieu wé atuh Lis, Urang sami-sami émutan deui wé nya. Saha nu terang, énjing akang mendak wartos nu ahéng,” cekéng téh.
Langit béngras. Halimun peuray nyésakeun ciibun nu geus mimiti maseuhan bumi. Kampung Ciptagelar nu masarakatna bajoang Saumur-umur pikeun ngajaga kasaimbangan alam jeung kahirupan manusa, bakal nanjeur mangabad-abad ka hareup. Isukna, kuring ogé rombongan mahasiswa nu diasuh ku Lis ninggalkeun Ciptagelar bari mawa carita séwang-séwangan. Carita nu hamo diteundeun di handeuleum sieum.
Bandara Schiphol – Walanda. Wanci haneut moyan. Hawa 12 derajat. Sumedeng tiis keur kuring nu arang langka lunta ka nagri deungeun, utamana ka Éropa. Bén Walenkamp nu jangji rék mapagkeun, saenyana geus nyampak di tempat.
“Net na de winter wil ik de lente ingaan, dus de lucht is ook warm. Geschikt voor straathoekwerkers zoals wij. Karék béak winter asup ka Spring, jadi hawana haneut karasana. Pas keur pagawé jalanan kawas urang mah,” ceuk Ben, basa ku kuring ditanya ayeuna keur usum naon.
Ti Bandara Schiphol naék karéta, langsung ka kantor Yayasan Tegen-Beeld, tempat Bén ngantor di Jalan Breestraat 70, Leiden. Kana karéta ti Schiphol ka Leiden ukur satengah jam, turun di stasion Centraal Leiden. Lajuna ka tempat parkir, da Bén neundeun mobilna di tempat parkir hareupeun stasion.
Sapuluh menit geus aya di hareupeun kantor Yayasan. Mun di urang mah siga ruko tilu tingkat gedongna téh. Pagigir-gigir jeung Apotheek Central Leiden. Hareupeunana aya toko buku Boekhandel De Slegte.
“Kurang leuwih saratus méter ti dieu ka tukang, Asép bakal panggih jeung kanal nu kakoncara di dunya, ngaranna Nieuwe Rijn,” ceuk Bén bari nuduhkeun ku curukna ka parapatan nu aya gigireun apoték. (lajengkeuneun)