Carnyam Déni Riaddy
(Bagéan 6)
“Aya naon kitu di kanal éta téh, Bén?” kuring panasaran.
“Niewe Rijn téh kanal nu dijadikan salasahiji wisata kota Leiden. Kari naék parahu, urang ké bisa nempo sagala rupa,” cenah nerangkeun.
“Sagala rupa téh naon baé, Bén?”
“Nya rupa-rupa. Naék parahu bari lalayaran di kanal ieu mah, urang bisa nempo molen kai paranti ngagiling gandum, ngaliwat ka Universitas Leiden, Musieum botanik. Ti kanal ieu ogé, urang bisa ningalian arsitéktur antik nu jadi ciri has Walanda,” Bén nerangkeun bari pepeta. “Heuh iraha rék asup ka kantor atuh ngobrol bari ngajanteng di sisi jalan kieu mah. Hayu ah…!” Cenah deui, bari ngajak ka jero.
Di kantor yayasan, geus nyampak genep urang nu jadi staf Bén. Diwanohkeun saurang-saurang. Ka dituna mah ngobrol sagala rupa. Staf-na téh kabéhna aya sapuluh urang, ceuk Bén. Tapi nu séjénna masih aya tugas di luar.
Yayasan Tegen-Beeld nu ngondang kuring datang ka Leiden téh. Inyana nu ngaalpukahan jeung ngokolakeun proyék nu ngaranna “Dicht op de muur” atawa biasa ogé disebut “Wall Poems”.
Pihak Yayasan boga tugas milih puisi legénda nu aya di saampar dunya. Terus éta puisi téh ditulis mangrupa mural dina témbok bangunan nu lokasina stratégis di kota Leiden. Muasalna mah, waragadna maké duit Bén jeung Jan-Willem Bruins. Basa proyékna geus jalan, nya disumbang ku pangusaha-pangusaha lokal. Kabéhdieunakeun pihak Walikota Leiden ogé milu ngawaragadan.
“Capé teu mun ayeuna urang mimitian tur?” ceuk Bén.
“Jét-lég saeutik, Bén. Wajar atuh opatlas jam ngapung. Tapi kétang da kuring mah di kapal gé ukur saré. Ku sagelas kopi sigana mah nu bakal matak cénghar deui téh geura,” témbal kuring seuri, bari dituturkeun ogé ku Bén jeung nu aya di dinya.
“Bisi salah tarima ieu mah, engké dina waktuna nganteur Asép, moal maké mobil nya. Ngurilingna urang maké sapéda wé. Bisa lin naék sapéda mah?”
Kuring unggeuk bari seuri. Paingan ceuk internét gé, Leiden mah kota Sapéda.
Jam 11 beurang waktu Leiden, kuring jeung Bén kaluar ti kantor yayasan. Nu dituju Puisi #1 nya éta puisi beunangna Marina Ivanovna Tsvetajeva nu judulna Aan mijn verzen. Puisi urang Rusia ieu téh, ayana di Nieusteeg 1.
“Kami nyieun mural puisi munggaran téh nya puisi beunangna Ivanova. Dimuralkeun taun 1992 da karék taun harita meunang ijinna. Ieu mural perenahna di gedong Templum Salomonis,” Bén nerangkeun, basa geus tepi ka nu dituju.
Kuring ukur bisa ngembang kadu nyaksianana. Gedong nu sakitu alusna, aya di hook atawa di juru parapatan, terus dijieun mural nu eusina puisi. Sapertilu témbok gedong pinuh ku hiji puisi nu diwangun ku tilu engang.
Poé ka hiji bisa nguriling kota Leiden bari nyakséni mural nu sakitu éndahna. Lantaran ukur satengah poé, jadi targét poé ieu mah ukur sapuluh mural nu kapapay téh.
Dina poé kadua, lumayan bisa mapay 17 tempat. Jadi dua poé geus bisa nempo 27 puisi nu dimuralkeun. Papanggihan dina poé nu kadua mah rada ahéng da apal kana ngaran salasasahiji penyairna: William Shakespear nu legéndaris téa.
Poé katilu mah teu ngurut kacang cara dua poé kamari. Bén ngajak langsung ka mural nomer #31 nu dijieun dina témbok imah di jalan Kernstraat.nl no. 17a. Kuring sorangan teu nanyakeun kunaon-naonna. Mana kitu gé meureun manéhna geus nyiapkeun rencana ti anggalna.
Anjog ka nu dituju, kuring asa ditonjok congcot. Bungah. Reueus. Ah pokona sagala rasa nyelek dina dada. Nyatana dina témbok téh aya puisi Chairil Anwar, ‘Aku’. Ditulis dina basa Indonesia. Jadi ngan hiji-hijina wawakil ti Indonesia mah. Hiji-hijina puisi buatan Indonesia nu dijadikeun mural di Leiden. Séjénna mah rupa-rupa. Aya nu maké basa Rusia, Arab, Cina, Jepang, Turki, Maroko, Portugis ogé Suriname. Ngan lolobana mah maké basa Inggris jeung Walanda.
Dina suratna nu dikirimkeun ka kuring waktu masih di Jakarta, Bén nandeskeun, yén kuring téh diondang pikeun nulis puisi nu jadi legénda di manca nagara, nu ngahaja dijieun muralna dina témbok. Dina suratna ogé Bén nyebutkeun aya 110 tempat nu bakal dijugjug. Harepanana kuring bisa nulis kaayaan nu sabenerna, saha nu nyaho bisa diturutan ku seniman Bandung gawé bareng jeung pamaréntah ogé pangusaha.
Coba mun jatah ondanganana keur duaan. Kuring pasti ngarékomédasikeun Lis nu miang ka dieu. Emh! Enya, seug indit ka Leiden téh jeung Lis. Pasti bakal loba katineung. Jaba pan Lis mah mémang bagéanana, ngajar sastra di kampusna gé. Leuwihna ti kitu, pan Lis mah lila di Leiden. Paling henteu dua taunan da nyokot program doktoralna pan di dieu. Asik pisan mun aya téh, bisa ulin mun meneran aya waktu nyalsé. Da pasti hatam daérahna inyana mah.
Aéh jadi kaingetan. Lis kumaha béjana ayeuna nya? Basa kamarina ngapung téh teu ngiberan Lis. Rariweuh tuda, loba uruskeuneun. Ka kedutaan lah, beberengkes, nukeurkeun duit. Pokona mah nyiapkeun sapuratina.
“Bén, cikan ménta tulung lah, pangmotokeun kuring maké latar puisi ‘Aku’, nya!” bari song hapé di ka Bén-keun.
Jeprét! Jeprét. Song dibikeun deui ka kuring. Laju dipilih salasahiji poto nu pangalusna, terus dikirimkeun kana WA Lis. Rérés ngirim, hapé disakuan deui.
Leungeun masih dina saku kénéh, basa hapé disada. Hébat di Walanda mah, WA-an gé langsung dibales. Ukur detik jarakna. Hapé dikaluarkeun deui. Dibuka WA-na. Enya wé, Lis ngabalesan. Diklik. Bray téh. Lis ngirimkeun poto “Aku”-na Chairil Anwar. Ngan motona ti kajauhan. Panasaran. Kuring culang-cileung.
“Lis di mana?” ceuk kuring dina WA
“Akang nuju di mana?” Lis ngabales. Sigana sarua meureun, Lis ogé nanyakeun sanggeus muka WA kiriman ti kuring. “Lis nuju di Leiden, Kang. Punten teu ngawartosan ti anggalna, da Lis mah mung sakedap di dieuna gé,” cenah deui.
Kuring luak-lieuk ka tukang, da sidik hareupeun mah euweuh sasaha. Tukangeun, aya gé rombongan mahasiswa nu keur studi. Sigana ngahaja rék ka dieu.
“Akaaaaang!” ti tukangeun rombongan mahasiswa, aya nu ngagorowok.
Asa ngimpi. Di nagri deungeun aya nu nyalukan ‘Akang’. Can katempo saha-sahana mah da masih kahalangan ku mahasiswa nu jarangkung. Ngan katempo aya leungeun nu keur ngacungkeun hapé dina keupeulanana. Nilik tina sorana mah moal nyalahan; Lis.
“Lis!” kuring ogé satengah ngagorowok. Lis kaluar tina rombongan mahasiswa nu keur laleumpang, lumpat miheulaan. Srog pahareup-hareup. Sasalaman diteruskeun ku cipika-cipiki, bari Lis mah haruhah-haréhoh.
“Lis, nuju naon deui? Ti iraha? Sareng saha? Akang mah teu ngimpén-ngimpén acan bakal pendak sareng Lis di nagri nu jarakna puluhan rébu kilométer ti lemah cai,” cekéng téh, bari ramona diranggeum teu dilésotkeun.
Méméh ngajawab, Lis seuri heula. “Abdi ti dinten minggu kamari di Leiden, Kang. Ku Profesor waktos kuliah ti payun, dipiwarang masihan kuliah umum perkawis Budaya Indonesia, hususna Budaya Sunda, kanggo mahasiswa Fakultas Sastra Universitas Leiden. Numawi mung sapuluh dinten di dieuna gé. Akang aya acara naon di dieu?” Cenah.
“Sok atuh ieu nepangkeun, Bén. Bén Walenkamp,” ceuk kuring bari ngarérét ka Bén. Tuluy pok ka Bén, “Bén, ieu Lis. DR Lis, ti Bandung.” (lajengkeuneun)