Nasution Co

Biluk Jeung Salingkuhan Si Bapa

BILUK

Tadina mah pamaréntah nitih cicing di imah téh salila dua minggu. Tapi aya hawar-hawar deuk nepi ka tungtung Méi. Atuh Rusli jadi ngarahuh.

Rusli: “Cicing di imah alatan mahabuna virus Corona. Mun éta paréntah téh nepi ka tungtung Méi, kumaha uing bisa boga duit deuk nyanghareupan puasa jeung lebaran?”

Riki: “Maké jeung kudu melang. Éta téh ciri pamaréntah biluk ka jalma pantar kuring.”

Rusli: “Har biluk kumaha?”

Riki: “Jadi lain ukur nu ngalanggur nu moal balanja téh, nu baroga duit gé sarua teu balanja da pasar tarutup!”

 

Yuyun Yuningsih – Kawali, Ciamis

 

CICING DI IMAH

Paréntah sangkan cicing di imah téh kari tilu poé deui. Jumadi mah hayang paréntah éta ditambahan nepi ka Rayagung, najan indungna mah geus kaluman.

Indungna: “Mun kieu waé mah rék nékad ka pasar.”

Jumadi: “Ulah luluasan Ma. Nurut wé kumaha ceuk pamaréntah.”

Indungna: “Cicing di imah ari teu ngéjo mah sarua jeung nyiksa.”

Jumadi: “Mun keuna ku virus Corona kumaha?”

Indungna: “Manéh tah katerap virus pangedulan mah. Mobok manggih gorowong aya paréntah cicing di imah téh.”

Jumadi: “Enya pan tungtungna mah Jumadi loba balad jadi kaum gégéléhéan. Héhé.”

Indungna: “Nyao ah. Manéh beuki horéam wé nyiar pagawéan téh.”

 

Yuni Nurmaladéwi – Singaparna, Tasikmalaya

 

BÉDA PAMIKIRAN

Awan, Karim, jeung Malik, boga pikiran nu béda mun pamaréntah ngalaksanakeun karantina masal.

Awan: “Bakal jadi gendut. Pagawéan barang dahar wé jeung maén gim cacing.”

Karim: “Sigana mah kulit bakal ngaberesihan da moal papanasan.”

Malik: “Uing mah bakal leuwih begang.

Awan jeung Karim: “Naha?”

Malik: “Teu bisa gawé di imah, ku pabrik teu digajih, kumaha bisa mayar cicilan akulaku, shopeepaylater, jeung Home Credit?”

 

Yulia Risnawati – Padalarang, Bandung Barat

 

SALINGKUHAN SI BAPA

Si Oma geus kelas genep tapi can kungsi nelepon. Hiji waktu dititah ku indungna nelepon bapana nu keur kuli di dayeuh.

Indungna: “Kumaha ceuk Bapa manéh téh? Iraha rék mulang?”

Oma: “Geus sababaraha kali ditelepon tapi lain si Bapa nu némbalan.”

Indungna:“Mun lain Bapa manéh, saha atuh?”

Oma: “Sora awéwé, Ma. Sorana halimpu pisan.”

Indungna: “Baruk?” (reuwas, moal jauh tina panyangka, salakina boga salingkuhan)

Oma: “Pék dicobaan ditelepon ku Ema geura!”

Indungna ngajéwang hapé, tuluy mencét nomer salakina. Tapi nu némbalan ukur sora operator awéwé. Nyel, pindah kakeuheul ka anakna.

Indungna: “Kumaha tah nyaritana salingkuhan Bapa manéh téh?”

Oma: “Némbalna angger, kieu cenah… telepon yang anda hubungi di luar jangkauan, atawa… nomer yang anda hubungi sedang sibuk. Kabogoh si Bapa éta téh, Ma?”

 

Komsut – KBB