Poé Minggu éta téh babaturan kuring meunang ondangan, hajatna di gedung Istiqomah Jalan Citarum. Harita keur usum nu hajat. Ondangan ti ditu ti dieu murudul, unggal minggu tara towong.
Dina poéan ondangan, babaturan tatan-tatan ti isuk kénéh. Lantaran can boga salaki jeung can boga beubeureuh, antukna manéhna ngajak kuring. Ari kuring diajak ka ondangan mah nya hayu waé. Bisa dahar haratis.
Pukul sapuluh biur muru Istiqomah. Indit téh maké motor nu babaturan. Nepi ka ditu kurang leuwih pukul satengah sabelas. Langsung parkir. Teu luak-lieuk heula, sup wé ka gedung. Mangsa keur meumeujeuhna lapar pikir téh. Ngahaja tadi di imah teu dahar heula.
Tamu nu datang kaciri gegek. Nu ngantay rék sasalaman ka pangantén ogé kuat ka panjang. Ti batan méakeun waktu keur ngantay, nya kuring jeung babaturan inisiatif muru heula tempat parasmanan. Langsung dahar. Tuluy néangan cuci mulut anu ararahéng.
Réngsé barangdahar, katénjo nu ngantay sasalaman téh geus ngurangan. Langsung milu ngantay. Teuing ku naon, barang téréh deukeut ka panganten babaturan bet metot leungeun. Gura-giru ngajak kaluar ti éta pasamoan. Sanajan teu ngarti gé angger wé ngiclik nuturkeun ka luar gedung.
“Aya naon?” pok téh basa geus nepi di tempat parkir. Babaturan ngahuleng. Beungeutna bangun bingung. Tuluy ngomé HP.
“Salah, lain nu éta ondangan téh,” pokna. “Nu bieu mah teu wawuh uing gé.”
“Na di mana atuh ari babaturan kawinna?”
“Teuing, ké nungguan heula béja ti babaturan. Pantesan tadi salila dahar euweuh nu wawuh saurang gé.”
Teu lila HPna disada. Langsung ditempo.
“Cenah di lantai dua, bieu mah lantai hiji. Untung amplopna can diabuskeun.”
“Ih, atuh dahar teu mayar bieu téh.”
Duaan saleuseurian. Duh, hapunten sohibul bait, nyuhunkeun ridona wé, ceuk kuring duaan bari tuluy leumpang ka lanté dua.***
Diwul – Bandung