Nasution Co

Diusir Kabogoh Jeung Ngadagoan Sembako

DIUSIR KABOGOH

Asana mah karék satengah jam Bobi indit deuk ngapélan kabogohna. Tapi jol kaciri balik deui, da biasana gé mun geus ngapélan téh sok mondok moék. Atuh matak hémeng keur Gunawan mah.

Gunawan: “Bob, naha geus balik deui apél téh?”

Bobi: “Naon karék gé nepi lawang panto geus dititah balik deui.”

Gunawan: “Naha bisa kitu?”

Bobi: “Enya baju urang barau wipol, da pas asup ka lemburna téh disemprot disinfektan ku pengurus di dinya, bisi datang mawa virus corona pajar téh.”

 

Éffendi Ghozali – Dago, Bandung

 

NGADAGOAN SEMBAKO

Aya tatangga anyar pindahan. Baning ku hayang wanoh, Sodik nangkring waé hareupeun imahna. Puguh matak kesel Ceu Nénah, indungna.

Ceu Nénah: “Kunanahaon ieu manusa, cicing waé di tepas!”

Sodik: “Ih, ari Ema, naha teu apal kitu urang téh bakal meunang bantuan ti pamaréntah,”

Ceu Nénah: “Bantuan naon téa Sujang?”

Sodik: “Bantuan keur warga nu numpi alatan corona,”

Ceu Nénah: “Terus naha Ujang cicing di tepas?”

Sodik: “Apan didagoan bisi kaliwat ku pengurusna.”

 

Tusilah Sekarwati – Cimahi

 

DAÉK NYEMPROTAN

Diki mah pamuda pangedulan. Tapi keur mahabu corona mah manéhna daék nyemprotan ka imah-imah. Éép atoh ningali sobatna jadi getol téh.

Éép: “Tah kitu semprotan. Imah urang kadé nya, ulah kaliwat.”

Diki: “Ah ku olangan wé,”

Éép: “Jih naha? Piragé tilu imah deui.”

Diki: “Da uing mah ngécéngna gé imah Putri. Iraha deui bisa asup ka imahna, da unggal deuk nganjang téh dihulag waé ku Bapana nu kumisna mancrit siga bujur meri.”

 

Ipan Suryawisésa – Kawali, Ciamis

 

KORONA

“Kamari mah aya ahli nu netelakeun yen korona teh bada labaran oge baris leungit deui. Atuh aktifitas masarakat nu salila ieu numpi di imah masing-masing oge baris siga sasari deui.”

“Tahu dari mana?” ceuk babaturan nu teu bisaeun basa Sunda.

“Tahu mah ya dari Sumedang atuh, Kang!” cekeng teh.

 

Wawan Hanafi – Sumedang

 

ULAH SAOMONG-OMONGNA

Yuli: “Matak ulah sok saomong-omongna apan ceuk kolot oge!”

Erna: “Ari kitu kumaha?”

Yuli: “Geuning taun kamari maneh boga harepan hayang kalender nu beureum kabeh, ngarah pere gawe jeung sakola sataun campleng! Tah siah, ayeuna kaalaman. Kumaha rasana pere lila gara-gara si korona teh?”

Erna: “Heueuh nya. Sugan teh bakal resep kalender beureum kabeh jeung pere lila teh, tapi geuning karek saminggu oge geus karesel, jaba hahargaan marahal, keur mahal teh langka deuih!”

 

Adili Suyadipura – Kopo, Bandung

 

AYA AWÉWÉ

“Bi, basa kamari ngaliwat ka imah bibi peuting-peuting, geuning di imah bibi aya awewe ngangais budak?”

“Nu bener maneh Amel? (langsung nyeuneu) saha awewena? Boa-boa Kang Budi teh ngalamangsari, duh boa-boa eta awewe teh menta tanggung jawab ka Kang Budi. Asa kuteungteuingeun teuing, nya kurang naon atuh ari bibi Amel? Saha awewena eta teh Amel? Urang labrak ku Bibi ayeuna keneh.”

“Apan awewe nu ngangais budak di imah bibi peuting-peuting teh, nya bibi sorangan jeung eta si ujang!”

 

Resti Yulianti  – Cibeber, Cianjur

 

OBROLAN TAUN 2070

Aki: “Harita, basa taun 2020 aya wabah panyakit korona nu ngageunjleungkeun di sakuliah dunya, loba nu tilar dunya di mamana. Aki oge beurat pisan harita bajoang ngalawang korona teh, tapi alhamdulillah aki bisa bajoang jeung terus hirup nepi ka kiwari.”

Incu: “Kumaha harita aki bajoangna ngalawang korona teh?”

Aki: “Cicing wae di imah.”

 

Kanta Sumanta – Cibiru, Bandung